Peperangan Banten–Walanda

Latar Belakang
[édit | édit sumber]Peperangan Banten-Walanda nyaéta paristiwa sajarah anu ngagambarkeun béndéng céwéngna Kasultanan Banten jeung Kompeni Dagang Walanda atawa anu katelah VOC anu dumuk di Jayakarta, kiwari kasebut Jakarta. Gurat badag ieu paristiwa di mimitian dina mangsa Pangéran Ranamanggala ti Banten maréntah sajumlah pasukan anu kurang leuwih lobana 2000 tepi ka 3000 urang sangkan miang ngarurug Jayakarta. Taya deui maksud anu dipalar lintang ti tujuan pikeun nyieuhkeun atawa ngusir urang-urang Kumpeni Walanda atawa urang-urang VOC ti Jayakarta. Saméméhna Pangéran Ranamanggala nyieun putusan, yén Kumpeni VOC teu dimeunangkeun pikeun dagang jeung ngokolakeun bisnis di Jayakarta, parendéné kitu pasukan Banten anu di iangkeun ku Pangéran Ranamanggala téh nu aya kalah ngaganggu Pangéran Jayakarta anu ngarasa yén Banten geus kumawani pipilueun kana urusan di wewengkon inyana, Jayakarta. [1]
Dina Ping 10 tepi ka 14 Januari 1619, Banten anu dibantuan ku Inggris nyerang bénténg VOC anu aya di basisir Jayakarta, alatan kajadian éta kalolobaan urang-urang VOC ngarungsi ka Jepara laju ka Ambon. Satuluyna dina Ping 25 Januari 1619 sajumlah pasukan ti Banten anu jumlahna aya kana 2000 jalma nyerang sarta tuluy ngepung bénténg VOC di Jayakarta, sanajan Inggris dina sapada harita saukur mantuan kujalan ngawaragadan pakarang perang pikeun Banten. Opat poé satutasna pangepungan, salah sahiji loji VOC anu aya di Banten sérah bongkokan ka Kasultanan Banten jeung Inggris.
Dina Ping 17 Méi 1619, pasukan VOC anu lobana kira-kira 1000 urang nepi di basisir Jayakarta sarta langsung ngayakeun serangan ka bénténg-bénténg padumukan urang-urang Banten. Arinyana (pasukan VOC) tarung tutumpuran ngayonan pasukan Banten anu jumlahna mangrébu-rébu teu kawilang. Dina Ping 25 Méi 1619, genep kapal VOC anu tepi di Banten ngayakeun serangan ka sapaparatna basisir jeung sababaraha palabuan. Temahna dina Ping 30 Méi 1619 VOC ngarebut Jayakarta sapuratina tina cangkingan pasukan Banten sarta sacara resmi ngagenti ngaran Jayakarta ku Batavia.[1]
Teu ngabibisani, yén Banten geus jadi musuh satru kabuyutan pikeun urang-urang Kumpeni Walanda utamana dina widang dagang. VOC sacara nyata geus ngayakeun kawijakan-kawijakan anu ngawatesan kagiatan jeung urang-urang Kasultanan Banten. Banten jadi musuh utama, di mana euweuh deui cara pikeun ngelehkeuna lintang ti kudu ngayakeun intervensi atawa pipilueun kana urusan internal kulawarga Karaton Banten jeung maké sistem adu domba, dina sajeroning harti ngadukeun dulur jeung baraya kulawarga Karaton Banten. [2]
Dina Ping 25–28 Méi 1619 diayakeun sawala antara Inggris jeung Walanda, anu mana hasil tina éta sawala téh nétélakeun yén Inggris moal rék pipilueun deui ngeunaan kaayaan perang antara Walanda jeung Kasultanan Banten. Sawala éta ogé ngahasilkeun hiji putusan ngeunaan ijin pikeun ngayakeun kagiatan dagang sarta ngokolakeun bisnisna urang-urang Inggris saupama harita Jayakarta geus aya dina cangkingan urang-urang Walanda. Satutas kajadian éléhna pasukan Banten di Jayakarta dina Ping 30 Méi 1619, diayakeun deui sawala antara Inggris jeung Walanda, anu mana ieu sawala téh ngahasilkeun deui putusan ngeunaan ijin dagang jeung bisnisna urang-urang Inggris dina satengahing bulan Juli 1619.
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 Ariwobowo, Gregorius (https://www.researchgate.net/publication/371912782_THE_BEGINNING_OF_THE_BRITISH_IMPERIUM_IN_ASIA_ENGLISH_TRADE_OFFICE_IN_BANTEN_1602-1619). "JEJAK AWAL IMPERIUM INGGRIS DI ASIA: KANTOR DAGANG INGGRIS DI BANTEN 1602–1619 THE BEGINNING OF THE BRITISH IMPERIUM IN ASIA: ENGLISH TRADE OFFICE IN BANTEN 1602–1619". Jurnal Masyarakat dan Budaya. ; ;
- ↑ Asrul (2015-11-10). "Intervensi VOC dalam konflik suksesi di kesultanan Banten 1680-1684" (Dina basa in). Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)