Lompat ke isi

Perang Diponegoro

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Perang Diponegoro
Bagian ti Kampanye kolonial Walanda
Dari atas, kiri ke kanan: Panyerbuan Plérét, panyerangan ka Diponegoro deukeut Gawok, serangan ka prajurit berkuda Walanda di Magelang, Panyerahan Pangéran Diponegoro ka Jénderal De Kock
Tanggal 20 Juli 1825 – 28 Maret 1830
Lokasi Jawa Tengah jeung Jawa Kulon
Hasil
  • Kemeunangan Walanda

Perang Diponegoro nu ogé dipikawanoh minangka Perang Jawa (dina basa Inggris Java War, sarta dina basa Walanda De Java Oorlog), téh hiji perang gedé nu lumangsung salila lima taun, ti taun 1825 nepi ka 1830 di Pulo Jawa, Hindia Walanda (ayeuna Indonésia). Perang ieu ngadu antara tentara Walanda nu dipingpin ku Jénderal Hendrik Merkus de Kock jeung rahayat Jawa nu ngalawan di handapeun kapamimpinan Pangéran Diponegoro. Ieu perang nyababkeun korban jiwa nu kacida lobana kira-kira 200.000 urang Jawa maot, jeung di pihak Walanda, aya 8.000 tentara Walanda jeung 7.000 prajurit pribumi nu gugur. Tungtung tina ieu perang negeskeun yén Walanda beuki ngawasaan Pulo Jawa.[1]

Béda jeung perang nu dipingpin ku Radén Ronggo kira-kira lima belas taun saméméhna, dina Perang Diponegoro téh sabagian pasukan Jawa ngajadikeun urang Tionghoa di Jawa salaku sasaran serangan. Sanajan Pangéran Diponegoro geus ngajelaskeun yén pasukanana ulah ngajalin pakait jeung urang Tionghoa, tapi aya ogé pasukan Jawa di wewengkon basisir kalér kawas di Rembang jeung Lasem nu narima bantuan ti urang Tionghoa satempat, nu lolobana ogé agamana Islam.[1]

Kasang tukang

[édit | édit sumber]

Parobahan hubungan Karaton Jawa jeung Éropa

[édit | édit sumber]

Pasalia antara karaton Jawa jeung Walanda dimimitian ti sumpingna Marsékal Herman Willem Daendels ka Batavia dina tanggal 5 Januari 1808. Sanajan Daendels ditugaskeun pikeun nyiapkeun Jawa salaku pangkalan pertahanan nagara Prancis ngalawan Inggris (sabab waktu harita Walanda keur dikawasa ku Prancis), tapi manéhna ogé ngarobah adat jeung protokol karaton nu ngabalukarkeun pihak karaton ngarasa dihina. Manéhna maksa Karaton Yogyakarta pikeun masrahkeun sumber daya alam jeung manusa, maké tanaga militér, jeung ngawangun jalan ti Anyer nepi ka Panarukan. Tungtungna timbul pasalia dina dagang kai jati di wewengkon mancanagara (timur Yogyakarta) nu nyababkeun Radén Ronggo ngalakukeun pamberontakan. Sanggeus pamberontakan éta gagal (1810), Daendels maksa Sultan Hamengkubuwana II pikeun mayar karugian perang jeung ngalakukeun rupa-rupa panghinaan séjén, nu nambahan giruk di jero kulawarga karaton (1811). Tapi dina taun nu sarua, Inggris datang ka Jawa jeung ngéléhkeun pasukan Walanda.[1]

Awalna Inggris nu dipingpin ku Raffles ngarojong Sultan Hamengkubuwana II, tapi tungtungna Inggris malah nyerang Karaton Yogyakarta dina tanggal 19-20 Juni 1812. Akibatna, Sultan dipaksa turun tahta jeung diganti ku putrana, nyaéta Hamengkubuwana III. Kajadian ieu disebut Geger Sepehi. Dina éta kajadian, sabagian gedong karaton diruksak, barang-barang berharga dijarah, jeung Sultan Hamengkubuwana II diasingkeun ka Pulo Pinang. Karaton rugi gedé jeung hubungan jeung Inggris robah darastis.[1]

Inggris ngawasaan Jawa nepi ka taun 1815, tuluy masrahkeun deui ka Walanda nurutkeun perjangjian Konvénsi London (1814), dina pamaréntahan Gubernur Jéndral Walanda, van der Capellen. Waktu jaman pamaréntahan Inggris, Sultan Hamengkubuwana III pupus, tuluy diganti ku putrana, Hamengkubuwana IV, nu umurna kakara 10 taun. Dulur Sultan Hamengkubuwana II, nyaéta Pangéran Natakusuma, diangkat jadi adipati di Pakualaman ku gelar Paku Alam I lantaran geus ngabantu Inggris. Lantaran raja anyar masih budak, Paku Alam I ditunjuk ku Raffles pikeun jadi wali raja minangka pangajén jeung jangji nu geus diucapkeun.[1]

Masa kapamingpinan Daendels jeung Raffles jadi awal runtuhna kakawasaan karaton-karaton di Jawa Tengah bagian kidul. Sanajan karaton-karaton téh masih aya kénéh nepi ka kiwari, tapi ti taun 1812 kakawasaan maranéhna geus dirempas ku kolonial Éropa. Pamaréntahan kolonial nu sentralistik nentang prinsip kapamingpinan Jawa nu ngabagi-bagi wilayah kakawasaan. Mun baheula bangsa Éropa ngan ukur ngawasaan Batavia jeung basisir kalér Jawa, ayeuna maranéhna geus asup nepi ka lemah cai karaton. Kajadian nyerahna Sultan Hamengkubuwana II sanggeus Geger Sepehi nuduhkeun yén kolonialis geus nempatkeun dirina leuwih luhur tibatan pamingpin lokal jeung henteu segan campur tangan dina urusan jero karaton. Runtuhna Karaton Yogyakarta dina 1812 jadi awal muculna élemén anyar di masarakat, saperti kalangan santri jeung patani, nu engkéna bakal jadi kakuatan utama dina Perang Diponegoro.[1]

Pangangkatan Hamengkubuwana V jeung pamaréntahan Smissaert

[édit | édit sumber]

Dina tanggal 6 Désémber 1822 Hamengkubuwana IV pupus dina umur 19 taun. Ratu Ageng (garwa Hamengkubuwana II) jeung Gusti Kangjeng Ratu Kencono (garwa Hamengkubuwana IV) ménta pamaréntah Walanda sangkan negeskeun putra Hamengkubuwana IV nu umurna 2 taun jadi Hamengkubuwana V sarta sangkan henteu jadi bupati deui Paku Alam. Pangéran Diponegoro tuluy diangkat jadi bupati pikeun kaponakanana babarengan jeung Mangkubumi.

Résidén Yogyakarta anyar anu ngagantikeun Nahuys, Jonkheer Anthonie Hendrik Smissaert bertindak kaleuleuwihi ku ilubiung dina pengangkatan Sultan dina Juni 1823. Pangangkatan ieu ngagantikeun Sultan Hamengku Buwono IV anu maot ngadadak. Smissaert datang dina tahta bari nampa pamujaan jeung bakti bupati asing dina lima upacara Garebeg salila 31 bulan jadi Résidén. Dina panon urang Jawa, ieu téh ngahina martabat maranéhna.

Pangéran Diponegoro memang narima kalungguhan Wali Sultan babarengan Mangkubumi, Ratu Ageng jeung Ratu Kencono (Indungna Sultan ngora). Tapi, kalungguhan Pangéran beuki teu dipaliré. Smissaert teu malire kana pamadegan Pangéran Diponegoro ngeunaan masalah kompénsasi sewa lahan anu bisa ngakibatkeun Kasultanan bangkrut.[1]

Handap observasi Van der Graaf di 1821 yén patani lokal anu nalangsara ti nyiksa ngajakan lahan ku Walanda, Inggris, Prancis, jeung Jérman, van der Capellen ngaluarkeun SK dina 6 Méi 1823 yén sakabéh lahan diséwakeun ku Éropa jeung Cina kudu balik ka nu bogana ku 31 Januari 1824. Sanajan kitu, nu nyéwa lahan kudu nyadiakeun santunan Éropa. Karaton Ngayogyakarta diancam bangkrut lantaran tanah anu diséwakeun teh milik karaton, ku kituna Pangéran Diponegoro kapaksa nginjeum duit ka Kapitan Tionghoa di Yogyakarta harita. Smissaert junun nipu dua sultan pikeun nyatujuan kompénsasi dipénta Nahuys pikeun perkebunan di Bedoyo, ngabalukarkeun Diponegoro megatkeun hubungan na jeung karaton. Putusna hubungan utamana alatan kalakuan Ratu Ageng (indung téré pangeran) jeung Patih Danurejo anu pro Walanda. Dina tanggal 29 Oktober 1824 Pangéran Diponegoro ngayakeun pasamoan di imahna di Tegalrejo pikeun ngabahas kamungkinan pemberontakan dina pertengahan Agustus. Pangéran Diponegoro mutuskeun pikeun ngalawan ku cara ngabatalkeun pajeg Puwasa sangkan para patani di Tegalrejo bisa meuli pakarang jeung kadaharan.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 7 8 Carey, Peter (2014). Takdir: Riwayat Pangeran Diponegoro (1785-1855). Jakarta: Penerbit Buku Kompas. ISBN 978-979-709-799-8.