Pérsib
| Ngaran lengkep | Persatuan Sépak Bola Indonésia Bandung | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
| Lalandihan |
| |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Ngadeg | 5-1-1919 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Lapangan | Stadion Pakalangan Bandung Sagara Seuneu Bandung, Indonesia | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Kapasitas | 38.000 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Nu boga | PT. Persib Bandung Bermartabat | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Présidén | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Ménéjer | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Palatih | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Liga | Liga 1 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| 2024/25 | JUARA | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Loka raramat | Club home page | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Persib téh mangrupa kasawelasan maén bal nu aya di Bandung. Persib nyaéta singgetan tina Persatuan Sépakbola Indonésia Bandung.Klub iyeu dijieun kaping 5 Januari 1919 nu baheula disebat Bandoeng Inlandsche Voetbal Bond (BIVB).
Sajarah
[édit | édit sumber]Saméméh dingaranan Persib, di Dayeuh Bandung ajeg Bandoeng Inlandsche Voetball Bond (BIVB) leuwih-kirang warsi 1919. BIVB mangrupa salah sahiji organisasi pajoangan kaum nasionalis. Nu kungsi kacatet minangka pupuhu BIVB nyaéta Mr. Syamsudin nu dituluykeun ku putra pajoang istri Déwi Sartika, nyaéta R. Atot.
Atot ieu nu kacatet minangka Komisaris Daérah Pasundan nu munggaran. BIVB ngamangpaatkeun lapangan Tegallega di hareupeun tribun pacuan kuda. Tim BIVB sababaraha kali ngayakeun bitotama di lugay dayeuh jiga Yogyakarta jeung Jatinegara Jakarta.
BIVB gentos wasta janten Persatuan Sépak Bola Indonésia Bandung [PSIB], tuluy mucunghul pakumpulan séjénna nu mamawa nasionalisme Indonésia nyaéta National Voetball Bond (NVB).
Tanggal 18 Maret 1934, rua pakumpulan ieu sapuk pikeun ngahiji nu balukarna gumelar hiji pakumpulan nu dingaranan Persib. Harita nu jadi pamingpina kapeto Anwar St. Pamoentjak minangka Pupuhu Umum. Kleup-kleup nu ngagabung ka Persib nyaéta SIAP, Soenda, Singgalang, Diana, Matahari, OVU, RAN, HBOM, JOP, MALTA, jeung Merapi.
Mangsa harita ogé di Bandung geus aya pakumpulan maén bal séjén nu diluluguan ku urang Walanda nyaéta Voetbal Bond Bandung & Omstreken (VBBO). Ieu pakumpulan sok nganggap énténg ka Pérsib, nyapirakeun Persib tur nganggap salaku pakumpulan “kelas rua“. VBBO mindeng ngécé ka Persib. Ma'lum waé bitotama-bitotama nu diayakeun ku Persib dilakukeunnana di pasisian Bandung harita—kawas Tegallega jeung Ciroyom.
Masarakat ogé wanci harita mah leuwih resep lalajo bitotama anu diayakeun ku VBBO. Geusan lumangsungna bitotamana aya di jero Dayeuh Bandung nu maneuhna dianggap leuwih hadé, nyaéta rua lapangan nu aya di puseur dayeuh, lapang UNI jeung lapang SIDOLIG.
Sanggeus “jurit tiis“ sawatara lila, ahirna Persib meunang nu ahirna janten pakumpulan maénbal hiji-hijina keur masarakat Bandung jeung sabudeureunnana. Kleup-kleup nu tadina ngagabung ka VBBO jiga UNI jeung SIDOLIG, lila-lila mah ngahiji jeung Persib. Malahan mah VBBO satuluyna masrahkeun lapangan nu galib dipaké keur tanding nyaéta Lapangan UNI, Lapangan SIDOLIG (kiwari Stadion Persib), jeung Lapangan SPARTA (kiwari Stadion Siliwangi). Kaayaan ieu tangtu waé beuki ngukuhkeun éksisténsi Persib di Bandung.
Nalika Indonésia sumérén ka kawasaan Jepang, kagiatan persepakbolaan anu ditangtayungan ku organisasi dieureunkeun sarta organisasina dibredel. Hal ieu henteu lumangsung di Bandung wungkul tapi ogé di sakuliah lemah cai. Ku alatan kitu, otomatis Persib ngalaman mangsa suwung. Sumawona Pamaréntah Kolonial Jepang ogé ngadegkeun perkumpulan anyar anu nangtayungan kagiatan olahraga nalika éta nyaéta Rengo Tai Iku Kai.
Anging minangka organisasi nganapaskeun pajoangan, Persib henteu taluk kitu waé kana kahayang Jepang. Mémang ngaran Persib sacara rasmi robah janten ngaran maké basa Jepang tadi. Anging sumanget joang, tujuan sarta udagan Persib minangka sarana pajoangan henteu robah saeutik ogé.
Dina mangsa répolusi Pisik, sanggeus Indonésia merdéka, Persib némbongkeun éksisténsina. Kaayaan harita nyababkeun Pérsib teu ngan éksis di Bandung wungkul, anging mimiti sumebar di sababaraha dayeuh séjénna. Ku kituna aya Persib di Tasikmalaya, Persib di Sumedang, sarta Persib di Yogyakarta.
Dina mangsa éta soldadu-soldadu Siliwangi hijrah ka ibukota perjuangan Yogyakarta. Kakara dina taun 1948 Persib nanjeur di Bandung, dayeuh kalahiran anu saterusna ngagedékeunana. Rongrongan Walanda datang, VBBO ditarékahan hirup deui ku Walanda (NICA) sok sanajan kalawan ngaran anu basana Indonésia, Persib minangka bagian tina kakuatan perjuangan nasional tangtu waé kalawan sakuat tanaga usaha ngagagalkeun usaha eta. Dina mangsa pendudukan NICA kasebut, Persib diadegkeun deui ku alpukah di antarana, dr. Musa, Munadi, H. Alexa, Rd. Sugeng jeung Pupuhu Munadi.
Perjuangan Persib sigana mah junun, ku kituna di Bandung ngan aya hiji perkumpulan maenbal nyaéta Persib anu dumasar kana sumanget nasionalisme. Pikeun kapentingan pengelolaan organisasi, dekade 1950-an ieu ogé nyatet kajadian penting. Dina période 1953- 1957 éta pisan Persib mungkas mangsa pindah-pindah sekretariat. Walikota Bandung waktu éta R. Enoch, ngahudangkeun Sekretariat Persib di Ciléntah.
Mimiti Persib mibanda gedong anu kiwari aya di Jalan Gurame, nyaéta usaha R. Soendoro, saurang overste replubiken anu anyar kaluar ti LP Kebonwaru dina taun1949. Dina waktu éta, ngaliwatan kepengurusan anu dipingpinna, Soendoro nyanghareup ka R. Enoch anu pareng mangrupa sobat dalitna. Tina hasil sawalana, walikota ngarojong sarta mikeun sawidang taneuh di Jalan Gurame ayeuna ieu.
Dina danget éta, Persib éstu keur dina kaayan prihatin alatan kakurangan waragad. Persib henteu boga waragad keur ngawangun gedong. Soendoro ngadeuheus ka Walikota Bandung,“ Taneuh puguh deui, tapi rapet ditiungan ku langit bulao,” ceuk Soendoro. Ahirna Enoch ogé mantuan ngawangun gedong anu saterusna ngalaman dua kali renovasi. Kiprah Soendoro ku anjeun di dunya maén bal diteruskeun ku pala putrana, di antarana Soenarto, Soenaryono, Soenarhadi, Risnandar, sarta Giantoro sarta incuna Hari Susanto.
Dina ngajalankeun kikiping organisasi sawatara ngaran anu ogé berperan dina muterna kikiping organisasi Persib nyaéta Mang Andun sarta Mang Andi. Ieu adi lanceuk téh jelema lapang Persib. Pancén duanana, ayeuna ieu dituluykeun ku putra sarta minantuna, Endang sarta Ayi saprak 1990-an. Sajaba ogé staf administrasi Turahman.
Renovasi kahiji dipigawé nalika kapamingpinan Engkol. CPM Adella (1953-1963). Kiwari sekretariat Persib di Jalan Gurame éta geus cukup representatif, sumawona sanggeus Pupuhu Umum H. Wahyu Hamijaya (1994-1998) ngarenovasi gedong kasebut ku kituna jadi kantor anu nyukupan pikeun ngawadahan sagala rupa kagiatan kesekretariatan Persib.
Pangabisa Persib ngajaga ajén-inajén sarta talarina sarta ngaluyukeun manéh jeung kamekaran jaman tangtu henteu ucul ti figur Pupuhu Umum lain ngan figur anu boga kamampuan ngokolakeun organisasi dina harti sangkan organisasi éta terus hirup, tapi ogé figur anu sanggup ngadongkar potensi sarta ngakomodasikeun kakuatan anu aya, ku kituna kiprah Persib dina kancah maén bal nasional terus lumangsung liwat sagala rupa karya Persib. Persib nepi ka dina bentukna anu ayeuna ieu tinangtu henteu ucul ti figur-figur Pupuhu Umum anu kungsi dipibogana. Ibarat nyieun wangunan, ti hiji Pupuhu Umum ka Pupuhu Umum anu séjén, sok sambung-sinambung ku kituna kabentuk hiji wangunan anu ngaranna Persib kawas anu urang wawuh ayeuna ieu.
Pamaen sareng ketua umum
[édit | édit sumber]Ketua Umum
[édit | édit sumber]Runtuyan Ketua Umum Pérsib ti mangsa ka mangsa nyaéta:
- Anwar St. Paamoentjak ( 1933 )
- R. Sadikin (henteu kanyahoan mangsa kapamingpinannana)
- R. Otto Iskandar Dinata (henteu kanyahoan mangsa kapamingpinannana)
- A. Munadi ( 1949 )
- Dr. Ishak Surjakusumah ( 1949 )
- R. Soendoro ( 1950 )
- R. Ibrahim Iskandar ( 1956- 1958 )
- R. Ating Prawirasastra ( 1958- 1960 )
- K. Komarawinata ( 1961- 1963 )
- Kol. Adella ( 1963- 1965 )
- Kol. D. Hanfiah ( 1965- 1972 )
- R. Otje Djundjunan ( 1972- 1979 )
- Solihin GP ( 1979- 1985 )
- H. Ateng Wahyudi ( 1985- 1993 )
- H. Wahyu Hamijaya ( 1994- 1998 )
- Aa Tarmana ( 1998- 2002 )
- H. Dada Rosada, S.H., M.Si. ( 2002 - 2006).
- H. Umuh Muchtar (2007-ayeuna).
Staf Kepelatihan
[édit | édit sumber]- Menejer : H. Umuh Muchtar.
- Pelatih Kepala : Robert Rene Albert
- Asisten pelatih 1 : Budiman Yunus.
- Asisten pelatih 2 : Asep Sumantri.
- Asisten pelatih 3 : Yusuf Bachtiar.
- Pelatih kiper : Gatot Prasetyo.
Pamaen
[édit | édit sumber]Prestasi
[édit | édit sumber]Liga Nasional
[édit | édit sumber]Piala Nasional
[édit | édit sumber]- Piala Indonésia
- Juara (0):
- Runner-Up (0):