Lompat ke isi

Pétrus Bima Anugrah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Petrus Bima Anugrah)

Petrus Bima Anugrah atawa Bima Petrus Anugrah (gumelar di Malang, 24 September 1973; umur 52 taun)[1] nyaéta sala sahiji mahasiswa sakaligus aktivis di SMID jeung PRD anu ngaleungit nalika jaman reformasi 1998. Nonoman anu katelah ogé ku ngaran Bimpet dina kalangan aktivis, ngaleungit dina 1 April 1998. Anjeunna leungit sanggeus dibébaskeun kulantaran nyebarkeun selebaran kampanye Mega - Bintang.[2][3]

Kahirupan mimiti jeung atikan

[édit | édit sumber]

Petrus Bima Anugrah mangrupakeun anak kadua ti Donysius Utomo Rahardjo jeung Genoneva Misiati sarta boga opat dulur kandung.[3][4] Keur mimiti anjeunna sakola di Sekolah Menengah Umum Dempo.[3] Sanggeus lulus, anjeunna kuliah di FISIP Universitas Airlangga ti angkatan 1993 jeung ngadegkeun Solidaritas Mahasiswa Indonesia untuk Demokrasi (SMID) anu mangrupakeun afilisasi ti Partéy Rakyat Demokratik (PRD). Saterusna, Bima Petrus aktip dina sababaraha kagiatan pulitik. Tidinya tuluy anjeunna ngalih ka Jakarta, ngahiji jeung kagiatan-kagiatan PRD ogé nyambung kuliah di Sekolah Tinggi Filsafat Driyarkara.[5]

Kronologi

[édit | édit sumber]

Aktif dina sababaraha kagiatan aktivis ngajadikeun Petrus Bima diburon ku pamaréntah Soeharto. Ditéwakna Petrus Bima Anugrah lumangsung jauh saméméh anjeunna leungit. Anjeunna ditéwak dina taun 1997 kulantaran nyebarkeun kampanye Mega - Bintang nu keur harita ditindas ku pamaréntah Orde Baru. Ngan, lolobana euweuh nu terangeun ngeunaan ditéwakna Petrus Bima, malahan kolotna sorangan ogé teu terang.[3] Anjeunna ditahan jeung dua babaturanana, nyaéta Ilhamsyah jeung Herny Suwalang. Sanggeus dipanjara 60 poé anjeunna dibébaskeun deui.[2]

Ti saprak 12 Maret 1998, loba aktivis nu jadi buronan pamaréntah nu diculik atawa ditéwak hiji-hiji, di antarana Pius Lustrilanang, Desmond Junaedi Mahesa, Faisol Riza, Herman Hendrawan, Raharja W Jati, jeung engkéna Mugiyanto, Aan Rusdiyanto, sarta Nezar Patria. Kabehna ditéwak ku cara didatangan ku unit militer khusus anu beroperasi sacara rasiah.[6] Kitu ogé Bima Petrus, ngan anjeunna sigap jeung nyumput kalayan maké sandiasma Marcell.[7] Nepi ka 1 April 1998, Petrus Bima Anugrah terahir katingal di Grogol,[8] sanggeus tidinya teu aya kabar deui ti anjeunna, sanajan anjeunna geus jangji bakal balik deui ka imahna pikeun ngarayakuen Paskah.[7]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Komunikasi UNAIR (8 Agustus 2018). "Departemen Komunikasi Berduka, Ibunda Bimo Petrus Meninggal dalam Penantian". komunikasi.fisip.unair.ac.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
  2. 1 2 Gunadha, Reza (22 Méi 2019). "Memoar Aktivis 98 yang Diculik (1): Senyum Terakhir Bima di Halte Trisakti". suara.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
  3. 1 2 3 4 Hasan, Mulyani (12 Désémber 2007). "Mencari Bima". PANTAU (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
  4. Hartik, Andi; Assifa, Farid (6 Agustus 2018). "20 Tahun Berlalu, Ibunda Aktivis Bimo Petrus Meninggal dalam Penantian Halaman all - Kompas.com". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
  5. Rahayu, Heny (24 Maret 2017). "Menunggu Bima, 19 Kali Paskah Tanpa Kehadiran Putra Kedua". BenarNews Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
  6. Bimo Petrus: Takhayul dan Hari Sial. Archived 2022-06-27 di Wayback Machine tina situs terakota.id
  7. 1 2 Fikrie, Muammar (16 Pébruari 2020). "PRD: Ode Pemberontakan dan Horor Penghilangan Aktivis". tirto.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
  8. Tim Redaksi. "Kasus Penculikan dan Penghilangan Paksa Aktivis 1997-1998: Siapa Bertanggungjawab?" (PDF). kontras.org (Dina basa Indonesia). hlm. 2.