Lompat ke isi

Peupeundeuyan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Peupeundeuyan
Peupeundeuyan sawah
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Animalia
Kelas:
Insecta
Ordo:
Coleoptera
Kulawarga:
Dytiscidae
Spésiés:
Cybiser sp

Peupeundeuyan; kumbang air; water beetles; (Dytiscidae) nyaéta sato cai nu asalna tina kulawarga Dytiscidae.[1] Peupeundeuyan remen katempo hirup di sawah, rawa, balong, jeung sisi susukan. [1]Ngojay atawa nyumput dina sela-sela dapuran paré, écéng, atawa tangkal séjén nu aya di jero cai sakapeung nyanghap ka beungeut cai pikuen nyokot hawa tuluy ngerelep deui. [1]

Pepeundeuyan mibanda kantong husus dina awakna pikeun nunda hawa, nu matak peupeundeuyan mah bisa teuleum kana cai atawa leutak leuwih lila sarta jarang katempo aya dina beungeut cai.[2] Kahakanan peupeundeuyan kayaning buruy, cacaing, lauk nu laleutik (mangsa msih kénéh uceng), sarta sato cai séjén nu ukuranna leutik.[2]

Disakuliah dunnya, pepeundeuyan katiténan mibanda leuwih ti 2000 spesies.[3] Peupeundeuyan ngan bisa hirup dina cai biasa, lain cai laut atawa cai anta. [3]

Endog peupeundeuyan nu geus megar, jadi anak peupeundeuyan nu sok disebut uceng/larva.[4] Larva peupeundeuyan wanguna kawas hileud, buntutna panjang sarta mibanda bulu nu ipis.[4] Panjang awakna mimiti 1 cm – 5 cm (0,5 – 2,0 in), wujudna béda pisan jeung peupeundeuyan déwasa.[4] Dina hariguna bijil suku aya 3 pasang kénca katuhu, éta ogé baruluan.[4] Atuh huluna dempak tur masagi, mibanda panyapit nu kuat tur gedé magrupakeuan alat pikeun néang hakaneun.[4] Larva peupeundeuyan ilaharna hirup naplok dina jujukutan cai, daun, sarta naon baé nu aya di jero cai kituna téh bari nungguan mangsa nu ngaliwat ka hareupeunna.[4] Mangsa geus manjing ganti kulit, ieu larva ngalelep kana leutak sarta awakna bakal jadi kepompong, engkéna baris bijil tina kepompong téh peupeundeuyan nu baris nuluykeun hirup nepika déwasa tur endogan deui.[4][5]

Sanajan peupeundeuyan tacan kanyahoan ngakan lauk, tapi sahenteuna anakna nu sok disebut uceng; ucrit (basa Indonesia) jadi musuh patani ku alatan sok ngaganggu kana burayak lauk nu ngahaja dipelak.[1] Peupeundeuyan mibanda kabiasaan hirup karnivora atawa sagala dihakan, timimiti tatangkalan, dangdaunan, nepika sato laleutik nu hirup di jero cai.[6]

Spesies

[édit | édit sumber]

Peupeundeuya nu hirup salawasna di cai, ti mimiti endog, larva, nepika jadi peupeundeuyan déwasa :

  1. Gyrinidae (Whirligig beetles)
  2. Haliplidae
  3. Noteridae
  4. Amphizoidae
  5. Hygrobiidae (Squeak beetles)
  6. Meruidae
  7. Hydroscaphidae (Skiff beetles).
  8. Dytiscidae


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d Amri, Toguan Sihombing, Khoirul (2019). Mengenal & Mengend. Predator Ikan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. p. 61. ISBN 9789792236507. Diakses tanggal 10Januari 2020. 
  2. a b Astranto, S.T , Tesa Febian S.T, Dwi Kartika, Whardani, Soni (2019). Rawa (Seri Ada Apa Di Bumi? Bioma). Jakarta: Erlangga for Kid. p. 10. ISBN 9789790152816. Diakses tanggal 10Januari 2020. 
  3. a b "Water Beetle: pictures, information, classification and more". www.everythingabout.net. 
  4. a b c d e f g Gould, John; Valdez, Jose W.; Clulow, Simon; Clulow, John (2019). "Diving beetle offspring oviposited in amphibian spawn prey on the tadpoles upon hatching" (dalam bahasa en). Entomological Science 22 (4): 393–397. doi:10.1111/ens.12381. 
  5. Valdez, Jose W. (2019-08-19). "Predaceous diving beetles (Coleoptera : Dytiscidae) may affect the success of amphibian conservation efforts" (dalam bahasa en). Australian Journal of Zoology. doi:10.1071/ZO19039. ISSN 1446-5698. https://www.publish.csiro.au/zo/ZO19039. 
  6. "Great Diving Beetle | The Wildlife Trusts". www.wildlifetrusts.org.