Pinus canariensis
Pidangan
| Pinus Kepulauan Canary | |
|---|---|
| Pinus canariensis | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | Pinus canariensis |
| Ngaran binomial | |
| Pinus canariensis | |
Pinus canariensis atawa Pinus kepuloan canary nyaéta salah sahiji tangkal pinus anu asalna tina kulawarga (Pinaceae), asli ti Kepuloan Canary, Spanyol, mangrupa tutuwuhan éndemik ti Pulo Canary. Tangkal ieu hirup di daérah pagunungan dina élévasi 1,200-2,200 m.[1] Salah sahiji tangkalna aya di Kebon Raya Cibodas, Cianjur.

Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Pinus canariensis miboga ciri-ciri tangkal jangkungna ngahontal nepi ka 40-60 m. Kulit batangna kandel, miboga sisik anu rekah, warnana miboga pola beureum-coklat jeung krém. Cabang tina tangkal ieu lolobana uninodal, tapi aya ogé anu multinodal dina tangkal anu ngora. Ukuran daunna bisa nepi ka 15-30 cm, warnana héjo cerah atawa héjo kakonéngan, lébarna kurang leuwih 1 mm.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Philip Thomas (IUCN SSC Conifer Specialist Group) (2015-09-18). "IUCN Red List of Threatened Species: Pinus canariensis". IUCN Red List of Threatened Species.
- ↑ "Pinus canariensis (Pino canario, Canary Island pine) description - The Gymnosperm Database". www.conifers.org. Diaksés tanggal 2025-02-16.