Prasasti Cidanghiyang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Prasasti Cidanghiyang nyaéta salah sahiji prasasti anu asalna ti karajaan Tarumanagara sarta perenahna di wewengkon Pandéglang.

Perenah[édit | édit sumber]

Prasasti Cidanghiyang perenahna di sisii (walungan) Cidanghiyang di désa Lebak, kacamatan Munjul, kabupatén Pandéglang. Koordinat patempatan prasasti ieu téh 0°55’40,54” BB (ti Jakarta) sarta 6°38,27’57”

Panimuan[édit | édit sumber]

Prasasti Cidanghiyang dilaporkeun munggaran ku Toebagus Roesjan ka Dines Purbakala taun 1947 (OV 1949:10), tapi ditalungtik munggaran dina taun 1954.

Rupa bahan[édit | édit sumber]

Prasasti Cidanghiyang dipahatkan dina batu alam (3 x 2 x 2 méter).

Eusi[édit | édit sumber]

Prasasti Cidanghiyang ditulis maké aksara Pallawa anu disusun dina wangun siloka basa Sansakerta kalayan métrum Anustubh (wangun aksarana nu sarupa jeung anu digoréskan dina Prasasti Tugu ti mangsa nu sarua).

Tulisan: Vikranto ‘yam vanipateh/prabhuh satya parakramah narendra ddhvajabhutena/ srimatah purnnawvarmanah

Tarjamahan: “Ieu nyaéta tanda kaperwiraan, kaagungan, sarta wawanén anu saéstuna ti raja dunya, anu Mulia Purnnawarmman anu jadi panji sakabéh raja”.

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Richadiana Kartakusuma (1991), Anekaragam Bahasa Prasastidi Jawa Barat Pada Abad Ke-5 Masehi sampai Ke-16 Masehi: Suatu Kajian Tentang Munculnya Bahasa Sunda. Tesis (nu diajéngkeun salaku sarat pikeun meunangkeun gelar Magister dina widang Arkéologi). Fakultas Pasca Sarjana Universitas Indonésia.
  2. OV (Oudheidkundige Verslag) 1949; 1950:20
  3. Laporan Tahunan Dinas Purbakala taun 1954; l962: 5-6
  4. Bambang Soemadio (editor), Sejarah Nasional Indonésia II, Jaman Kuna. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan l975:42-43: l984:42
  5. Saleh Danasasmita et.al. Rintisan Penelusuran Masa Silam: Sejarah Jawa Barat, II. Bandung l984:1
  6. Peta Topografi: HIND 1090, Sheet 34/XXXIII-C, l945