Lompat ke isi

Pterygota alata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kasah
Pterygota alata
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Pterygota alata
Ngaran binomial
Pterygota alata

Pterygota alata atawa Kasah nyaéta salah sahiji tangkal anu asalna tina kulawarga (Malvaceae), asli ti India, sarta tumuwuh di daérah hutan hujan salah sahijina Indonésia, hususna aya di Taman Hutan Raya Ir. H. Djuanda, Bandung. [1]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Pterygota alata miboga ciri-ciri kaasup kana tangkal anu gedé, tangkal jangkungna ngahontal nepi ka 30 m.[2] Warna kulit kai abu-abu atawa coklat, tuluy téksturna lemes. Ukuran daunna gedé nepi ka 40 cm. Tekstur daunna lemes jeung mengkilap, miboga 5-7 urat utama tina bentuk écéng. Ukuran kembang 2,5 cm sarta bentukna loncéng euweuh kalopakan.[3]

Kagunaan

[édit | édit sumber]

Tangkal ieu di India mah sok dipake jang pangobatan tradisional.[4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Pterygota alata (Roxb.) R. Br. | Species". India Biodiversity Portal (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-02-15.
  2. "Pterygota alata (Roxb.) R. Br. | Species". India Biodiversity Portal (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-02-15.
  3. Krishen, Pradip (2006). Trees of Delhi: A Field Guide (Dina basa Inggris). Penguin Books India. ISBN 978-0-14-400070-8.
  4. "Pterygota alata (Roxb.) R. Br. | Species". India Biodiversity Portal (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-02-15.