Puisi papantunan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Dina kasusastraan sunda buhun aya hasil sastra anu munel, nyaéta carita pantun.[1] Éta carita pantun téh babakuna disusun dina wangun ugeran nu disebut papantunan.[1] Jadi, fungsi puisi papantunan téh babakuna pikeun nyaritakeun lalakon, pikeun ngsdeskripsikeun kajadian-kajadian nu aya dina lalakon téa.[1]

Saluyu jeung gelarna carita pantun, nyaéta dina jaman madegna Kawali, Galuh, jeung Pajajaran, puisi papantunan ogé gelar jeung mekrna téh dina mangsa éta.[1]

Puisi papantunan aya nu eusina mangrupa mantra, ku sabab carita pantun téh mangrupa carita nu magis religius.[1] Mantra nyaéta kekecapan anu miboga harti, sipatna rusiah, sarta miboga maksud jeung kakuatan nu tangtu.[2] Mantra nu aya dina carita pantun aya nu mangrupa rajah papantunan.[1] Rajah papantunan aya nu mangrupa rajah pamuka, nyaéta nu digunakeun dina buku carita pantun, dikedalkeun dina ngamimitian prung mantun.[1] Aya ége nu mangrupa rajah panutup, nyaéta nu digunakeun pikeun nutup carita pantun.[1]

Puisi papantunan nu aya dina tengah-tengah carita ngébréhkeun rupa-rupa hal nu patali jeung lalakon.[1] Contona ngébréhkeun kaayaan nagara, kaayaan karaton, nataan nu geulis jeung nu kasep, nataan nu dangdan, ngébréhkeun nu keur perang, nu keur ngapung, nu iring-iringan, nataan laku-lampah léngsér.[1]

Conto Puisi Papantunan[édit | édit sumber]

Nataan Karaton[édit | édit sumber]

...[1]

Ana ret, kana pajuaranana,

luluhur salawe tempuh,

reregan salawe keser,

kelir beunang ngadingdingkeun,

korsi gading salawe siki,

meja salaka salapan rupa,

goong salawe wangunan,

genep likur kabuyutan,

damar lilin unggal bilik,

damar halang unggal tihang,

damar kurung unggal tungtung,

Turun di lawang ping pitu,

medal di lawang ping sanga,

alun-alun sewu cengkal,

babancong tilu ngariung,

pingitan dalapan puluh.

...

Nataan Lampah Lengser[édit | édit sumber]

bérébet ki lengser lumpat,

lumpat sakalumpat-lampet,

tarik batan mimis bedil,

lepas batan kuda lumpat,

ngadudud sarangka duhung,

liang irung mamaungan,

buah birit mani hapa,

balas kasepakan keuneung,

wani éor cecekolan,

éar mumuncanganana.

...[1]




Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l [Permana, Ruswendi. 2007. Mantra jeung Pupujian. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.Halaman:32] (Diakses tanggal 10 November 2011)
  2. Mantra (Diakses tanggal 10 November 2011)