Pusdik Arméd
Pusat Pendidikan Artileri Medan atawa (Pusdik Arméd) mangrupa salah sahiji tempat pikeun pendidikan militér paninggalan jaman Ganisun Hindia Walanda,[1] nu pernahna aya di Kota Cimahi, Jalan Baros, pas kaluar tol Baros di Jl. Baros No. G151, Kota Cimahi, Jawa Kulon.[2] Pusdik Arméd nu miboga luas sakitar 12 héktar, nyadiakeun fasilitas pikeun TNI bisa ngagunakeun artileri médan. Artileri umumna mangrupa istilah pikeun senjata atawa élmu persenjataan. Senjata anu biasana digunakeun ku Pasukan TNI nyaéta meriam. [3][2]
Sajarah
[édit | édit sumber]Wangunan Markas Altileri diresmikeun dina tanggal 4 Désémber 1945 ku Létnan Jenderal Oerip Soemohardjo nu miboga tugas pikeun ngabina satuan-satuan Artileri Indonésia, sedengkeun komandan nu pangmimitina nyaéta Létnan Kolonel Art. R.M. Pratikno Suryosumarno. Saméméh disebut Pusdik Arméd, Komando Artileri narima panyerahan Artileri O.C. (Opleiding Centrum Artillerie) narima misi ti misi militér Walanda dina tanggal 1 April 1950, tuluy dina tanggal 1 Juni 1950 diganti jadi Balai Pendidikan Artileri (PP Art). [2] Pusdik Arméd miboga sababaraha paninggalan senjata berat, salah sahijina seperti meriam paninggalan Walanda, nu paling anyar nyaéta roket MLRS Astros MK II buatan Brazil, meriam 155 mm Caesar buatan Prancis, meriam 155 mm KH-179 buatan Koréa kidul, jeung Meriam GS M109A4-BE 155 mm buatan Amérika serikat. Salian ti éta struktur wangunan paninggalan Walanda nu masih utuh nyaéta wangunan nu paling hareup di Pusdik Arméd, baheulana dipaké sangkan base camp Artileri. [1]
Galéri
[édit | édit sumber]- Gambar:Rumah_dinas_Pusdik_Armed_04.jpgRumah dinas Pusdik Arméd taun 2025
- Gambar:Rumah_dinas_Pusdik_Armed_01.jpgRumah dinas Pusdik Arméd taun 2025
- Gambar:Rumah_dinas_Pusdik_Armed_03.jpgRumah dinas Pusdik Arméd taun 2025
- Gambar:Sumur_bor_Pusdik_Armed_01.jpgSumur bor Pusdik Arméd taun 2025
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 "Mengenal Senjata Senjata Peninggalan Belanda di Cimahi". limawaktu.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.
- 1 2 3 "PUSDIKARMED". pusdikarmed.kodiklat-tniad.mil.id. Diaksés tanggal 2025-07-26. Archived 2021-11-29 di Wayback Machine
- ↑ "Menggali Sejarah di Pusdik Armed 'Tersimpan Meriam VOC Abad 18'". Tribunjabar.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.