Lompat ke isi

Qorun

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Qorun
Gambaran Moses (Nabi Musa) sareng Korah (Qorun) dina karya seni klasik.
Nami asliQorun bin Yashar (قارون بن يصهر)
ZamanNabi Musa AS
HubunganBaraya Nabi Musa (misanan)
Kawéntar kuBeunghar pisan sarta sombong
Akhir hayatDilelepkeun ka jero bumi

Qorun (Basa Arab: قَارُوْنَ) nyaéta salah sahiji inohong anu hirup dina zaman Nabi Musa AS. Anjeunna dicaritakeun dina Al-Qur'an salaku jalma anu dipaparin kabeungharan anu kacida luhurna, nanging janten sombong sarta kufur kana ni'mat Allah SWT.[1]

Kabeungharan Qorun

[édit | édit sumber]

Dina Surat Al-Qashash, Gusti Allah SWT ngadawuh ngeunaan kabeungharan Qorun:

...وَآتَيْنَاهُ مِنَ الْكُنُوزِ مَا إِنَّ مَفَاتِحَهُ لَتَنُوءُ بِالْعُصْبَةِ أُولِي الْقُوَّةِ...

"...Kami geus maparin ka manéhna (Qorun) perbendaharaan harta anu konci-konci (gudangna) beurat dipanggul ku sakelompok jalma anu jagjag..." (QS. Al-Qashash [28]: 76)

Dalil Al-Qur'an sareng Hadits

[édit | édit sumber]

Al-Qur'an

[édit | édit sumber]

Salah sahiji ayat anu nétélakeun kasombongan Qorun nyaéta:

قَالَ إِنَّمَا أُوتِيتُهُ عَلَىٰ عِلْمٍ عِندِي...

"Qorun ngomong: 'Saenyana kuring dipaparin ieu harta teh kulantaran elmu anu aya di kuring'." (QS. Al-Qashash: 78)

Rasulullah SAW ngadawuh ngeunaan jalma anu bakal dikumpulkeun sareng Qorun:

...وَكَانَ يَوْمَ الْقِيَامَةِ مَعَ قَارُونَ وَفِرْعَوْنَ وَهَامَانَ وَأُبَيِّ بْنِ خَلَفٍ

"...Jeung dina poé kiamat manéhna bakal dikumpulkeun bareng jeung Qorun, Fir’aun, Haman, jeung Ubay bin Khalaf." (HR. Ahmad)[2]

Akhir Hayat

[édit | édit sumber]

Hukuman pikeun Qorun nyaéta dilelepkeunana anjeunna sareng hartana:

فَخَسَفْنَا بِهِ وَبِدَارِهِ الْأَرْضَ...

"Mangka Kami lelepkeun manéhna (Qorun) jeung imahna (hartana) ka jero bumi..." (QS. Al-Qashash: 81)

Istilah "Harta Karun" dina Basa Sunda

[édit | édit sumber]

Dina budaya Basa Sunda, nami Qorun nyerep janten istilah Harta Karun. Ieu istilah dipaké pikeun nyebutkeun harta banda anu kapendak dina jero taneuh, dumasar kana kajadian khasaf (dilelepkeunana) Qorun ka jero bumi.[3]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Ibnu Katsir, Qishashul Anbiya (Kisah Para Nabi), Kairo.
  2. Musnad Ahmad bin Hanbal, no. 6576.
  3. Pusat Bahasa, Kamus Besar Bahasa Indonesia, Jakarta.