Qur'an

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun.
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Al Qur'ān [1] (basa Arab: القرآن al-qurʼān, sacara harfiah hartina "bacaan"; disebut ogé al-qurʼān al-karīm "Al Qur'an nu Mulya"; ogé ditransliterasikeun minangka Quran, Koran (istilah tradisional di Inggris), jeung Al-Quran), nyaéta téks rélijius séntral dina ajaran Islam. Muslim percaya yén Al Qur'an mangrupa kecap harfiah ti Gusti (basa Arab Allah) nu diwahyukeun ka Nabi Muhammad SAW, salila 22 taun, 2 bulan 22 poé ngaliwatan perantara malaikat Jibril sarta mangrupa wahyu pamungkas ti Gusti Allah pikeun umat manusa. Qur'an nyaritakeun kajadian-kajadian picontoeun dina sajarah manusa, utamana ngeunaan para nabi saméméh Muhammad kayaning Nuh, Adam, Ibrahim, Musa, Isa, jeung nu séjénna.

Muslim ogé nyebut Al Qur'an minangka "Wasiat Pamungkas", "Kitab", "Kitab Gusti Allah" sarta "Wahyu."

Étimologi[édit | édit sumber]

Dina tata basa Arab, kecap "qur'an" mangrupa masdar (kecap barang verbal) tina kecap gawé basa Arab قرأ qara'a ("maca" atawa "nyaritakeun"[2][3]. Kecap ieu digunakeun dina Al Qur'an sorangan minangka istilah keur Al Qur'an, misalna dina Q.S 12:2:

Satemenna kami nurunkeunana (ayat-ayat kitab) mangrupa Qur'an dina basa Arab, ngarah aranjeun ngarti.

Format Al Qur'an[édit | édit sumber]

Salinan Al Qur'an nu geus dibuka siap dibaca.
Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Surat.

Al Qur'an eusina aya 114 surat kalayan total 6236 ayat.

Apalan Al Qur'an[édit | édit sumber]

Kecap Qur'an ogé biasana ditarjamahkeun minangka "apalan," nu nunjukkeun yén Qur'an lain mung saukur téks, tapi ogé geus ditepikeun sacara lisan di sagédéngeun ngaliwatan téks.

Pikeun ngalengkepan sampurnana solat, mangrupa kawajiban dina Islam, nyaéta nyaratkeun ngapal saeutikna sababaraha surat dina Al qur'an (biasana dimimitina ku surat kahiji, Al Fatihah, dituluykeun ku maca surat séjénna). Saméméh bisa maca Al Fatihah, hiji Muslim bisa maca "pupujian keur Allah" salila solat.

Jalma anu apal sakabéh bacaan Al Qur'an disebut qari' (قَارٍئ) atawa hafiz (nu berurutan hartina "nu apal" atawa "nu ngajaga"). Nabi Muhammad mangrupa hafiz pertama. Tilawah تلاوة Al Qur'an mangrupa kasenian nu hadé di dunya Muslim.

Tapsir Qur'an[édit | édit sumber]

Pitulung pangpentinga dina napsirkeun harti ayat-ayat Qur'an nyaéta Hadis - kumpulan tradisi Islam (kagiatan jeung sasanggeman Nabi Muhammad). Élmu isnad tumuwuh dina mangsa munggaran abad Hijriyah, nu usaha ngagolongkeun sasanggeman/béja hadis dumasar bisa henteu dipercayana jalma nu nepikeun hadis. Tapsir Qur'an salajengna tumuwuh jadi hiji élmu mandiri nu disebut élmu tapsir. Di antaran élmuwan nu kawentar nyaéta Tabari, Zamakhshari, Turmudhi, Ibn Kathir.

Naha quran teh mahluk atanapi lain (abadi) ?[édit | édit sumber]

Kalobaan ulama tauhid ngayakinkeun yén al-quran téh kalam Allah nu tangtos sanes mahluk jeung moal ruksak (abadi),sabab al-quran téh dawuhan Allah, jeueng ari ngadawuh téh éta salah sahiji sifat Allah. Lamun sifat Allah teu abadi, tangtu dzat Allah gé teu abadi, sedengken lamun Alla teu abadi éta mustahil. ku lantaran kitu kaharti ku akal yén sifat Allah nu ieu (ngadawuhna Allah) mustahil ruksak, ku lantaran mustahil ruksak, atuh jelas yén al-quran téh lain mahluk. Ngenaan ieu pendapat kungsi dibabarkeun ka ahli filsafatna Yunani, utamina téori-téori Plato yén sadaya kanyataan jeung kabeneran anu teu kawates tangtos abadi jeung moal matak robah.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Surat sateuacanna:
'
Surat Surat saparantosna:
'
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. Arabic pronunciation 
  2. BYU Studies, vol. 40, nomer 4, 2001. Kaca 52
  3. Lisan al-Arab

Alihbasa[édit | édit sumber]

Koméntar Lawas[édit | édit sumber]

  • al-Tabari, Muhammad ibn Jarir -- Jami al-bayan `an ta'wil al-Qur'an, Cairo 1955-69, transl. J. Cooper (ed.), The Commentary on the Qur'an, Oxford University Press, 1987. ISBN 0-19-920142-0

Pustaka Lawas[édit | édit sumber]

Pustaka Modéren[édit | édit sumber]

  • Al-Azami, M. M. -- The History of the Qur'anic Text from Revelation to Compilation, UK Islamic Academy: Leicester 2003.
  • Bellamy, James A. -- "Some Proposed Emendations to the Text of the Koran", Journal of the American Oriental Society, Vol. 113, 1993
  • Bellamy, James A. -- "More Proposed Emendations to the Text of the Koran", Journal of the American Oriental Society, Vol. 116, 1996
  • Bellamy, James A. -- "Textual Criticism of the Koran", Journal of the American Oriental Society, Vol. 121, 2001
  • Crone, Patricia, and Michael Cook -- Hagarism, Cambridge University Press, 1977
  • Gatje, Helmut, and Alford T. Welch -- The Qur'an and Its Exegesis, Oneworld Publications; New Ed edition (November 1, 1996). ISBN 1-85168-118-3
  • Ibn Warraq (ed.), The Origins of the Koran, Prometheus Books, 1998. ISBN 1-57392-198-X
  • Kassis, Hanna E. -- A Concordance of the Qur'an, University of California Press (March 1, 1984), ISBN 0-520-04327-8
  • Luxenberg, Christoph (2004) -- Die Syro-Aramäische Lesart des Koran: Ein Beitrag zur Entschlüsselung der Koransprache, Berlin, Verlag Hans Schiler, 2005, ISBN 3-89930-028-9
  • McAuliffe, Jane Damen -- Quranic Christians : An Analysis of Classical and modérn Exegesis, Cambridge University Press, 1991. ISBN 0-521-36470-1
  • McAuliffe, Jane Damen (ed.) -- Encyclopaedia of the Qur'an, Brill, 2002-2004.
  • Puin, Gerd R. -- "Observations on Early Qur'an Manuscripts in Sana'a," in The Qur'an as Text, ed. Stefan Wild, , E.J. Brill 1996, pp. 107–111 (as reprinted in What the Koran Really Says, ed. Ibn Warraq, Prometheus Books, 2002)
  • Rahman, Fazlur -- Major Themes in the Qur'an, Bibliotheca Islamica, 1989. ISBN 0-88297-046-1
  • Robinson, Neal, Discovering the Qur'an, Géorgetown University Press, 2002. ISBN 1-58901-024-8
  • Sells, Michael, -- Approaching the Qur'an: The Early Revelations, White Cloud Press, Book & CD edition (November 15, 1999). ISBN 1-883991-26-9
  • Stowasser, Barbara Freyer -- Women in the Qur'an, Traditions, and Interpretation, Oxford University Press; Reprint edition (June 1, 1996), ISBN 0-19-511148-6
  • Wansbrough, John -- Quranic Studies, Oxford University Press, 1977
  • Watt, W. M., and R. Bell, Introduction to the Qur'an, Edinburgh University Press, 2001. ISBN 0-7486-0597-5

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikisource logo
Wikisource mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca