Régulasi algoritma
Régulasi algoritma (atawa pangaturan algoritmik) nyaéta upaya pikeun netepkeun undang-undang, aturan, jeung kawijakan séktor publik anu tujuanana pikeun ngadorong sarta ngawas pamakéan algoritma,[1][2] utamana algoritma anu dipaké dina widang kacerdasan buatan (AI) jeung pembelajaran mesin (machine learning).[3] Pikeun algoritma anu patali langsung jeung AI, istilah anu ilahar dipaké nyaéta régulasi kacerdasan buatan.[4] Régulasi algoritma muncul minangka réspon kana beuki gedéna pangaruh algoritma dina kahirupan manusa, sarta perluna kasaimbangan antara inovasi téknologi jeung pangelolaan résiko. Isu ieu jadi perhatian global, hususna di wewengkon saperti Uni Éropa jeung Amérika Sarikat,[5][6] anu ngajadikeun régulasi AI minangka fokus utama dina nyusun kawijakan publik. Sanajan dianggap penting pikeun ngarojong kamajuan téknologi bari ngadalikeun résiko, palaksanaan regulasi ieu teu leupas tina rupa-rupa tangtangan.[7][8]
Régulasi algoritma dina kontéks global
[édit | édit sumber]Pendekatan regulasi algoritma béda-béda gumantung kana wewengkonna. Di Asia, contona, Jepang leuwih nekenkeun norma jeung tata kelola, sedengkeun Tiongkok nerapkeun aturan anu leuwih spésifik, utamana patali jeung eusi.[9] Di Indonesia, pangawasan kana pamakéan AI mimiti diwangun ngaliwatan Undang-Undang Perlindungan Data Pribadi (UU PDP),[10] anu jadi dasar hukum pikeun ngatur prosés data ku sistem AI. Sajaba ti AI, regulasi algoritma ogé ngawengku téknologi blockchain, hususna dina pamakéan kontrak pinter (smart contract) dina sektor kauangan jeung digital.[11] Sababaraha nagara ogé geus nerapkeun aturan ngeunaan perdagangan frekuensi luhur (high-frequency trading), anu sairing kamajuan téknologi ayeuna mimiti asup kana ranah algoritma AI.[12]
Regulasi algoritma dimekarkeun lantaran aya kahariwang ngeunaan kamungkinan leungitna kadali kana sistem algoritmik anu dampakna beuki gedé kana kahirupan manusa. Sababaraha nagara geus netepkeun aturan patali jeung sistem panghitungan skor kiridit otomatis, di mana hak pikeun meunangkeun panjelasan (right to explanation) jadi kawajiban pikeun sistem algoritma.[13][14] Di Indonésia, isu nu sarupa kaasup dina hak subjek data kana pamrosésan otomatis, sakumaha diatur dina UU PDP.[10]
Étika, bias, jeung transparansi dina sistem algoritmik
[édit | édit sumber]Dina widang standar étika, Institute of Electrical and Electronics Engineers (IEEE) geus nyusun padoman anu sacara écés ngabahas isu étika sarta nimbangkeun nilai-nilai pamaké di mangsa nu bakal datang.[15] Kahariwang ngeunaan bias, transparansi, jeung étika muncul dina rupa-rupa widang, mimiti ti sistem peradilan pidana nepi ka layanan kaséhatan.[16] Aya résiko yén sistem AI bisa niron atawa malah nguatkeun kateusaruaan sosial anu geus aya, dumasar kana ras, kelas sosial, génder, jeung oriéntasi séksual.[17]
Tantangan régulasi algoritma di Indonesia
[édit | édit sumber]Di Indonésia, para ahli ogé nyorot poténsi munculna fénomena Tirani Algoritma sarta résiko éksploitasi dunya maya ku ngagunakeun sistem AI.[18][19] Hususna dina sektor kaséhatan, perhatian kana isu étika, bias data, jeung transparansi layanan jadi beuki penting, nepi ka diperlukeun kawijakan jeung kerangka regulasi anu mateng pikeun integrasi AI sacara nasional.[20][21] Dina tingkat global, kamajuan regulasi sapertos Undang-Undang Kacerdasan Buatan Uni Éropa nuduhkeun arah anyar dina pangaturan résiko AI sacara kompréhénsif.[22]
Régulasi algoritma blockchain
[édit | édit sumber]Sistem blockchain nyayogikeun mékanisme transaksi anu transparan sarta sifatna tetep atawa permanén. Karakteristik ieu nimbulkeun rupa-rupa perdebatan, lantaran dianggap henteu saluyu jeung tujuan utama Peraturan Umum Perlindungan Data (GDPR) Uni Éropa, nyaéta méré kakawasaan lengkep ka individu pikeun ngadalikeun data pribadina, kaasup hak pikeun ngahapus data éta.[23]
Ngaliwatan kaputusan ngeunaan pangembangan ékonomi digital, Belarus jadi nagara munggaran di dunya anu ngalégalkeun kontrak pinter (smart contract). Pangacara asal Bélarus, Denis Aleinikov, dipikawanoh minangka tokoh anu ngagagas konsép hukum kontrak pinter anu dilebetkeun dina kaputusan éta.[24] Sanajan aya pamadegan kuat yén undang-undang nagara bagian di Amérika Sarikat sabenerna geus cukup jadi dasar hukum pikeun ngalaksanakeun kontrak pinter, sababaraha nagara bagian sapertos Arizona, Névada, Ohio, jeung Tennessee tetep ngalakukeun amandemen undang-undang sacara husus pikeun mastikeun yén kontrak berbasis blockchain bisa ditegakkan sacara hukum.[25] Réspon unggal yurisdiksi kana téknologi blockchain jeung aset kripto béda-béda, biasana museur kana panyalindungan investor, ngajaga stabilitas kauangan, sarta nyegah prakték pencucian duit.
Jepang kaasup nagara anu mimiti nyokot léngkah dina ngatur kripto ku cara ngarobah Undang-Undang Layanan Pembayaran (Payment Services Act) dina April 2017. Nagara ieu jadi salah sahiji anu pangheulana di dunya anu sacara resmi ngatur asét kripto sarta nerapkeun kawajiban pendaptaran pikeun panyadia jasa pertukaran asét kripto (Crypto-Asset Exchange Service Providers). Kerangka hukum ieu museur kana panyalindungan pamaké jeung pamisahan aset milik konsumén, sarta terus diropéa pikeun ngawengku instrumen anyar saperti stablecoin jeung produk turunan (derivatif).[26][27]
Sedengkeun di Indonesia, aset kripto henteu diasupkeun kana kategori mata uang atawa surat berharga, tapi diklasifikasikeun minangka komoditas anu diatur ku Badan Pengawas Perdagangan Berjangka Komoditi (Bappebti). Kerangka hukum ieu mimiti diberlakukan dina taun 2019, anu ngamungkinkeun perdagangan aset kripto dilaksanakeun dina bursa anu geus diatur sacara légal.[28]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Wirtz, Bernd W.; Weyerer, Jan C.; Geyer, Carolin (2018-07-24). "Artificial Intelligence and the Public Sector — Applications and Challenges". International Journal of Public Administration. 42 (7): 596–615. doi:10.5281/zenodo.3569435.
- ↑ article, Melinda Lohmann. "Rise and Regulation of Algorithms". New (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "Imposing Regulation on Advanced Algorithms". SpringerLink (Dina basa Inggris).
- ↑ "Regulation of artificial intelligence in selected jurisdictions | WorldCat.org". search.worldcat.org (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ Briefing, China. "China to Regulate Deep Synthesis (Deepfake) Technology from 2023". China Briefing News (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "AI Risk Management Framework". NIST (Dina basa Inggris). 2021-07-12.
- ↑ "Algorithms have gotten out of control. It's time to regulate them". The Week (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ Putra, M. Irfan Dwi. "Regulasi AI di Indonesia belum cukup, perlu aturan yang lebih spesifik". The Conversation (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ Ichikawa, Tagui (2025-06-17). "Norms in New Technological Domains: Japan's AI Governance Strategy" (Dina basa Inggris).
- 1 2 "UU No. 27 Tahun 2022". Database Peraturan | JDIH BPK (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "Wayback Machine" (PDF). bappebti.go.id. Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "Imposing Regulation on Advanced Algorithms". SpringerLink (Dina basa Inggris).
- ↑ "§ 1002.9 Notifications". Consumer Financial Protection Bureau (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "Art. 22 GDPR – Automated individual decision-making, including profiling". General Data Protection Regulation (GDPR) (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ Treleaven, Philip; Barnett, Jeremy; Koshiyama, Adriano (2019-02). "Algorithms: Law and Regulation". Computer. 52 (2): 32–40. doi:10.1109/MC.2018.2888774. ISSN 1558-0814.
- ↑ page, Karen Haoarchive. "AI is sending people to jail—and getting it wrong". MIT Technology Review (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ page, Karen Haoarchive. "AI is sending people to jail—and getting it wrong". MIT Technology Review (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ Khairurizqi, Rahmat. "Bamsoet Ingatkan Ancaman AI, Tirani Algoritma, dan Muslihat Disinformasi". detiknews (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "BPIP-CSIRT". csirt.bpip.go.id. Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "Tantangan kebijakan integrasi AI pada ekosistem kesehatan nasional". govinsider.asia (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "AI dalam Pelayanan Kesehatan: Kemudahan hingga Tantangan - Netray" (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "AI Act | Shaping Europe's digital future". digital-strategy.ec.europa.eu (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "Blockchain and the General Data Protection Regulation - Think Tank". www.europarl.europa.eu (Dina basa Jérman). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ Patricolo, Claudia. "ICT Given Huge Boost in Belarus". Emerging Europe (Dina basa Inggris (Britania)). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "Blockchain & Cryptocurrency Laws & Regulations 2026 | USA". GLI (Dina basa Inggris (Britania)). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ Ekshian, Emily. "Policy Brief: Japan's FSA Crypto Asset and Stablecoin Framework". Crypto Council for Innovation (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "Blockchain and the General Data Protection Regulation | Think Tank | Europäisches Parlament" (Dina basa Jérman). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ Franedya, Roy. "Ini Cryptocurrency yang Berpotensi Diperdagangkan di RI". CNBC Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-15.