Rékayasa instruksi
Rékayasa instruksi atawa dina basa Inggris disebut prompt engineering nyaéta hiji prosés nyusun jeung ngarancang paréntah sangkan modél basa skala gedé (Large Language Model/LLM) mampuh ngahasilkeun jawaban anu leuwih merenah, tepat, jeung saluyu jeung nu dipiharep tina kacerdasan jieunan (AI) generatif. Téhnik ieu jadi penting lantaran modél AI digawé dumasar kana pola tina data, ku kituna cara pamaké méré parentah atawa instruksi kacida mangaruhanana kana hasil kaluaran anu dihasilkeun.[1]
Prompt nyaéta téks basa alami anu ngajelaskeun pancén atawa tugas anu kudu dilakukeun ku AI. Dina modél basa tipe téks-ka-téks, prompt bisa mangrupa patalékan, paréntah, atawa katerangan anu leuwih panjang, kaasup kontéks, parentah husus, jeung riwayat paguneman saméméhna. Rékayasa prompt bisa ngalibetkeun cara nyusun frasa patalékan, nangtukeun gaya basa, milih kecap jeung tata basa anu merenah, nyayagikeun kontéks anu patali, atawa ngajelaskeun karakter atawa peran anu kudu ditiron ku AI dina ngahasilkeun réspon.[1]
Konsép jeung cara gawé
[édit | édit sumber]Fokus utama rékayasa instruksi nyaéta kumaha cara nyusun parentah anu écés, terarah, jeung teu multitafsir. Paréntah anu hadé bakal ngabantu modél atawa sistem AI pikeun ngarti maksud pamaké, sangkan jawaban anu dihasilkeun jadi leuwih rélevan jeung saluyu jeung kabutuhan anu dipiharep.[2] Sababaraha prakték dasar dina nyusun prompt di antarana nyaéta:
- Instruksi langsung, nyaéta méré parentah anu écés, husus, jeung henteu ngabingungkeun. Modél parentah ieu cocog pikeun pancén anu basajan, nalika pamaké geus boga gambaran anu jelas ngeunaan hasil anu dipikahayang.
- Instruksi kabuka, nyaéta cara méré parentah anu masihan kalonggaran leuwih lega ka sistem AI. Wangun ieu ilahar dipaké dina kagiatan anu merlukeun kréativitas atawa éksplorasi gagasan, saperti brainstorming, nyusun carita, atawa diskusi anu sifatna éksploratif. Ku sabab watesan anu dibikeun teu loba, modél bakal ngamangpaatkeun data latihanana pikeun nangtukeun cara réspon anu dianggap panghadéna, sahingga hasilna bisa rupa-rupa atawa teu salawasna bisa diprediksi. Dina kaayaan nu tangtu, AI bisa milih sorangan aspék anu rék dibahas, misalna latar tukang, téori, atawa struktur tina hiji konsép.
- Instruksi husus jeung tegas, nyaéta prakték anu dipaké pikeun pagawean anu merlukeun katepatan jeung orientasi kana hasil, saperti narjamahkeun, nyindekkeun eusi, atawa ngalakukeun itungan. Instruksi ieu biasana disusun sacara sistematis sarta mindeng dilengkepan ku kontéks atawa conto. Pendekatan ieu ngamangpaatkeun pamahaman modél kana pancén anu tangtu, sarta bisa digabungkeun jeung téknik saperti few-shot atawa zero-shot prompting pikeun ningkatkeun katepatan réspon.
Tehnik-tehnik
[édit | édit sumber]Rupa-rupa téknik dipaké pikeun ngabantu modél AI sangkan leuwih ngartos kana pancén atawa tugas anu dipasrahkeun ku pamaké.[3]
Chain-of-Thought
[édit | édit sumber]Téknik ieu dirancang pikeun ngadorong modél ngajelaskeun léngkah-léngkah mikirna heula saméméh méré jawaban ahir. Ku cara kitu, modél bisa ngalakukeun penalaran sacara bertahap, anu ahirna bisa ningkatkeun katepatan jawaban, utamana dina masalah anu merlukeun logika jeung pamikiran runtut.[3]
Few-Shot jeung Zero-Shot Prompting
[édit | édit sumber]Few-shot prompting nyaéta téknik méré sababaraha conto ka modél sangkan bisa ngartos pola jeung maksud tina tugas anu dipiharep. Sedengkeun zero-shot prompting ngan ukur ngandelkeun parentah anu écés tanpa dibarengan ku conto tambahan, tapi tetep bisa ngahasilkeun jawaban lamun instruksina jelas.[3]
Téhnik lanjutan
[édit | édit sumber]Auto-CoT (Automatic Chain-of-Thought) mangrupa métode anu ngamungkinkeun modél ngahasilkeun runtuyan penalaran sacara otomatis tanpa kudu méré conto sacara manual. Salian ti éta, panalungtikan panganyarna ogé ngenalkeun pola penalaran anu leuwih kompleks, saperti tree-of-thought, anu ngamungkinkeun modél ngajajah rupa-rupa kamungkinan jawaban ngaliwatan cabang-cabang pamikiran anu béda.[3]
Apliaksi jeung tangtangan
[édit | édit sumber]Rékayasa instruksi dipaké dina rupa-rupa widang, saperti panulisan otomatis, layanan palanggan, atikan, analisis data, jeung pamekaran parangkat lunak. Téhnik ieu ngamungkinkeun pamaké pikeun ngamangpaatkeun kamampuh modél AI sacara maksimal tanpa kudu ngarobah parameter internal anu aya dina modél éta.[4]
Sanajan kitu, rékayasa instruksi ogé miboga sababaraha tangtangan. Instruksi anu teuing umum bisa ngahasilkeun jawaban anu kurang pas, sedengkeun instruksi anu kaleuleuwihi rumit bisa matak ngabingungkeun modél. Sajaba ti éta, hasil anu dihasilkeun tetep kapangaruhan ku watesan pangaweruh modél sarta bias anu aya dina data latihanana.[4]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 "Prompt engineering concepts - Amazon Bedrock". docs.aws.amazon.com. Diaksés tanggal 2025-12-15.
- ↑ "Prompt Engineering Techniques | IBM". www.ibm.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-12-15.
- 1 2 3 4 "Chain-of-Thought Prompting Elicits Reasoning in Large Language Models". https://arxiv.org/abs/2201.11903. ; ;
- 1 2 "RAG vs fine-tuning vs. prompt engineering | IBM". www.ibm.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-12-15.