R.A.A. Kusumahningrat
| Radén Aria Adipati Kusumahningrat (Dalem Pancaniti) | |
|---|---|
| Bupati Cianjur | |
| Masa jabatan 1834–1862 | |
| Saméméhna | R. Tumenggung Wiranagara |
| Sanggeusna | R.A.A. Prawiradireja II |
| Katerangan lian | |
| Gumelar | Cianjur |
| Pupus | 1862 Cianjur |
| Kabangsaan | Hinda-Belanda |
| Profési | Bangsawan |
| Ageman | Islam |
| Tanda tangan | ![]() |
R.A.A Kusumahningrat atau sering dipikawanoh ku ngaran Dalem Pancaniti (gumelar di Cianjur, Jawa Kulon taun 1834) nyaéta inohong di widang tembang. Anjeunna ngembangkeun Tembang Cianjuran. Salian éta, anjeunna ogé mangrupa Bupati Cianjur anu ka-10. Anjeunna ogé mangrupakan tokoh nu munggaran nyieun kamus dwi-bahasa Melayu-Sunda.
R.A.A. Kusumahningrat disebut ogé Dalem Pancatiti ku sabab anjeunna sok aya dina hiji ruangan nu ngaranna Pancatiti. Di ruangan éta anjeunna terus ngahasilkeun karya, nepi ka aya salah sahiji anu bisa dijadikeun bukti, rupana nyaéta Tembang Cianjuran.[1] Salian éta, anjeunna ogé kungsi nulis sababarah hikayat jeung kisah maké Basa Sunda. Ieu mangrupa bukti anjeunna aktif atawa fokus ngalakonan di widang seni musik atawa tembang.
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ "Mengenal Seni Adiluhung Cianjuran | BaleBandung" (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2022-04-30.
