Lompat ke isi

R. Nuriana

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Mayjen TNI (Purn.) Raden Nana Nuriana
gumelar di Sumedang , 17 April 1938; umur 87 taun
Gubernur Jawa Barat ka-13
Masa jabatan
13 Juni 1993  13 Juni 2003
Présidén Soeharto
Bacharuddin Jusuf Habibie
Abdurrahman Wahid
Megawati Sukarnoputri
Saméméhna Yogié Suardi Mémét
Sanggeusna Danny Setiawan
Katerangan lian
Gumelar Radén Nana Nuriana
17 April 1938 (1938-04-17) (yuswa 87)
Sumedang, Jawa Barat
Kabangsaan Indonesia Indonesia
Partéy pulitik Partai Golongan Karya (1967-2005)
Independen (2005-sekarang)
Alma mater Akademi Militer Nasional
Profési Tentara
Ageman Islam

R. Nuriana lengkepna Mayjen TNI (Purn.) Radén Nana Nuriana (gumelar di Sumedang , 17 April 1938; umur 87 taun) nyaéta saurang inohong Sunda.[1] Ngalungguhan jabatan Gubernur Jawa Barat dua periode 19931998 jeung 19982003.[1] Anjeunna ogé saurang purnawirawan tentara kalawan pangkat Mayjen TNI, namatkeun sakola di Akademi Militer Nasional (AMN) dina taun 1962.[1]Saméméh ngalungguhan jabatan gubernur, anjeunna ngalungguhan jabatan Pangdam III/Siliwangi periode 1991-1993.[2]

Dina mangsa pamaréntahanna, anjeunna kungsi ngaresmikeun sababaraha tempat anu pinuh ku sajarah saperti: masjid raya anu perenahna di sabudeureun alun-alun kota Bandung, ngarandapan pamugaran pikeun dilegaan tur dijangkungan.[3] Pangwangunan ti mimiti nepi ka diresmikeun lilana 2 taun 99 poé (tanggal 25 Pébruari 2001 nepi ka 4 Juni 2003).[3] Kaping 23 Agustus 1995 anjeunna ngaresmikeun monumén Perjuangan Rakyat Jawa Barat perenehna di Jalan Dipati Ukur Nomor 48 Bandung, monumen ieu ilahar disebut Monju beunang ngarancang Slamet Wirasonjaya jeung Sunaryo. [4] Kaping 6 Agustus 2010 ngaresmikeun Masjid Al Imtizaj anu mibanda gaya arsitektur Tiongkok ieu masjid perenahna di Jl. ABC No. 8 Banceuy Bandung.[5]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]
  1. Mohamad Sanusi Hardjadinata
  2. Aang Kunaéfi Kartawiria
  3. Ukar Bratakusumah
  4. Mashudi
  5. Ahmad Héryawan
  6. Ipik Gandamana
  7. Yogié Suardi Mémét


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 M. Syuhada, Maulana (2015). 40 Days In Europe. Jakarta: Bentang Pustaka. ISBN 9786022910831.
  2. "Khazanah Arsip Statis Jawa Barat". jabarprov. 2000-01-01. Diaksés tanggal 2017-07-04. Archived 2020-09-25 di Wayback Machine
  3. 1 2 "Indahnya Pemandangan Kota Bandung dari Menara Kembar". nasional.tempo.co. 2016-12-05. Diaksés tanggal 2017-07-20.
  4. "Menengok museum dengan model arsitektur bambu runcing". merdeka.com. 2015-12-02. Diaksés tanggal 2017-07-20.
  5. "Masjid Al Imtizaj, Bukti Bahwa Islam Tidak Melulu 'Arab'". liputan6.com. 2015-09-07. Diaksés tanggal 2017-07-20. Archived 2017-05-23 di Wayback Machine