Lompat ke isi

RSUD Bayu Asih

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

RSUD Bayu Asih nyaéta rumah sakit diadegkeun taun 1925 dina waktos akhir pamaréntahan Bupati Karawang di Purwakarta, R.T.A. Gandanegara jeung mimiti pamaréntahan Bupati Karawang di Purwakarta saanggeusna, R.A.A. Soeriamihardja. Dibere ngaran Bayu Asih anu miboga harti “ngamumule dina kakuatan pangasihan.”[1] Rumah sakit ieu kaasup rumah sakit pangkolotna di wilayah Purwakarta, Karawang, Subang, jeung Bekasi.[2]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Dina waktos taun 1927, ieu rumah sakit kaduruk, ku sabab éta diwangun deui rumah sakit dina lokasi nu séjén di Jalan Raya Véteran (baheula ngaranna Jalan Raya Purwakarta Utara teras dirobah deui janten Jalan Raya Jénderal Sudirman). Wangunan rumah sakit nu baheulana janten wangunan sakola Sekolah Kejuruan Kepandaian Putri (SKKP) Negeri, Sekolah Kesejahteraan Keluarga Atas (SKKA), Sekolah Menengah Kesejahteraan Keluarga (SMKK), ayeunna wangunan Sekolah Kejuruan Kepandaian Putri (SKKP) Negeri, Sekolah Kesejahteraan Keluarga Atas (SKKA), Sekolah Menengah Kesejahteraan Keluarga (SMKK), ayeuna Sekolah Menengah Pertama Negeri (SMPN) 4 Purwakarta.[1]

Kaping 18 Oktober taun 1930, ieu rumah sakit diresmikeun ku Gubernur Jenderal Jhr. Mr. Dr. Andries Cornelis Dirk van de Graeff jeung Residen Hr. A. Sangster, Bupati Karawang di Purwakarta R.A.A. Soeriamihardja, Hr. Slotemaker de Bruine, Pendeta O.E. van der Brug, dr. W.J.L. Bake, dr. Wimmel dan dr. F.J. Bosman (Zend.Arts) jeung pingpinan suster Zr. H. Hazewindus.[1]

Wangunan

[édit | édit sumber]

Wangunan rumah sakit jeung arsitékturna digagas ku Annemer Lie Djien Tiong, dibantosan ku R. Moehammad Asik jeung R. Ahmad Soeta.[1]

Anggaran pikeun ngawangun ieu rumah sakit nyaéta Nf 280.000 (dua ratus salapan puluh rubu dina mata uang Walanda) anu meunang ti dana masarakat, kantor Pamanoekan jeung Tjiasem Landen, jeung pamaréntah kolonial Walanda.[3]

Palayanan jeung pengelolaan

[édit | édit sumber]

Rumah sakit ieu miboga luas taneuh lima hektar jeung luas wangunanana 5.000 m. Unit anu aya dina rumah sakit ieu nyaéta unit rawat jalan, unit rawat inap, bangsal, apotek, sakola kajuruan jeung asrama.[1]

Mimitina, ieu rumah sakit diurus ku Yayasan Gereja Kristen Pasundan (GKP), teras ku pamaréntah daérah Purwakarta dina taun 1976.[4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 "Sejarah Rumah Sakit Umum Daerah Bayu Asih Purwakarta". Dinas Arsip dan Perpustakaan Kabupaten Purwakarta (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-08-01.
  2. Sugianto, Enjang. "Sejarah Rumah Sakit Bayu Asih Sejak 1930! - Purwakarta Online". Sejarah Rumah Sakit Bayu Asih Sejak 1930! - Purwakarta Online (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-01.
  3. "Cerita Masa Lalu Rumah Sakit Tertua di Purwakarta, Pernah Alami Kebakaran Sampai Harus Pindah Lokasi". merdeka.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-08-01.
  4. Hanipah, Ipah. "Sejarah Singkat RSUD Bayu Asih Purwakarta - Jadi Tau". Sejarah Singkat RSUD Bayu Asih Purwakarta - Jadi Tau (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-01.[tumbu nonaktif]