Ranggong Daeng Romo
Pidangan
Ranggong Daeng Romo (lahir di Polongbangkeng Utara, 1915, pupus di markas Lapris, Langgese, 27 Pébruari 1947) nyaéta salah sahiji Pahlawan nasional Indonésia ti Sulawesi Kidul.[1]
Kahirupan
[édit | édit sumber]Ranggong Daeng Romo sakola di Hollandsch Inlandsch School jeung di Taman Siswa di Makassar sanggeus saméméhna diajar agama di hiji sakolah pasantrén di Cikoang. Ranggong mimitina damel salaku karyawan di pabrik paré milik pamaréntah militer Jepang nalika pendudukan di Sulawesi.[2]
Dina tanggal 5 Désémber 1945, anjeunna diangkat janten Komandan Barisan Gerakan Pemuda.[2]
Panghargaan
[édit | édit sumber]Ranggong Daeng Romo, anu pupus dina tanggal 27 Pébruari 1947, dileler gelar pahlawan nasional ku pamaréntah dina tanggal 3 Nopémber 2001 kalayan dikaluarkeunana Kaputusan Présidén No. 109/TK/2001.[1]
Referensi
[édit | édit sumber]- 1 2 Irham, Muh. "Kisah Ranggong Daeng Romo, Bangsawan Asal Polongbangkeng yang Tak Mau Tunduk pada Belanda". Tribun-timur.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09.
- 1 2 Tiim Redaksi (2021-06-21). "Ranggong Daeng Romo: Peran, Perjuangan, dan Akhir Hidup". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09.