Lompat ke isi

Rarangkén di-

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda

Rarangkén hareup:
N-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti- ba- ting- pada- si- sang- per-
Rarangkén tengah:
-ar-, -um-, -in-,
Rarangkén tukang:
-an, -eun, -keun, -na,
Rarangkén barung:
ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika--eun, sa--eun,

Kotak ieu: temposawalaédit

Rarangkén di- mangrupa salah sahiji rarangkén hareup (en:afix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén di- ngawangun wanda kecap pagawéan, boh aktif, boh pasif.

Rarangkén di- teu ngalaman parobahan sora (en:alomorf) kawas rarangkén N- atawa -na.

Rarangkén di-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecapHartiConto
pagawéan aktif"ngalakukeun ... "digawé, diajar, didamel
pagawéan aktif"maké ... "dikopéah, dibaju, dikabaya, disapatu, didasi
pagawéan aktif"ngaluarkeun ... "disada
pagawéan pasif"kakeunaan pagawéan ... "dibaca, dibilang, dibawa, dicokot, dikorupsi
pagawéan pasif"kakeunaan pagawéan ku/maké ... "dikompa, didongkrak, dibuldoser, disugu, dipacul
pagawéan pasif"dijieun jadi ... "diruksak, dijebol, dibentuk, dibulao
pagawéan pasif"dibéré ... "dihormat, dipeunteun, dihampura