Ratu Kalinyamat
| Ratu Kalinyamat | |
|---|---|
Gambaran Ratu Kalinyamat (Ilustrasi). | |
| Gumelar | Retna Kencana Teu kanyahoan |
| Tilar dunya | 1579 Jepara, Jawa Tengah |
| Maot lantaran | Sepuh |
| Pasaréan | Komplék Masjid Mantingan, Jepara |
| Monumén | Patung Ratu Kalinyamat di Jepara |
| Padumukan | Kalinyamat, Jepara |
| Kabangsaan | Jawa (Kasultanan Demak) |
| Ngaran landian | Rainha de Japara |
| Pagawéan | Pangawasa Jepara, Tokoh Maritim |
| Taun aktip | 1549–1579 |
| Pasangan | Pangéran Hadiri (Pangéran Kalinyamat) |
| Kolotna | Sultan Trenggana (Rama) |
| Kulawarga | Sunan Prawoto (Lanceuk), Ratu Mas Kencana (Adi) |
Ratu Kalinyamat (maot taun 1579) nyaéta saurang pangawasa di Jepara anu kawéntar ku kawani sarta kakuatan maritimna di Nusantara dina abad ka-16.[1] Anjeunna téh putri ti Sultan Trenggana, raja katilu Kasultanan Demak.[2] Salaku inohong awéwé, anjeunna miboga peran kalintang penting dina peta politik sarta pertahanan laut di Semenanjung Melayu jeung Pulo Jawa, utamana dina ngalawan ékspansi bangsa Portugis. [1]
Asal-usul sarta Kulawarga
[édit | édit sumber]Nami asli anjeunna téh Retna Kencana. Anjeunna nikah ka Pangéran Hadiri, saurang inohong anu séké-sélérna dumasar carita rahayat mah ti Acéh, nu satuluyna diistrénan jadi adipati di Jepara kalayan gelar Pangéran Kalinyamat. Saatos carogéna ditelasan ku utusan Arya Penangsang dina pacengkadan suksési Demak, Ratu Kalinyamat mingpin Jepara kalayan wijaksana sarta ngajantenkeun wilayahna salaku puseur kakuatan ékonomi jeung militer. [3]
Sumpah Tapa Wuda
[édit | édit sumber]Dina kapercayaan lokal sarta naskah-naskah babad, dicaritakeun yén saatos pupusna Pangéran Kalinyamat, Ratu Kalinyamat ngalaksanakeun tapa di Gunung Danaraja. Anjeunna sumpah moal liren tapa sarta moal nganggo papakéan anu pantes (tapa wuda sinjang rambut) dugi ka Arya Penangsang tiwas.[4] Ieu sumpah téh mangrupakeun simbol tijinna haté sarta perlawanan anjeunna ka pihak anu geus ngarusak tatanan Kasultanan Demak. [5]
Perlawanan Maritim Ngalawan Portugis
[édit | édit sumber]Ratu Kalinyamat kakoncara salaku pangawasa anu gaduh armada laut anu tohaga. Dina taun 1551, anjeunna ngirimkeun 40 kapal kalayan 4.000 prajurit pikeun mantuan Kasultanan Johor. Satuluyna dina taun 1574, dumasar kana catetan Portugis, anjeunna ngirimkeun deui armada anu langkung badag, nyaéta 300 kapal (80 di antarana kapal jung badag) kalayan 15.000 prajurit pikeun ngabébaskeun Malaka. Kusabab pangaruhna anu kacida gedéna, urang Portugis méré landian "Rainha de Japara, senhora poderosa e rica" (Ratu Jepara, awéwé anu sakti tur beunghar). [6] [7]
Pupusna Pangéran Kalinyamat
[édit | édit sumber]Dina taun 1549, Sunan Prawata, raja kaopat Demak, tiwas ditiwasan ku utusan Arya Penangsang, misanana anu janten Adipati Jipang. Ratu Kalinyamat mendakan keris Kyai Betok kagungan Sunan Kudus nanceb dina jasad lanceukna éta. Ku kituna, Pangéran sarta Ratu Kalinyamat angkat ka Kudus kanggo nyuhunkeun katerangan. [8] Sunan Kudus mangrupakeun pangrojong Arya Penangsang dina pacéngkadan parebutan tahta saatos pupusna Raja Trenggana (1546). Ratu Kalinyamat sumping nungtut kaadilan alatan pupus lanceukna. Sunan Kudus ngajelaskeun yén nalika anom, Sunan Prawata kantos nelasan Pangéran Surowiyoto alias Sekar Seda Lepen, ramana Arya Penangsang, janten wajar upami ayeuna anjeunna kenging walesan anu satimpal. [9] Ratu Kalinyamat kuciwa kana sikep Sunan Kudus. Anjeunna sarta carogéna milih mulang ka Jepara. Di tengah jalan, maranéhna dikerepuk ku balad Arya Penangsang. Pangéran Kalinyamat tiwas. Kacaritakeun, anjeunna kantos ngarayap dina taneuh ku sésa-sésa tanagana, sahingga ku pangeusi sakitar, daérah tempat pupusna Pangéran Kalinyamat disebut désa Prambatan. [10] Dumasar carita, salajengna bari nyandak layon Pangéran Kalinyamat, Ratu Kalinyamat neraskeun lalampahan dugi ka hiji walungan. Getih anu kaluar tina layon Pangéran Kalinyamat ngajantenkeun cai walungan warnana wungu, anu satuluyna éta daérah katelah ku nami Kaliwungu. Beuki ka kulon, dina kaayaan lungsé, anjeunna ngalangkungan Pringtulis. Kusabab tina bakating ku lungsé leumpangna dugi ka sosolontodan; moyang-moyong; (sempoyongan), tempat éta ayeuna katelah ku nami Mayong. Satepina di Purwogondo, dingaranan kitu margi di tempat ieu mimiti kaluar bau (gondo) tina layon anu dicandak ku Ratu Kalinyamat, lajeng ngalangkungan Pecangaan dugi ka nepi di Mantingan. [11]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 The Editors of Encyclopaedia Britannica. (2023). "Jepara: Historical City". Britannica.com. Diaksés tanggal 30 Désémber 2025.
- ↑ https://setkab.go.id/presiden-jokowi-anugerahkan-gelar-pahlawan-nasional-kepada-enam-tokoh/
- ↑ Olthof, W.L. (Terj). (2007). Babad Tanah Jawi: Mulai dari Nabi Adam Sampai Tahun 1647. Yogyakarta: Narasi. Leiden University Library. Diaksés tanggal 30 Désémber 2025.
- ↑ Mardiyono, Peri (2020). Tuah Bumi Mataram: Dari Panembahan Senopati hingga Amangkurat II. Araska Publisher. hlm. 292. ISBN 9786237537793. Pemeliharaan CS1: Status URL (link)
- ↑ Raffles, T.S. (1817). The History of Java. London: Black, Parbury, and Allen. Archive.org. Diaksés tanggal 30 Désémber 2025.
- ↑ Do Couto, Diogo. (1778). Da Ásia: Dos feitos, que os Portuguezes fizeram no descubrimento, e conquista dos mares, e terras do Oriente. Lisbon: Régia Officina Typografica. Archive.org. Diaksés tanggal 30 Désémber 2025.
- ↑ Hasan, M. (2021). "The Military Diplomacy of Ratu Kalinyamat in the 16th Century". Journal of Maritime Studies, 5(2), 112-125. ejournal.undip.ac.id. Diaksés tanggal 30 Désémber 2025.
- ↑ De Graaf, H.J. & Pigeaud, Th.G.Th. (1985). Kerajaan-Kerajaan Islam di Jawa: Peralihan dari Majapahit ke Mataram. Jakarta: Grafitipers. ISBN 979-444-000-0. Diaksés tanggal 31 Désémber 2025.
- ↑ Ricklefs, M.C. (2008). A History of Modern Indonesia since c. 1200. Palgrave Macmillan. ISBN 978-0230546851. Archive.org. Diaksés tanggal 31 Désémber 2025.
- ↑ Olthof, W.L. (Terj). (2007). Babad Tanah Jawi: Mulai dari Nabi Adam Sampai Tahun 1647. Yogyakarta: Narasi. ISBN 979-168-047-7. Diaksés tanggal 31 Désémber 2025.
- ↑ Sofiana, A. (2017). "Ratu Kalinyamat: Rainha de Japara". Journal of Historical Studies, 1(1). Journal Unnes. Diaksés tanggal 31 Désémber 2025.