Lompat ke isi

Rhododendron zoelleri

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Rhododendron zoelleri
Azaléa
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Rhododendron
Spésiés:
Rhododendron zoelleri
Ngaran binomial
Rhododendron zoelleri
(Warb) Bot. Jahrb. Syst. 16: 15 (1892)
Tangkal Rhododendron zoelleri koléksi Kebon Raya Cibodas, Cianjur.

Rhododendron zoelleri atawa Azaléa nyaéta salah sahiji tangkal hemiepifit anu asalna tina kulawarga (Ericaceae), asli ti Indonésia nyaéta ti daérah Papua Nugini nepi ka Maluku. Tangkal ieu tumuwuh di daérah dataran rendah nepi ka pagunungan tropis jeung subtropis dina élévasi 2,000 mdpl.[1] Salah sahiji tangkalna aya di Kebon Raya Cibodas, Cianjur.

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Rhododendron zoelleri miboga ciri-ciri tangkal jangkungna nepi ka 10 m, kalawan ukuran batang 15 cm. Wangun rantingna ngabuleud miboga diaméter 3-5 mm. [2] Wangun daunna élips nepi ka élips lonjong, panjangna sakitar 1". [3] Daunna aya 3-6 siki dina pseudowhorls atawa nyusun ngalingker rapet kalayan ukuran helaian daunna 70–160 x 40–80 mm.[2] Kembangna miboga wangun corong anu gedé kalayan warna anu rupa-rupa, aya nu konéng, jingga, nepi ka warna salmon, atawa aya ogé anu tabungna warna konéng jeung lobus nu dipinuhan ku warna jingga nepi ka jingga beureum. [4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Tiberius Jimbo (Papua New Guinea Forest Research Institute) (2021-07-04). "IUCN Red List of Threatened Species: Rhododendron zoelleri". IUCN Red List of Threatened Species.
  2. 1 2 https://test.worldfloraonline.org/taxon/wfo-0000405531;jsessionid=89C59E9056F46DE9EA50A72D989C4D04. [tumbu nonaktif]
  3. Meyer, Frederick Gustav (1963). Plant Explorations: Ornamentals in the Netherlands, West Germany, and Belgium (Dina basa Inggris). Agricultural Research Service, U.S. Department of Agriculture.
  4. Headlam, Arthur W. (1980). "R. zoelleri, A Widely Distributed Vireya Rhododendron in New Guinea". The Quarterly Bulletin of the American Rhododendron Society. 34 (3). ISSN 0003-0821.