Rhodoleia championii
| Rhodoleia championii | |
|---|---|
| Rhodoleia championii di Kebon Raya Cibodas, Cianjur | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | R. championii |
| Ngaran binomial | |
| Rhodoleia championii | |
| Sinonim | |
|
Rhodoleia formosa Champ. ex Hance Rhodoleia latiovatifolia G.A.Fu Rhodoleia ovalifolia Ridl. Rhodoleia subcordata Exell Rhodoleia teysmannii Miq. | |
Rhodoleia championii nyaéta tutuwuhan anu kaasup kana kulawarga Hamamelidaceae. Tangkal ieu tumuwuh dina bioma anu boga iklim subtropis sarta sumebar di wewengkon Indo-Cina, Sumatra, Hainan, jeung Taiwan. Ngaran élmiah Rhodoleia championii munggaran diwanohkeun ku William Jackson Hooker dina taun 1850.[1]
Déskripsi
[édit | édit sumber]Rhodoleia championii nyaéta tatangkalan leutik anu tumuwuh sapanjang taun (evergreen) sareng tiasa ngahontal jangkungna kira-kira 12 meter. Kulit tatangkalan ieu warnana coklat poék jeung lemes. Daunna kandel, ngagurilap, sarta miboga tangkai, wangunna lonjong atawa obovat, kalayan ukuran panjang antara 7 nepi ka 16 cm sarta rubakna 4,5 nepi ka 10,5 cm. Bagéan handapeun daun warnana rada kulawu, biasana lemes, tapi sakapeung masih kénéh aya sésa sisik leutik bodas coklat.[2][3]
Kembangna beureum caang, tumuwuh dina tangkai pondok di kélék daun, ngagantung kalayan panjang sakitar 3 nepi ka 4 cm jeung rubak 2,5 nepi ka 3,5 cm. Unggal kembang miboga sababaraha lapisan kelopak buleud, loba makuta kembang nu wangunna spatula, sarta benang sari anu panjangna sarua jeung makuta kembang, sedengkeun putikna rada pondok. Buahna mangrupa kapsul anu miboga lima rohangan jeung eusina siki dempak warna konéng coklat.[2][3]
Panyebaran
[édit | édit sumber]Spésiés ieu asalna ti Asia Kidul Wétan. Wewengkon sebaranana ngawengku Myanmar, Malaysia, jeung Vietnam nepi ka Cina jeung Indonésia. Tutuwuhan ieu bisa kapanggih di leuweung primér jeung sekundér, boh di dataran handap boh di pagunungan. Spésiés ieu munggaran kapanggih tumuwuh di Hong Kong dina taun 1848, tapi ti harita geus dipelak deui di dinya pikeun ningkatkeun jumlahna di alam liar.[4]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Rhodoleia championii Hook. | Plants of the World Online | Kew Science". Plants of the World Online (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-02-17.
- 1 2 "Rhodoleia championii in Flora of China @ efloras.org". www.efloras.org. Diaksés tanggal 2025-02-17.
- 1 2 "HK Herbarium - Rhodoleia championii". www.herbarium.gov.hk. Diaksés tanggal 2025-02-17.
- ↑ World Conservation Monitoring Centre (1998-01-01). "IUCN Red List of Threatened Species: Rhodoleia championii". IUCN Red List of Threatened Species.