Lompat ke isi

Rio X'nter Cimahi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gedong Bioskop Rio

Rio X'nter Cimahi téh mangrupa wangunan heubeul urut wangunan bioskop nu ayana di Jl. Pabrik Aci, Kota Cimahi, deuket pisan jeung Alun-alun Kota Cimahi.[1] Wangunan ieu kacida patalina jeung sajarah perfilman jeung bioskop di wewengkon éta, sarta kaasup kana kategori wangunan cagar budaya.[2] Ayeuna, wangunan Rio X'nter Cimahi nu leuwih dipikawanoh ku ngaran Bioskopobah fungsi jadi pusat pertokoan nu ngajual alat éléktronik.[3]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Lamun nempo kana sajarah perfilman jeung gedong bioskop di Indonesia, Kota Bandung harita nempokeun dirina jadi kota katilu nu mibanda gedong bioskop panglobana, sanggeus Batavia jeung Surabaya. Ayana gedong bioskop di Bandung geus dimimitian ti taun 1907. Dina taun 1936, kota ieu geus boga kira-kira salapan gedong bioskop kawentar, di antarana: Concordia, Elita, Liberty, Luxor Park, Luxor Theater, Oranje, Oriental, Roxy, jeung Varia. Sakabéh gedong éta dipiboga ku saurang pangusaha bioskop kawentar nu ngaranna F.F. Busse. Dina usaha pikeun ngalegaan jangkuan bisnisna, F.F. Busse ngadegkeun sababaraha bioskop di daérah pasisian Bandung, salah sahijina di Kota Cimahi nu engké dipikawanoh ku ngaran Bioskop Rio.[1]

Bioskop Rio, nu diadegkeun dina mangsa kakawasaan Hindia Walanda, harita jadi tempat hiburan karesep pikeun urang Éropa, boh masyarakat sipil boh tantara Walanda. Ti saprak taun 1930-an, bioskop ieu geus jadi bagian tina kahirupan masarakat sarta bisa bertahan nepi ka dékade 1990-an. Dina hiji plakat nu kapanggih di lokasi, aya tulisan “ste Francoise Buse” nu dipercaya aya patalina jeung nu bogana atawa nu ngadegkeun éta gedong. Gedong bioskop nu ngagunakeun gaya arsitéktur art nouveau ieu baheulana nangtung teu jauh ti Alun-alun Cimahi. Tapi ayeuna, fungsina geus robah jeung wangunanana ogé geus loba robah. Sanajan kitu, sababaraha bagian asli ti éta gedong masih kénéh aya, di antarana fasad hateupna nu masih utuh jeung tulisan “Rio” nu masih katingali di luhur éta gedong.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 "Gedung Rio XNter". SADAYAPADU: Sistem Data Kebudayaan Terpadu.
  2. Cimahi, Badan Pusat Statistik Kota. "Cagar Budaya di Kota Cimahi - Tabel Statistik". cimahikota.bps.go.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.
  3. Pradana, Whisnu. "Cerita Bioskop Rio Bertahan hingga Akhirnya Meredup Ditelan Zaman". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.