Lompat ke isi

Rohana Kudus

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Roehana Koeddoes
GumelarSiti Roehana
20 Desémber 1884
Koto Gadang, Agam, Sumatra Kulon,
Hindia Walanda
Tilar dunya17 Agustus 1972 (yuswa 87)
Jakarta, Indonesia
PagawéanPangajar, wartawan
KabangsaanIndonesia
PasanganAbdoel Koeddoes
KolotnaMohamad Rasjad Maharadja
Soetan
(ayah)
Kiam (ibu)
KulawargaSoetan Noeralamsjah
Soetan Sjahrir (adi tiri)
Agoes Salim (misan)
Chairil Anwar (kapilanceuk)

Ruhana Kudus atawa Roehana Koeddoes (dieja: Ruhana Kuddus) nyaéta sala sahiji pahlawan nasional ti Sumatra Kulon anu kasohor salaku wartawan awéwé mimiti di Indonésia. Dina kapasitasna salaku wartawan, Rohana Kudus ngadegkeun Sunting Melayu (Soenting Melajoe), nyaéta salah sahiji koran awéwé munggaran di Indonésia.[1]

Kahirupan mimiti

[édit | édit sumber]

Anjeunna lahir kalayan ngaran Siti Ruhana dina tanggal 20 Désémber 1884 di désa (nagari) Koto Gadang, Kabupatén Agam, Sumatra Kulon.[2] Ramana Mohammad Rasjad Maharadja Soetan nyaéta jaksa kapala Karesidenan Jambi sareng engkéna di Medan. Ruhana nyaéta sadérék tiri Sutan Sjahrir, jeung misan Agus Salim.[3]

Dina jamanna, Roehana mangrupakeun salah sahiji ti saeutik wanoja anu percaya yén diskriminasi awéwé, di antarana kasempetan pikeun nampi atikan, mangrupakeun hal anu sewenang-wenang sareng kedah dilawan. Sanajan anjeunna henteu tiasa nampi atikan formal, anjeunna diajar ku ramana, anu ngajarkeun maca sareng diajar basa.

Ngadirikeun surat kabar

[édit | édit sumber]

Mimitina, Rohana nyerat dina koran awéwé, Poetri Hindia. Sanggeus koran éta diberedel ku pamaréntah kolonial, anjeunna nyandak inisiatif pikeun ngadegkeun koran anu dingaranan Sunting Melayu. Édisi munggaran Sunting Melayu diterbitkeun dina 10 Juli 1912.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Magdalene.co (21 April 2022). Her Story: Perempuan Nusantara di Tepi Sejarah (Dina basa Inggris). Jakarta: PT Elex Media Komputindo. hlm. 59. ISBN 978-623-00-2063-6.
  2. 1 2 Adam, Ahmat (1995). The vernacular press and the emergence of modern Indonesian consciousness (1855-1913). Ithaca, N.Y. : Southeast Asia Program, Cornell University. hlm. 142. ISBN 978-1-5017-1903-5. Pemeliharaan CS1: Tanggal dan tahun (link)
  3. Abdullah, Taufik (1971). Schools and politics: the Kaum Muda movement in West Sumatra (1927-1933). Cornell University. Modern Indonesia Project. Monograph series. Ithaca, N.Y.: Cornell Modern Indonesia Project, Cornell University. hlm. 13. Pemeliharaan CS1: Tanggal dan tahun (link)