Lompat ke isi

Romawi Kuno

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
gambar kerajaan romawi kuno

Romawi Kuno nyaéta peradaban nu ayana di kota Roma, Urang Roman percaya yén kota Roma diadegkeun ku dua duduluran, nu namina Romus jeung Remulus di taun 750 SM, langkung ti tujuh bukit. Romus jeung Remulus nyaéta putra Rhea silva, salah sahiji turunan Athena, pahlawan anu suksés lolos nalika wilayah Troya éléh jeung dibakar ku Kakuatan Yunani. Hirup Romawi kuno mibanda pangaruh gedé dina dunya modéren ayeuna. Sanajan peradaban Romawi Kuno tos réngsé rébuan taun ka tukang, urang masih bisa ningali titinggalana nu diantarana nyaéta seni, arsitéktur, jeung hukum.[1]

Sapertos peradaban nu sanes, pas zaman peradaban Romawi ogé ngalarapkeun sajumlah sistem pamarentahan. Pas abad ka 753-509 SM sistem pamarentahan Romawi ngagunakeun sistem Kerajaan monarki nu dipimpin ku Raja. Satuluyna sistem pamarentehan Romawi ngagunakeun sistem Républik ti taun 509-27 SM. Hal ieu di mimitian ti penggulingan Kerajaan Roma (509 SM) nu ogé dipiluan ku sababaraha macam perang dulur. Saenggeus éta Romawi Kuno nuluykeun ka sistem kekaisaran. Ieu mangrupa masa pamarentahan Romawi nu paling panjang. Pas masa kekaisaran ieu, pamimpin téh disebutna Principate atawa First Man of Republic. Awalan ti pamarentahan ieu téh di mimitian ti taun 27 SM nalika octavius ngadirikeun kekaisaran saenggeus menang ti perang dulur Romawi. [1]

Salian sistem pamarentahanna Romawi Kuno ogé miboga sistem kapercayaan. Sistem kapercayaan bangsa Romawi Kuno nyaéta percaya atau nyembah ka roh-roh atawa nu sok disebut ogé animisme. Malahan mah anisme téh jadi salahsahiji ciri has peradaban Romawi Kuno nu kentel pisan. Aya sababaraha hiji roh kapercayaan masyarakat Romawi Kuno diantarana, Vesta (nyaéta roh nungurus seneu tungku), Penates (nyaéta roh nu ngajaga lumbung), jeung Lares (nyaéta roh nu ngajaga rumah tangga jeung batesan ladang jeung kaluarga). Saenggeus percaya kana animisme, Romawi kuno pindah kapercayaan jadi politéisme. Politeisme nyaéta percaya kana ayana dewa-dewi Masyarakat satempat ngajadikeun tuhan salaku manifestasi kahirupan sakaligus mangrupa nu miboga kakuatan diluar pamikiran normal. Dewa-dewi Romawi kuno rupana mirip jeung dewa-dewi Yunani kuno. Nu ngabédakeun na nyaéta dina ngaran-ngaranna wungkul. Ngaran-ngaran Dewa Romawi kuno diantarana sapertos ngaran planet Jupiter-Zeus, Mars-Ares, Juno-Hera. Minerva-Athena jeung Venus-Aphrodite. [1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 "Romawi Kuno". 2025-02-22.