Ruku
Posisi ruku anu bener (tonggong rata) | |
| Jinis rukun | Rukun Fi'li |
|---|---|
| Runtuyan ka | 5 |
| Dalil Al-Qur'an | Al-Hajj: 77 |
| Dalil Hadis | Bukhari No. 793, Muslim No. 397 |
Ruku (Basa Arab: رُكُوع) nyaéta salah sahiji rukun solat anu dilakukeun ku cara nungkulkeun awak sangkan tonggong sarta sirah sajajar (rata), bari dampal leungeun nungkup dina tuur[1]. Ruku mangrupikeun rukun fi'li (pagawéan) anu wajib dilakukeun dina unggal rakaat.
Dasar Hukum
[édit | édit sumber]Dasar hukum wajibna ruku dumasar kana paréntah Allah SWT dina Al-Qur'an Surah Al-Hajj (22) ayat 77:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا ارْكَعُوا وَاسْجُدُوا وَاعْبُدُوا رَبَّكُمْ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُونَ
"Wahai jalma-jalma anu ariman, ruku maranéh jeung sujud maranéh sarta sembah Pangéran maranéh, sangkan maranéh meunang kabagjaan."[2].
Salian ti éta, dina hadis shahih anu diriwayatkeun ku Imam Bukhari sareng Imam Muslim, Rasulullah SAW negeskeun kawajiban ruku anu tumaninah dina hadis ngeunaan al-musi' shalatahu (jalma anu solatna salah):
ثُمَّ ارْكَعْ حَتَّى تَطْمَئِنَّ رَاكِعًا
"Tuluy ruku manéh nepi ka tumaninah dina kaayaan ruku."[3].
Tata Cara sareng Bacaan
[édit | édit sumber]Nalika ruku, posisi tonggong kedah lempeng/rata sarta panon neuteup ka tempat sujud. Disunahkeun maos tasbih tilu kali dumasar kana riwayat ti Abu Dawud:
سُبْحَانَ رَبِّيَ الْعَظِيمِ وَبِحَمْدِهِ
"Maha Suci Pangéran Abdi anu Maha Agung sarta kalayan muji ka Mantenna."[4].
Bacaan Ruku
[édit | édit sumber]Salian ti tasbih anu biasa, dumasar kana hadis shahih, Nabi Muhammad SAW ogé sering maos doa ieu nalika ruku sarta sujud salaku wujud Syukur sarta rasa Pakarir di payuneun Allah SWT:[5]
سُبْحَانَكَ اللَّهُمَّ رَبَّنَا وَبِحَمْدِكَ اللَّهُمَّ اغْفِرْ لِي
“Subhanakallahumma rabbana wa bihamdika allahummaghfir li.”
Hartosna: "Maha Suci Anjeun, nun Gusti Allah, Pangéran abdi sadaya. Sarta kalayan muji ka Anjeun, nun Gusti Allah, mugi ngahampura ka abdi."
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ An-Nawawi. Al-Majmu' Syarh al-Muhadzdzab. Jilid 3, kaca 407.
- ↑ Al-Qur'an al-Karim, Surah Al-Hajj [22], Ayat 77.
- ↑ Shahih al-Bukhari, Kitab al-Adzan, No. 793; Shahih Muslim, Kitab al-Shalat, No. 397.
- ↑ Sunan Abi Dawud, Kitab al-Shalat, Bab Ma Yaqulu al-Rajulu fi Ruku'ihi wa Sujudihi, No. 870.
- ↑ Hadis Riwayat Al-Bukhari (No. 794) sareng Muslim (No. 484) ti Sayyidah Aisyah Radhiyallahu 'Anha.