Rumah Penjara Militér Poncol
Lembaga Pemasyarakatan Militér (Lemasmil) II mangrupakeun salah sahiji wangunan cagar budaya di Kota Cimahi. Diwangun taun 1886, salah sahiji bagéan wangunan ieu pernah miboga pungsi jadi penjara anu dipikawanoh sangkan ngaran Rumah Penjara Militér Poncol nalika jaman pamaréntah Walanda. Wangunan ieu persisna aya di tukangeun Lapangan Rajawali, daérah Pasir Kumeli, Jalan Raya Gatot Subroto, Kota Cimahi. Wangunan ieu ogé anu jadi salah sahiji alesan yén Cimahi dipikawanoh sangkan jadi kota militer.[1][2]
Tata Rohangan
[édit | édit sumber]Lemasmil Poncol diwangun di luhur lahan anu legan 4,7 ha. Di jerona aya rohangan anu pungsina jang kantor staf jeung Kalémasmil. Tuluy aya opat blok pikeun tahanan jeung hiji blok pikeun karantina. Blok karantina dipungsikeun pikeun tempat singgah samentara tahanan-tahanan anu datang jang adaptasi, anu tuluy ditempatkeun di blok-blok anu sadia.[3]
Anu jadi kaunikan dina ieu bangunan nyaéta aya kompor tungku anu dipake jang masak kadaharan pikeun para tahanan, anu ti baheula nepi ayeuna kondisina masih kénéh sarua. Anu ngabédakeun jaman ayeuna jeung baheula téh nyaéta bahan bakar anu dipake, nu mana baheula mah masih kénéh ngagunakeun batubara, ayeuna ngagunakeun suluh biasa.[4]

Sajarah
[édit | édit sumber]Taun 1885, Pamaréntah Walanda ngarancanakeun ngawangun Rumah Penjara Militér di Cimahi sangkan ngangantikeun penjara di Semarang anu aya di Jalan Poncol. Penjara di Cimahi ieu ngahaja disaruakeun persis jeung nu aya di Semarang. Militaire Huis van Arrest alias rumah tahanan alias penjara militer Poncol tuluy disebut ku ngaran Militaire Strafgevangenis ku Walanda.[3]
Tahun 1886, satengah ti Batalyon Infantéri 4 jeung tahanan penjara militer Bénténg Pendem Ambarawa Semarang dipindahkeun ka kamp anyar di Cimahi, nyaéta di Rumah Penjara Militér Poncol nganggo kapal laut pinuju ka Tanjung Priok, tuluy dibawa ka Cimahi nganggo karéta api anu tuluy nepi dina tanggal 9 Oktober.[3] Ti saprak éta Rumah Penjara Militér Poncol mimitian dioperasikeun sangkan penjara militér.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Dinas Kebudayaan Pariwisata Pemuda dan Olahraga Kota Cimahi". disbudparpora.cimahikota.go.id. Diaksés tanggal 2025-07-19.
- ↑ "Masmil Poncol dan RS Dustira Disahkan Sebagai Cagar Budaya, Cimahi Jadi Kota Tujuan Wisata Militer". TribunJabar Travel (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.[tumbu nonaktif]
- 1 2 3 Pradana, Whisnu. "Masmil Poncol Saksi Bisu Penahanan Letkol Untung di Cimahi". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.
- ↑ "Mengenal Penjara Poncol di Cimahi dan Sederet Nama Prajurit TNI yang Ditahan karena Kasus Fenomenal". Tribunjabar.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.