Séng

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Spalerit (ZnS)

Séng (tina Basa Jérman: Zink) nyaéta unsur kimia logam nu dilambangan Zn kalawan nomer atom 30. Ieu unsur aya dina baris kahiji logam transisi dina golongan 12 tabél periodik. Sacara kimia, séng sarupa jeung magnésium kusabab ukuran ionna sarua sarta boga bilangan oksidasi +2. Dina kulit Bumi, séng téh unsur ka-24 panglobana, dina bentuk lima rupa isotop stabil. Bijih anu panglobana digali nyaéta dina bentuk spalerit atawa séng sulfida, kapanggih loba pisan di Australia, Kanada, jeung Amérika Serikat.

Aloy séng jeung tembaga anu katelah kuningan, sahanteuna geus dipaké ti abad ka-10 SM. Dina skala gedé, masarakat India geus bisa ngahasilkeun séng (teu murni) ti abad ka-13, anapon bangsa-bangsa Éropah kakara wanoh jeung ieu logam abad ka-16. Para alkémis ngaduruk séng pikeun nyieun anu katelah "philosopher's wool" atawa "white snow". Taun 1800, Luigi Galvani jeung Alessandro Volta medarkeun pasipatan éléktrokimia séng. Kiwari, ieu logam utamana dipaké pikeun galvanisasi baja ngarah tahan tai hiang. Lian ti éta, séng ogé dipaké dina batré, séng karbonat jeung séng glukonat pikeun suplemén katuangan, séng klorida dina déodoran, séng pirition dina sampo anti-ketombé, séng sulfida dina cét luminesens, sarta séng métil atawa séng diétil di laboratorium organik.

Séng téh kaasup mineral ésénsial[1], défisiénsina karandapan ku 2 miliar jalma di nagara-nagara nu keur mekar, anu tumali jeung rupa-rupa kasakit[2]. Mun kaalaman ku barudak, tumuwuhna bisa kaganggu, telat sawawa sacara séksual, gampang katarajang inféksi, jeung diaré nu unggal taunna ngabalukarkeun maotna 800.000 budak[1]. Dina biokimia, loba pisan énzim anu ngandung atom séng dina gugus prostétikna, misalna baé alkohol dehidrogénaseu di manusa. Sabalikna, asupan séng anu kaleuleuwihi bisa ngabalukarkeun ataksia, défisiénsi tembaga, jeung matak létoy kana awak.

Catetan[édit | sunting sumber]


Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Zinc (disalin 20 Agustus 2009)
  1. a b Hambidge, K. M. and Krebs, N. F. (2007). "Zinc deficiency: a special challenge". J. Nutr. 137.
  2. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama Prasad2003

Bibliografi[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca



Nulis.jpg