Sa'i
Jalur Sa'i antawis pasir Safa sarta Marwah di jero Masjidil Haram. | |
| Ngaran Arab | سعي (Sa'y) |
|---|---|
| Hartosna | Usaha / Narékahan |
| Lokasi | Pasir Safa & Marwah |
| Jumlah Puteran | 7 kali mapah |
| Status | Rukun Haji & Umrah |
Sa'i (basa Arab: سعي) sa'y; hartosna "ihtiar", "usaha", atawa "leumpang gancang") nyaéta salah sahiji rukun ibadah Haji sarta Umrah anu dilaksanakeun ku cara mapah sarta lulumpatan leutik saloba tujuh kali antawis pasir Safa sarta pasir Marwah.[1] Ritual ieu mangrupikeun perlambang tina perjuangan Siti Hajar nalika milari cai pikeun putrana, Nabi Ismail a.s.[2] Ritual ieu mangrupikeun perlambang tina perjuangan Siti Hajar nalika milari cai pikeun putrana, Nabi Ismail a.s.[3]
Sajarah sarta Ma'na Filosofis
[édit | édit sumber]Sa'i sanés ngan saukur ritual fisik, nanging mangrupikeun pangéling-ngéling kana salah sahiji kajantenan paling agung ngeunaan kasabaran sarta kaimanan ka Allah SWT.
Perjuangan Siti Hajar
[édit | édit sumber]Sajarah Sa'i asalna tina perjuangan Siti Hajar, garwa Nabi Ibrahim as., nalika anjeunna ditinggalkeun di lebak Makkah anu garing sarta taya tutuwuhan sareng putrana, Nabi Ismail as. anu masih orok. Nalika cai susuna saat sarta Ismail ceurik hoyong nyusu, Siti Hajar lulumpatan tujuh kali antara pasir Sofa sarta Marwah pikeun milari cai atawa jalma anu tiasa nulungan.[4]
Filosofi Ihtiar sarta Tawakal
[édit | édit sumber]Sa'i ngajarkeun manusa ngeunaan ajén Ihtiar (usaha). Siti Hajar sadar yén hasil mah hak Allah, nanging anjeunna tetep usaha satékah polah lulumpatan ka ditu ka dieu. Ieu mangrupikeun simbol yén dina kahuripan dunya, manusa teu meunang ngan saukur cicing ngantosan nasib. Manusa wajib usaha, sanajan katingalina teu mungkin, margi Allah mikacinta hamba-Na anu ihtiar.
Pangharepan (Raja')
[édit | édit sumber]Lulumpatan Siti Hajar nyaéta simbol Pangharepan anu moal kungsi pareum. Sanajan taya tanda-tanda ayana cai, anjeunna tetep gaduh sangka saé (husnuzon) ka Allah. Hasil tina éta kasabaran sanés sumping tina pasir Sofa atanapi Marwah, nanging lungsur tina handapeun suku Nabi Ismail dina bentuk Sumur Zamzam. Ieu méré pesen yén pitulung Allah sering sumping tina jalan anu teu kasangka-sangka saatos manusa ngaluarkeun sakabéh kakuatanana.[5]
Tata Cara
[édit | édit sumber]Ibadah Sa'i dilaksanakeun saatos réngsé ritual Thawaf. Ieu di handap mangrupikeun katangtuanana:
- Dimimitian ti Safa: Puteran kahiji dimimitian ti pasir Safa sarta dipungkas di pasir Marwah.
- Jumlah Puteran: Dilaksanakeun saloba 7 kali. Itunganana: Safa ka Marwah (1), Marwah ka Safa (2), sarta saterusna dugi ka pungkasanana (puteran ka-7) di pasir Marwah.[6]
- Lari-Lari Kecil: Pikeun jamaah pameget, disunnahkeun lulumpatan leutik nalika ngaliwatan tanda lampu héjo (pilar hijau).[7]
- Niat sarta Du'a: Disunnahkeun nyanghareup ka Ka'bah nalika aya di luhur pasir Safa sarta Marwah bari maca du'a sarta dzikir.[8]
Dasar Hukum
[édit | édit sumber]Kacida pentingna ibadah Sa'i parantos disebatkeun ku Allah swt. dina Al-Qur'an:
إِنَّ الصَّفَا وَالْمَرْوَةَ مِنْ شَعَائِرِ اللَّهِ "Saenyana Safa sarta Marwah téh mangrupakeun sabagian tina syiar-syiar (tanda-tanda kakuatan) Allah." (Surah Al-Baqarah: 158).
Sawangan Intelektual sarta Ulama ngeunaan Sa'i
[édit | édit sumber]Sajaba ti makna ritual sacara umum, ritual Sa'i ogé diguar sacara kritis sarta filosofis ku rupa-rupa inohong intelektual Islam:
Ali Syariati (Sosiologi)
[édit | édit sumber]Intelektual Muslim Ali Syariati negeskeun yén Sa'i téh mangrupakeun hiji pintonan téater gedé anu ngagambarkeun gerakan révolusioner sarta sumanget perjuangan manusa (action) di dunya.[9] Numutkeun anjeunna, panyucian diri dina Sa'i lumangsung nalika saurang jamaah ngaleupaskeun sipat kedul(pasif) sarta mawakarep sorangan (égoismeu) pikeun bajoang saperti Siti Hajar.[9]
Imam Al-Ghazali (Tasawuf sarta Akhlak)
[édit | édit sumber]Imam Al-Ghazali méré kritisasi yén panyucian diri moal bisa kahontal upami Sa'i ngan saukur gerak fisik tanpa ayana kasadaran batin sarta rasa handap asor (tawadhu) di payuneun Allah.[10] Salaku ulama ahli batin, anjeunna nekenkeun yén lumpat antara Shafa jeung Marwah téh simbol kawaspadaan haté manusa dina merangan panyakit batin saperti riya, sombong, jeung hasud.[10]
Ibnu Arabi (Metafisika Sufi)
[édit | édit sumber]Sufi sarta filsuf Ibnu Arabi ngajéntrékeun yén Sa'i téh mangrupakeun dialog éksisténsial manusa antara dua sipat Allah, nyaéta Kaagungan (Al-Jalal) di Shafa sarta Kasih Sayang (Al-Jamal) di Marwah.[11] Panyucian diri numutkeun Ibnu Arabi nyaéta nalika manusa "leungit" dirina (fana) sarta sadar yén usaha fisikna moal bisa ngahasilkeun kasucian iwal ti ku rahmat Allah anu disimbolkeun ku bijilna cai Zamzam.[11]
Galéri
[édit | édit sumber]- Suasana Sa'i
- Jalur Masa'a (tempat sa'i) anu parantos dilengkepan ku AC sarta fasilitas korsi roda.
- Lampu héjo salaku tanda pikeun lulumpatan leutik pikeun jamaah pameget.
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ M. Sanusi & H.S. Sholihin, Dirasah Islamiyah Kelas VIII, (Jakarta: PT Penerbitan Pelangi Indonesia, 2021), kaca 30. URL Digital, diaksés 2 Pébruari 2026.
- ↑ H. Bobby Herwibowo & Indriya R. Dani, Panduan Pintar Manasik Haji dan Umrah, (Jakarta: WahyuMedia, 2013), kaca 38. URL Digital, diaksés 2 Pébruari 2026.
- ↑ H. Bobby Herwibowo & Indriya R. Dani, Panduan Pintar Manasik Haji dan Umrah, (Jakarta: WahyuMedia, 2013), kaca 38. URL Digital, diaksés 2 Pébruari 2026.
- ↑ Ibn Katsir. Qisas al-Anbiya (Kisah Nabi Ibrahim sarta Ismail).
- ↑ Al-Ghazali. Ihya Ulumuddin: Kitab Rahasia-Rahasia Haji.
- ↑ H. Bobby Herwibowo & Indriya R. Dani, Panduan Pintar Manasik Haji dan Umrah, (Jakarta: WahyuMedia, 2013), kaca 39.
- ↑ Majelis Ulama Indonesia, Himpunan Hasil Ijtima Ulama Komisi Fatwa Se-Indonesia, (Jakarta: Erlangga, 2011), kaca 166. URL Digital, diaksés 2 Pébruari 2026.
- ↑ Siti Maemunah, Panduan Perjalanan Haji Untuk Perempuan, (Jakarta: PT Lingkar Pena Kreativa, 2011), kaca 240. URL Digital, diaksés 2 Pébruari 2026.
- 1 2 Syariati, Ali. (1977). Haji. (Tarjamahan basa Indonésia ku Anas Mahyuddin). Bandung: Pustaka.
- 1 2 Al-Ghazali, Abu Hamid. (k. 1100-an). Ihya Ulumuddin. Bab: Asrar al-Hajj (Rahasia-rahasia Haji).
- 1 2 Ibnu Arabi, Muhyiddin. (k. 1200-an). Al-Futuhat al-Makkiyah.
| Artikel ngeunaan Islam ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |