Lompat ke isi

Sajarah Nusantara dina jaman karajaan Islam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sajarah Nusantara dina jaman karajaan Islam nyaéta sajarah anu ngabawa asupna ajaran islam ka Nusantara khusuna Indonesia. Asupna Islam ka Nusantara khususna Indonesia diperkirakeun lumangsung antara abad ka-12 jeung abad ka-13. Alesan utama mekarna karajaan-karajaan islam di Nusantara nyaéta paningkatan lalu tintas perdagangan maritim anu lumangsung. Padagang islam ti Arab, India, Persia jeung Cina campur gaul jeung masyarakat indonesia anu nyebabkeun sumebarna agama di indonesia jadi tereh. [1] Karangan Tionghoa kuno nyebutkeun yén aya karajaan anu disebut Ta Shi/Ta Chi di kapulauan Malayu, karajaan ieu geus ngabogaan hubungan diplomatik jeung Cina ti taun 630 Masehi.

Agama Islam nyebar di Indonesia ti mimiti zaman Prasejarah. warga masarakat Nusantara ti jaman bahela ges katelah jadi nalayan-nalayan anu mahir dina ngarungi laut lepas. Ti mimiti awal masehi Nusantara ges ngabogaan jalur pelayaran sorangan jeng ges ngabogaan patali jeung para padagang ti babaraha daérah ti daérah asia Tenggara. Loba wilayah di daérah Nusantara anu kakenal ku sumber daya alam anu ngalimpah.

Utamana di Jawa, Islam dibawa ku para panyebar agama Islam ku cara anu paling gampang ditarima ku masarakat jeung budaya Jawa. Cara panggampangna nyaéta ku jalan tasawuf jeung kabiasaan sufi. Sabab tasawuf jeung paripolah sufi henteu ngajarkeun cara Islam anu kaku, henteu ngajarkeun Islam formalistik, ulah sok ngomong hideung bodas (halal jeung haram) tapi Islam téh substansial jeung ngajarkeun ngeunaan universalitas ajaran Islam. Didieu urang bisa ngarti yén Islam téh gampang ditarima ku masarakat, lantaran teu ku jalan konfrontasi jeung serangan ka budaya lokal (Nusantara), tapi kumaha diakomodir budaya lokal, aya nu dirobah ku cara diresmikeun ku sumanget Islam jeung lamun geus dina tingkat anu sagemblengna lalawanan jeung ahlak Islam mangka ditolak jeung dileungitkeun, saperti sistem kasta di masarakat nu mangrupa warisan Hindu. Tina sumebarna agama Islam di Nusantara dumasar kana ajaran tasawuf jeung paripolah sufi, Islam Nusantara mangrupa Islam anu has, Islam anu sacara substansi universal, lain Islam formalistik anu teu bisa misahkeun jeung ngabedakeun mana anu Arabisasi jeung naon anu Islamisasi. Ku kituna, di dieu urang ogé bisa ngarti yén Islam formalistik nyaéta Islam anu leuwih mentingkeun kulit batan eusi.[2]

Teori asupna agama Islam ka Indonesia

[édit | édit sumber]
  1. Téori Mekah. Teori ieu nyebutkeun yén prosés Islam asup ka Indonésia langsung ti Mekah atawa Arab. Prosés ieu lumangsung dina abad ka-1 Hijriah atawa abad ka-7 Masehi. Tokoh anu ngawanohkeun téori iieu nyaéta Haji Abdul Karim Amrullah atawa HAMKA, ulama jeung sastrawan Indonésia. Hamka nyebutken yén pamadegan ieu dina taun 1958, dina hiji pidato dina acara ulang taun Perguruan Tinggi Islam Negeri (PTIN) Yogyakarta.
  2. Téori Gujarat. Teori ieu nyebutkeun yén prosés datangna Islam ka Indonésia asalna ti Gujarat dina abad ka-7 H atawa abad ka-13 Masehi. Tokoh anu nyebutken téori ieu lolobana sarjana ti Walanda. Ulama anu mimiti ngajukeun téori ieu nyaéta J. Pijnapel ti Universitas Leiden dina abad ka-19 Masehi. manéhna nyebutkeun yen urang Arab geus cicing di Gujarat jeung Malabar ti mimiti Hijriah (abad ka-7 Masehi), tapi numutkeun Pijnapel anu nyebarkeun Islam ka Indonésia mah lain urang Arab langsung tapi urang Gujarat anu dagang jeung geus asup Islam. Batu nisan di Pasai jeung makam Maulan Malik Ibrahim nu maot taun 1419 di Gresik Jawa Timur wangunna sarua jeung batu nisan di Kambay Gujarat. Moquetta tungtungna nyimpulkeun yén batu nisan dikirim ti Gujarat, atawa sahenteuna dijieun ku urang Gujarat atawa Indonésia anu geus diajar kaligrafi Gujarat. Alesan anu sanésna nyaéta kasaruaan mazhab Syafii anu dianut ku urang Muslim di Gujarat jeung Indonésia.
  3. Téori Persia. Teori ieu nyebutkeun yén prosés datangna Islam ka Indonésia asalna ti wewengkon Persia anu ayeuna disebut Iran. Tokoh anu ngawanohkeun ieu téori nyaéta Hoesein Djajadiningrat, ahli sajarah ti Banten. hal ieu didasarkeun ku hasil analisana nuturkeun kana sasaruaan budaya jeung tradisi anu mekar antara masarakat Pérsia jeung Indonésia.
  4. Tiori Cina. Teori ieu nganyatakeun yén prosés datangna Islam ka Indonésia (utamana di daérah Jawa) asalna ti imigran Cina. Urang Cina geus ngajalin silaturahmi jeung masarakat Indonésia jauh saméméh Islam dipikawanoh di Indonésia. Dina jaman Hindu-Budha, étnis Tionghoa atawa Tionghoa pacampur jeung populasi Indonésia, utamana ku jalan kontak dagang. Malah, ajaran Islam nepi ka Cina dina abad ka-7 Masehi, jaman agama ieu kakara mekar
  1. https://media.neliti.com/media/publications/56735-ID-islam-nusantara-studi-epistemologis-dan.pdf.
  2. https://jurnal.radenfatah.ac.id/index.php/Suluh/article/download/21071/6710/64623. [tumbu nonaktif]