Sajarah Telekomunikasi di Indonesia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

'Sajarah telekomunikasi di Indonésia dimimitian saprak cénel (channel) telegraf munggaran dibuka dina tanggal 23 Oktober 1855 ku Pamaréntah Hindia Walanda. Éta channel ngarupakeun telegraf éléktromagnétik anu nyambungkeun Batavia (Jakarta kiwari) jeung Buitenzorg (Bogor kiwari). Dua taun saterusna dibuka channel Jakarta-Surabaya jeung cabang Semarang-Ambarawa. Saprak harita jasa telegraf bisa dimangpaatkeun ku balaréa. Dua taun saterusna panjang channel telegraf mekar terus nepi ka ngahontal 2.700 kilométer, dilayanan ku 28 kantor telegraf. Di sapanjang rél karéta api diadegkeun tihang-tihang telegraf. Samentara éta, kabel laut geus dipasang antara Jakarta jeung Singapura, satuluyna ti Jawa (Banyuwangi) ka Australia (Darwin).

Hubungan telepon lokal munggaran digunakeun dina tanggal 16 Oktober 1882, disadiakeun ku pausahaan swasta. Jaringan telepon kasebut mentang antara Gambir jeung Tanjung Priuk di Batavia, disusul dua taun saterusna ku sambungan telepon di Semarang sarta Surabaya. Pausahaan swasta éta meunang idin konsési salila dua puluh lima taun. Katingalina, usaha alat telekomunikasi hasil pamanggih Alexander Graham Bell dina taun 1876 gancang tumuwuhna; buktina dina taun 1905 jumlah pausahaan telepon di Hindia Walanda jadi 38.

Husus pikeun hubungan telepon interlokal, pausahaan Intercommunaal Telefoon Maatschappij meunang konsési salila dua puluh lima taun pikeun ngahubungkeun Batavia-Semarang, saterusna Batavia-Surabaya, disusul Batavia-Bogor sarta saterusna Bandung-Sukabumi. Dina ngamekarkeun jaringan telepon tétéla pausahaan-pausahaan telepon éta ngan muka hubungan telepon di dayeuh-dayeuh anu gedé anu ngadatangkeun untung; ku kituna jaringan telepon di Hindia Walanda henteu rata sumebarna. Ahirna dina taun 1906 saenggeus jangka waktu konsési lekasan, kabéh usaha jaringan telepon diambilalih sarta dikokolakeun ku Pamaréntah Hindia Walanda ku cara dibentukna Post, Telegraaf en Telefoon Dienst (Dines PTT). Saprak ti harita panyadiaan jasa telekomunikasi dikokolakeun ku pamaréntah sacara monopoli.

Jaringan telepon éta mimitina ngagunakeun sistem bateré lokal sarta kawat tunggal anu dipasang di luhureun taneuh; ku kituna mindeng ngalaman gangguan. Saterusna dilakukeun modérnisasi, pemasangan kabel jarak jauh dilarapkeun dina jero taneuh, kawat tunggal diganti ku kawat sapasang sarta ngagunakeun sistem bateré séntral. Ngamekarkeun telekomunikasi di mangsa harita tangtu waé merlukeun pagawé-pagawé anu boga atikan, boh ti pihak pribumi boh ti Walanda. Éta pisan sababna PTT ngalangsungkeun atikan sarta palatihan; contona kursus ngagetok kawat morse di Jakarta. Atikan anu leuwih luhur deui disadiakeun di Walanda. Réa pribumi anu jadi pagawé PTT sanajan gaji pikeun pribumi leuwih saeutik tinimbang pagawé Walanda. Pagawé PTT meunang sebutan Dén Ajung (adjunct inspector) atawa Dén Komis (commies) anu ngajadikeun reueus pikeun pagawé PTT pribumi alatan gaji pagawé PTT leuwih luhur batan pagawé dines séjén, sanajan gaji asistén pribumi dibandingkeun jeung asisten Walanda jauh bédana.

Téknisi telekomunikasi didatangkan ti Walanda sarta ngan aya saurang téknisi radio pribumi, nyaéta Soedirdjo anu milu ngawangun setasiun radio panarima Malabar taun 1920, setasiun radio pangkolotna di Indonésia sarta pangbadagna di dunya beulahan kidul. Prioritas pamakéan jasa telepon waktu éta dibikeun ka para pajabat pamaréntah sarta pangusaha. Para bupati sarta wadana di Pulo Jawa ngabogaan terminal telepon. Waragadna ditanggung pamaréntah. Sedengkeun terminal telepon anu dipaké nyaéta jinis telepon bateré lokal, jarak hontalanana kawates. Gunem catur ngagunakeun telepon éngkol dimaksud kudu tarik. Henteu matak héran lamun aya langganan anu nyarékan operator. Aya ogé operator anu didatangan ku palanggan sarta diteunggeulan alatan éta palanggan ngarasa diréméhkeun. Hal éta disababkan penyambungan telepon dilakukeun sacara manual, anu balukarna layananna henteu bisa gancang.

Telekomunikasi jeung sajarah pajoangan kamerdikaan[édit | édit sumber]

Bareng jeung bangkitna gerakan nasional sarta nempo sistem penggajihan anu henteu adil, ngadeg rupa-rupa paguyuban buruh di lingkungan PTT kawas Postbond, Midpost/Inspecteurs Bond sarta Pakumpulan Pagawé PTT Rendahan (PTTR). Sedengkeun Midpost jeung PTTR ngabogaan warna nasionalisme anu teges. Pakumpulan-pakumpulan ieu diadegkeun alatan aya kanyataan yén sanajan jumlah pagawé pribumi ngarupakeun bagian panglobana di PTT tapi dianaktérékan ku pupuhu. Di antara para pamingpin gerakan nasional anu ngadorong diadegkeunnana Midpost nyaéta R.P. Soeroso, anggota Volksraad. Saenggeus Pamaréntah Hindia Walanda bangkrut alatan serangan tentara Jepang dina taun 1942, Dines PTT dibagi-bagi luyu jeung wewengkon kakawasaan militér Jepang. Wewengkon Jawa sarta Madura di handapeun komando Angkatan Darat Jepang ka-16, wewengkon Sumatera di handapeun komando Angkatan Darat Jepang ka-25 sarta kapuloan Indonésia Wétan di handapeun komando Armada ka-3 Angkatan Laut Jepang.

Jawatan PTT anu dibéré landihan Tsusinkyoku dibéré pancén utama mantuan kalancaran "Perang Raya Asia Wétan" sarta ngajaga kaamanan pamaréntahan militér. Setasiun radio pamancar Dayeuhkolot anu perenahna tujuh kilométer kiduleun Bandung dikokolakeun ku pausahaan telekomunikasi swasta Jepang Kokusai Denki Tsusinkyoku anu puseurna di Jepang. Setasiun radio ieu waktu éta ngarupakeun setasiun radio pangbadagna di Indonésia, malah mah di Asia Tenggara. Salila pangawasaan Jepang, hubungan ka luar nagri ku setasiun radio Dayeuhkolot ngan mancar ka Jepang sarta Jérman. Setasiun radio pamancar di Dayeuhkolot sarta setasiun radio panarima di Rancaékék di lebah wétan Bandung dipingpin ku urang Jepang, kitu ogé kantor telegraf di Bandung. Lantaran sawatara pamancar dipaké husus pikeun kaperluan militér, saban pagawé Indonésia diawaskeun sacara ketat. Sanajan kitu, kadatangan Jepang di lingkungan PTT ieu nguntungkeun ogé. Urang Walanda anu tiheula ngawasa korsi-korsi pupuhu geus kagusur. Réa korsi pupuhu ditempatan ku pagawé Indonésia; ku kituna maranéhna meunang pangalaman pikeun mingpin. Jawatan PTT di Sumatera mimitina dipuseurkeun di Shonanto (Singapura) alatan Sumatera jeung Semenanjung Malaya ku Pamaréntah Jepang dijadikeun hiji wewengkon komando.

Kaayaan telekomunikasi urang di pulo Jawa dina mangsa panjajahan Jepang goréng pisan. Tanaga pupuhu sarta téknisi Walanda ogé Indonesia ditahan ku Jepang. Ku kituna PTT kakurangan tanaga. R. Samdjoen, anu waktu harita digawé di bagian laboratorium sarta ngarasakeun kacida kurangna tanaga anu rancagé, ngawanikeun manéh ngatik nonoman-nonoman Indonésia jadi téknisi telekomunikasi. Kahayang manéhna katedunan. Fungsi utama Dines PTT dina jaman Walanda sarta jaman Jepang mémang béda. Dines PTT Hindia Walanda henteu boga tujuan komérsial hungkul, tapi ogé pikeun ngaladénan balaréa, sedengkeun dina jaman Jepang Jawatan PTT leuwih dipaké pikeun ngarojong "Perang Raya Asia Wétan." Réya pemancar, parabot sarta alat-alat telekomunikasi dikunjal ka medan perang. Tapi aya ogé kauntungan dina jaman Jepang, nyaéta urang Jepang ngawanohkeun pamakéan radar ka para téknisi Indonésia.

Di wewengkon séjén, hususna di Sumatera kamekaran telekomunikasi dina mangsa harita cukup alus. Jaringan telegraf morse nyambungkeun sakumna dayeuh, komo nu ti Bukittinggi mah bisa nyambung ka Bandung, Singapura sarta Tokyo. Unit-unit telekomunikasi milik PTT diwangun tina terminal telegraf di Birugo sarta setasiun panarima di Tarok, duanana di Sumatera Kulon. Pemancar radio di Bukitcangang - di wewengkon Bukittinggi - aya dina jero taneuh sarta pesawat pamancar ditempatkeun dina hiji bungker. Jepang geus ngira-ngira jigana bakal lumangsung serangan udara Sekutu ka Bukittinggi alatan Bukittinggi jadi puseur pamaréntahan. Maranéhanana ogé nyangka yén pamancar-pamancar radio baris jadi sasaran pangeboman. Éta pisan sababna Jepang nyiapkeun pamancar-pamancar sérep anu ditempatkeun sumebar.

Dina setasiun-setasiun pamancar sarta puseur-puseur telekomunikasi penting di Garégéh sarta Tarok aya tanaga-tanaga parigel anu didatangkan ti Bandung. Nonoman-nonoman Indonésia anu digawé di puseur-puseur telekomunikasi kasebut tétéla bisa ogé nyumbangkan hiji hal pikeun gerakan di bawah tanah. Alat radio di mana-mana diségel ku Pamaréntah Jepang ambéh bangsa Indonésia teu nyahoeun éléhna bala tentara Jepang. Sanajan kitu para nonoman waktu harita bisa ngaregepkeun siaran radio luar nagri kalayan ngagunakeun héad-set ambéh sorana henteu kadéngé kaluar. Tangtu nguping warta ku cara sarupaning éta dianggap ku Jepang sabagé rempakan beurat. Saurang pagawé sélér Ambon kanyahoan ngadéngékeun siaran radio luar nagri; militér Jepang nuduh éta pagawé salaku mata-mata musuh sarta saterusna leungit teu kanyahoan kamana.

Puyarna kakawasaan Walanda anu geus cicing salila tilu satengah abad di Indonésia sarta beuki morosotna kakuatan bala tentara Jepang di sakabéh garis médan perang di wewengkon Asia sarta Pasifik, beuki ngandelkeun kayakinan para pagawé Indonésia di PTT yén hiji waktu pasti bangsa Indonésia baris ngahontal kamardikaan. Pikeun nyambut waktu nu boga harti sajarah éta, diperlukeun sasadiaan, boh pikeun ngarebut sarta ngabéla kamardikaan boh nyiapkeun sagala rupa pagawéan sarta nangtukeun pingpinan pikeun PTT. Sasadiaan éta - tangtu waé henteu bisa dipigawé sacara nembrak sarta bébas. Dina pasamoan, maranéhanana jiga henteu mikiran harengheng perang sarta patingharewos béja ngeunaan munculna kasempetan pikeun ngamardikakeun bangsa. Salasaurang siswa anu ngaranna Soetoko anu nonjol pancénna dina ngahijikeun alpukah patriotik, ti mimiti taun 1942 geus nepungan Mas Soeharto anu waktu éta nyekel kalungguhan Kapala Biro anu boga pangkat Controleur I. Manéhna ngarupakeun hiji-hijina pagawé Indonésia anu pangluhurna pangkatna di lingkungan PTT. Ku duaannana disawalakeun kamungkinan direbutna jabatan pupuhu PTT lamun sawaktu-waktu Pamaréntah Hindia Walanda runtag. Teu aya béda pamadegan antara Soetoko anu ngora sarta pinuh kawani jeung Mas Soeharto anu nyaho seluk beluk Jawatan PTT; lamun aya béda, saukur ngeunaan palaksanaanana.

Alpukah Soetoko memang ngawakilan cita-cita sarta watek kaum ngora anu sumanget, wani tapi meureun ogé kurang asak dina tinimbangan. Mas Soeharto ngawakilan pamadegan, yén direbutna Kantor Puseur PTT tanpa dibiruyungan gerakan sarta tindakan anu saluyu meureun bisa ngarugikeun gerakan nasional. Ngaliwatan sawala anu asak, alpukah para nonoman anu diwakilan ku Soetoko bisa diperuhkeun. Alpukah éta teu jadi dilaksanakeun alatan serbuan Jepang ka Hindia Walanda ngan lumangsung sakeudeung sarta Walanda gancang talukna. Jepang ogé gancang ngawasa kaayaan sarta nyusun pamaréntahan. Tapi cita-cita para nonoman anu tumuwuh saprak oyagna kakawasaan Hindia Walanda, terus ngagedur dina mangsa kakawasaan Jepang. Propaganda amis Jepang anu ngajangjian kamardikaan pikeun bangsa Indonésia "jaga kahareupnakeun" henteu mempan deui alatan tétéla pamerasan sarta penindesan anu dipigawé ku maranéhna pohara telenges. Di mana-mana lumangsung kalaparan alatan béas Indonésia dikunjal Jepang pikeun mere dahar para soldaduna anu sumebar di wewengkon Asia sarta kapuloan Pasifik.

Dina mangsa pamaksaan sarta panindesan Jepang éta mecenghul ogé kasempetan anu kacida kapaké pikeun ngagembléng sumanget kamilitéran sarta patriotisme. Cenah dina nyanghareupan serbuan tentara sekutu, Jepang ngayakeun latihan jurit pikeun nonoman Indonésia. Di Kantor Pusat PTT saban isuk-isuk diayakeun latihan taisho (basa Indonesia: pemanasan), anu dituluykeun ku latihan baris sarta kamilitéran oge perang-perangan. Hiji pasukan Seinendan (organisasi nonoman jieunan Jepang) diresmikeun sarta dipingpin ku Abdoel Djabar. Samentara éta Soetoko mingpin sakumna barisan Seinendan PTT anu ngawengku sakola PTT, Radio, Laboratorium, Kantor Pos Gedé sarta Kantor Telepon. Saterusna dijieun organisasi anu ngaranna Tsusintai atawa Barisan Pusat PTT, sarta dijieun ogé Tsusin Tokubetsutai (Pasukan Istimiwa atawa Barisan Panaratas PTT). Kader-kader bangsa ieu mimiti naratas jaringan komunikasi dina gerakan bawah tanah jeung dayeuh-dayeuh séjén. Maranéhanana nyusun jaringan pangiriman informasi bawah tanah ngagunakeun telepon, telegram sandi, pos, kurir sarta radio.

Maranéhanana ogé nyiapkeun pemancar gelap. Sacara ati-ati maranéhanana merhatikeun kaayaan perang tina warta-warta sarta dokumén-dokumén boga Jepang. Pihak Jepang lainna henteu ngira-ngira bahaya anu ngancem ti masarakat Indonésia sanggeus di mana-mana lumangsung kalaparan tapi henteu sempet ngalakukeun réaksi alatan pasukan Jepang beuki kadéséh di médan-médan yuda. Urang Jepang ujug-ujug waé maréntahkeun nyieun tanggul pengaman di sakuliling gedong Kantor Pusat PTT. Kios telepon umum di Kantor Pusat PTT dirobah jadi tempat mikrofon anu dihubungkan ku loud spéaker guna nyalabarkeun sagala rupa paréntah ka para pagawé. Biantara propaganda sawaktu-waktu disiarkan ngaliwatan éta loud spéaker.

Tsusin Tokubetsutai junun ngadatangkeun guru ti pihak militér Jepang pikeun méré atikan cara-cara ngagunakeun pakarang. Tina éta atikan, nonoman-nonoman anggota Barisan Istimiwa PTT sanggup ngagunakeun pakarang sarta nyaho cara kumaha carana pasukan usik dina yuda, boh keur ngabéla diri boh keur narajang. Élmu béla diri ogé diajarkan. Supaya atikan gampang ditarimana, Soéardi Tasrif' anu pinter ngagunakeun basa Jepang dibéré pancén jadi juru tarjamah. Jaga, Soéardi Tasrif jadi saurang pengacara kawentar di Jakarta.

Tantara para anggota Tsusin Tokubetsutai anu paling giat nyieun hubungan jeung para inohong gerakan nasional nyaéta Ismojo. Éta pisan sababna kecap sandi anu dipaké minangka lengkah munggaran pikeun ngarebut Kantor Pusat PTT ti leungeun Jepang téh kecap "IS", anu mangrupa engang kahiji tina kecap Ismojo. Manéhna leuwih jongjon ngalakukeun hubungan jeung para pupuhu pajoangan di luar golongan PTT alatan mindeng ngalakonan dines luar kantor. Dina tengah-tengah taun 1945, sanggeus soldadu Sekutu anu dipingpin ku Jénderal Macarthur junun ngalakukeun serangan sarta hasil ngarebut pulo demi pulo ti Jepang, geus kacipta Jepang bakal éléh.

Sanggeus bom atom soldadu Sekutu ngancurkeun dayeuh Hiroshima dina tanggal 6 Agustus 1945, kakuatan militér Jepang bisa dianggap geus ancur samasakali. Kitu ogé, bom atom kadua anu ngancurkeun dayeuh Nagasaki dina tanggal 9 Agustus 1945, ngajadikeun sumanget Jepang sirna. Isukna Kaisar Hirohito ngembarkeun yén Jepang éléh perang sarta nyerahkeun diri tanpa sarat. Di Indonesia, Jepang masih nutupan kaéléhna kalawan nyegah sumebarna warta éta ka wewengkon Asia. Tapi para operator telepon sarta telegrap PTT bisa nyaho warta sumerahna Jepang éta alatan pakakas-pakakas panarima radio di Bandung henteu diségel. Telegram resmi ti Tokyo ahirna katarima di Bandung dina tanggal 13 Agustus 1945.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Ramadan KH, Spk. Dari Monopoli Monopoli ke Kompetisi, Grasindo, Jakarta, 1994.
  2. Ditjen Postel, Sejarah Pos dan Telekomunikasi di Indonésia – Jilid II Masa Perang Kamerdekaan, Jakarta, 1980.


Nulis.jpg