Lompat ke isi

Sajarah militér Jepang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sajarah militér Jepang nyaéta ngawengku priode nu jembar kurang lewih tilu abad ti zaman Jomon nepi ayeuna, saenggeus priode Klan nepi ka abad-12, pada ahirna puncakna perang Féodal anu sok dikawanoh Kashogunan. Sajarah Jepang nyatet yén kelas Militér jeung maréntah jepang salila 676 taun - ti taun 1192 nepi ka taun 1868. Prajurit Shogoun jeung Samurai nangtung di puncak struktur sosial Jepang ngan bangsawan Aristokrat nu wani ngagulingkeunna. Kabijakan sakoku sacara éféktif nutup Jepang kana pangaruh asing salami 212 taun, ti 1641 nepi ka 1853. Militerisme feodal pindah ka imperialisme dina abad ka-19 sanggeus datangna Laksamana Perry dina 1853 sarta digenti ku Kaisar Méiji dina 1868. Kakuatan kolonial Barat jeung kawijakan imperialis mangaruhan pandangan Jepang sarta ngalantarankeun kolonialisme jeung imperialisme Jepang (ca 1895-1945) nepi ka éléhna Jepang dina Perang Dunya II. Konstitusi Jepang 1947 ngalarang Jepang ngagunakeun perang ngalawan nagara-nagara séjén pikeun nyerang. Hal ieu ngalantarankein kabentukna Pasukan Béla Diri Jepang dina 1954. Aliansi AS-Jepang (1951 saterusna) ngawajibkeun Amérika Sarikat pikeun nangtayungan Jepang sarta ngalaksanakeun tugas ofensif. Taun 1954 Pasukan Béla Diri Jepang (JSDF) diwangun ku Pasukan Béla Diri Darat Jepang (JGSDF), Pasukan Béla Diri Maritim Jepang (JMSDF) jeung Pasukan Bela Diri Udara Jepang (JASDF).[2] Perdana Mantri nyaéta komandan pangluhurna Pasukan Béla Diri Jepang. Wewenang militér ngalir ti Perdana Mentri nepi ka Menteri Pertahanan tingkat kabinét Departemen Pertahanan Jepang.[3] Perdana Mentri jeung Mentri Pertahanan disarankan ku Kapala Staf, Staf Gabungan, anu mingpin Staf Gabungan (統合幕僚監部, Tōgō Bakuryō Kanbu).[4] Kapala Staf, Staf Gabungan, nyaéta perwira militer anu pangkat pangluhurna di Pasukan Bela Diri Jepang, jeung mangrupa Otoritas Operasional Kapala JSDF, ngalaksanakeun paréntah Menteri Pertahanan kalayan arahan ti Perdana Menteri.[5] Taun 2015 Jepang ngagaduhan militér pangkuatna kaopat di dunya. [1]

Jepang Mulai terbuka

[édit | édit sumber]

Munculna Jepang salaku nagara panjajah sanggeus kurang leuwih dua abad nerapkeun politik isolasi ti taun 1639 nepi ka taun 1854. Ieu dilakukeun dina upaya nyingkahan pangaruh kabudayaan jeung tradisi Barat kana kabudayaan jeung tradisi Jepang. Penduduk dilarang ngalakukeun lalampahan ka luar nagri, kapal-kapal dirusak sangkan teu bisa dipaké, sarta nutup diri tina kadatangan urang Barat ka Jepang.Nanging, kawijakan éta lajeng ditinggalkeun sanggeus Jepang diparéntah ku Tenno Meiji dina taun 1867, kalayan kawijakan pikeun ngaréformasi Jepang anu kasohor ku ngaran Restorasi Meiji dina tanggal 14 Désémber 1868. Salila leuwih ti dua ratus taun dina mangsa Edo, Jepang sacara berturut-turut aya di handapeun kapamimpinan kulawarga Tokugawa. Dina périodeu ieu ogé, Jepang ngalaksanakeun politik sakoku atawa isolasi. Politik sakoku nyaéta kawijakan politik anu nutup diri tina intervensi asing dina sagala widang. Zaman Edo sorangan lumangsung ti taun 1603-1866, sarta politik isolasi mimiti diterapkeun dina taun 1633, dina mangsa kapamimpinan Tokugawa Iemetsu (Shogun ka-3). Dina kaputusan éta, Jepang dilarang pikeun hubungan jeung dunya luar, iwal pikeun padagang Tiongkok jeung Walanda ku jalan palabuhan di Nagasaki jeung Dezima. Dina mangsa ngalaksanakeun politik isolasi ieu, masalah hubungan luar nagri teu jadi prioritas pikeun Jepang. Sanajan kitu, saméméhna, kontak-kontak penting antara Jepang jeung dunya luar geus kajadian pikeun kahiji kalina dina abad ka-7 jeung ka-9, antara taun 607-838. Dina mangsa éta, pamaréntahan Jepang ngayakeun usaha ambisius pikeun diajar jeung nerapkeun rupa-rupa widang élmu ti nagari Cina, nu harita geus leuwih maju dina widang kabudayaan jeung élmu pangaweruh.

militer zomon

Kagiatan hubungan luar nagri ieu lajeng kaputus salila ratusan taun, nepi ka kajadian dua serangan anu gagal dina jaman Kamakura (jaman feodal awal di wewengkon Kamakura, taun 1192-1333). Serangan éta lumangsung di daérah Kyushu dina taun 1274 jeung 1281, dilakukeun ku bangsa Mongol nu harita ngawasaan Cina di handapeun kapamimpinan Kubilai Khan. Anjeunna ngawangun pasukan pikeun nyerang kapuloan Jepang, Rusia, jeung sabagéan Wétan Tengah. Serangan éta gagal alatan kaayaan cuaca anu parah, nyaéta kajadian angin topan. Bangsa Jepang percaya yén angin topan éta mangrupa Dewa Angin, nu ngabantu maranéhna tina ancaman Mongol. Tina kayakinan éta, angin topan anu suksés menggagalkan serangan Kubilai Khan disebut ku bangsa Jepang salaku Kamikaze atawa Angin Suci. Dengan mengamati perubahan dan perkembangan dari perjalanan sejarah politik Jepang, khususnya di zaman Edo yaitu zaman di mana Jepang mengalegaan wewengkonananarik diri dari pergaulan internasional melalui politik isolasinya, maka sangat menarik untuk melihat bagaimana pengaruh dari masa isolasi tersebut terhadap rasa nasionalisme bangsa Jepang khususnya sampai pecahnya Perang Dunia I dan II. Oleh sebab itu, penelitian ini bertujuan untuk menjelaskan mengenai kebijakan-kebijakan politik isolasi Jepang pada masa Edo dan menganalisa pengaruhnya terhadap rasa nasionalisme Jepang pada masa berlangsungnya Perang Dunia. Nalika Jepang mungkas mangsa feodalna ku ngaleungitkeun politik isolasi anu geus lumangsung salila 250 taun, rasa katinggaleun jeung cita-cita pikeun ngajadikeun Asia Timur Raya di handapeun kapamimpinan Kaisar Jepang jadi salah sahiji alesan utama nu ngajadikeun Jepang milu jadi nagara agrésor. Jepang mimiti usaha nepi ka luar benuana, sakumaha anu geus dilakukeun ku nagara-nagara Éropa dina mangsa kolonialisme.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "防衛省・自衛隊:防衛省ウェブサイトのHTTPSへの切り替えのお知らせ" (PDF). www.mod.go.jp (Dina basa Jepang). Diaksés tanggal 2025-02-22.