Lompat ke isi

Salahuddin Al-Ayyubi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sholahuddin Yusuf bin Ayyub (basa Inggris: Saladin, basa arab: صلاه الدين يوسف ابن ايوب) leuwih dipikawanoh minangka Salahuddin Al-Ayyubi (gumelar di Tirkit, Irak, taun 1137) nyaéta salah saurang pahlawan dina sajarah Islam, Salahuddin kasohor minangka jéndral nalika perang salib lumangsung, utamana perang salib II jeung perang salib III[1][2]. Salahuddin mangrupa turunan ti suku Kurdish di Tikrit (ayeuna Irak, 140 KM barat laut kota Baghdad)[1][2]. Nalika keur leutik, salila 10 taun Salahuddin diajar di lingkungan anggota dinasti Zangid nu nyepeng kakawasaan di Syria, Salahuddin diajar ka Nur Ad-Din atawa Nuruddin Zangi[1][2]. Salahuddin nyaéta tokoh anu nyiptakeun hiji konsép budaya anu ayeuna

Salahuddin diajar ngeunaan élmu militer ti Asaddin Shirkuh, panglima perang Turki Seljuk[1][2]. Salahuddin dinobatkeun jadi raja di Mesir, tapi ieu penobatan téh nyésakeun sengkéta[1]. Anakna Nuruddin, Shalih Ismail merangan Salahuddin alatan naékna Salahuddin jadi raja, Shalih Ismail maot taun 1181[1]. Salahuddin bisa ngéléhkeun serangan ti pasukan salib Eropa, kacutat, Slahuddin ngan mundur sakali salila perang[2]. Salahuddin mundur nalika perang Montgisard, nyaéta perang ngalawan karajaan Yarusalem[1][2].

Salahuddin nyerang karajaan Yarusalem dina taun 1187 dina perang anu disebut perang Hittin[1][2]. Salahuddin nyerang alatan Raynald de Chattilon jeung Guy de Lusignan minangka nu boga kawasa di Yarusalem harita wani nyerang jemaah haji jeung jalur perdagangan Mekkah ka Madinah[1][2]. Salahuddin meunang dina ieu perang, tuluy Raynald diéksékusi hukuman mati, sedengkeun Guy de Lusignan ditewak minangka tahanan perang[1][2].

Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j Sholahuddin Al Ayyubi Archived 2011-12-01 di Wayback Machine (diaksés tanggal 1 Désémber 2011)
  2. a b c d e f g h i Biografi Salahuddin Al-Ayyubi (diaksés tanggal 1 Désémber 2011)