Sapintrong
Pidangan
Barudak nuju suka bungah maén sapintrong. | |
| Wewengkon | Jawa Kulon |
|---|---|
| Pakakas | Karét gelang anu diranté |
| Jenis | Kaulinan luar imah |
| Ajén | Kakuatan & Kasaimbangan |
Sapintrong nyaéta salasahiji Kaulinan Barudak Sunda anu ngagunakeun tali tina untuyan karét geulang.[1] Ieu kaulinan meryogikeun katangkasan sarta kakuatan suku pikeun ngaluncatan tali anu dicepeng ku dua urang babaturanana dina tingkat jangkungna anu béda-béda.[2]
Étimologi
[édit | édit sumber]Kecap Sapintrong téh mangrupikeun istilah asli Sunda. Sanajan dina basa Indonésia disebutna Lompat Tali, di tatar Sunda mah istilah sapintrong langkung nyerep sarta janten ciri has kaulinan anu ngagunakeun média karét geulang anu diuntun panjang.[3]
Pakakas sarta Persiapan
[édit | édit sumber]- Tali Karét: Dijieun tina karét gelang anu diranté (disambung-sambungkeun) nepi ka panjangna sakitar 3 nepi ka 5 méter.
- Pamaén: Saeutikna dibatukeun ku 3 urang (2 urang nu nyepeng tali, 1 urang nu luncat). Upami lobaan, biasana dibagi janten dua kelompok.
Tahapan Jangkungna (Lével)
[édit | édit sumber]Dina sapintrong, aya tingkatan jangkungna tali anu kudu diliwatan ku pamaén:
- Sa mérét: Tali sahandapeun mumuncangan.
- Sa tuur: Tali sajajar jeung tuur.
- Sa pingping: Tali sajajar jeung pingping.
- Sa cangkèng: Tali sajajar jeung cangkèng.
- Sa dada: Tali sajajar jeung dada /Harigu.
- Sa ceuli: Tali sajajar jeung ceuli.
- Sa sirah: Tali sajajar jeung luhureun sirah.
- Merdeka: Tali dicepeng luhur pisan bari leungeun diangkat ka luhur.
Ajén Filosofis
[édit | édit sumber]- Sumangat: Pamaén diajar pikeun terus nyoba ngungkulan tantangan anu beuki luhur tingkatanana.
- Sportivitas: Upami suku pamaén antel kana tali dina tingkat anu teu meunang antel, mangka manéhna kudu jujur sarta ganti jadi nu nyepeng tali.[4]
Rujukan
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
