1Populasina diperkirakeun 5,576,076 non-nasional 2Réngking dumasar kana itungan taun
Karajaan Saudi Arabia (Basa Arab: المملكة العربية السعودية) nyaéta nagara panglegana di Semenanjung Arab. Nagara ieu wawatesan jeung Jordania di kulon kalér, Iraq di kalér jeung wétan kalér, Kuwait, Qatar, Bahrain, jeung Uni Émirat Arab di beulah wétan, Oman di wétan kidul, sarta Yaman di beulah kiduleunnana, kalayan Teluk Pérsia di beulah wétan kalér jeung Laut Beureum di beulah kuloneunnana. Nagara ieu disebut "lemahna dua masjid suci", minangka rujukan ka Mekah jeung Madinah, dua kota pangsucina dina ageman Islam. Nagara ieu nujul kana Saudi Arabia (ngecapkeun dina basa Inggris /ˈsɒdɪ əˈɹeɪ̯bɪə/), السعودية/ælʕɑrɑˈbiː æsːæʕuːˈdijːæ/ atawa Arabia wungkul, nu henteu pati ilahar (saperti dina maén bal), KSA.
Nagara ieu dimimitian di Arabia tengah kira-kira warsih 1750. Saurang pangawasa lokal, Muhammad bin Saud, ngagabung jeung ajengan sarta pembaharu Islam ngaranna Syekh Muhammad Abdul Wahhab, pikeun nyiptakeun sahiji entitas pulitik anyar. Salila saratus lima puluh warsih saterusna, nasib kulawarga Saud sawatara kali naék-turun dina usahana ngalawan Mesir, Kakaisaran Utsmaniyah, sarta kulawarga Arab séjénna pikeun ngawasa semenanjung Arabia éta. Nagara Arab Saudi pamustunganana nangtung di handapeun kapamingpinan almarhum Raja Abdul Aziz Al-Saud (anu ogé ditulis minangka Abdul Aziz bin Saud).
Dina warsih 1902, Abdul Aziz bin Saud junun ngawasa Riyadh, puseur dayeuh karuhun kulawarga Al-Saud, ti kakawasaan lawanana nyaéta kulawarga Al-Rashid. Abdul Aziz nuluykeun usahana kalayan ngawasa Al-Ahsa, Al-Qatif, sésa wewengkon Najd, sarta Hijaz antara warsih 1913-1926. Dina tanggal 8 Januari 1926, Abdul Aziz bin Saud nyokot gelar Raja Hijaz. Dina tanggal 29 Januari 1927, manéhna nyokot gelar Raja Najd. Ngaliwatan Perjangjian Jeddah anu ditandatanganan dina 20 Méi1927, Inggris ngaku kamerdikaan wewengkon kakawasaan Abdul Aziz, anu saterusna dipikawanoh minangka Karajaan Hijaz sarta Najd. Dina warsih 1932, kadua wewengkon ieu ngahiji sarta robah jadi Karajaan Arab Saudi.
Kapanggihna minyak bumi dina bulan Maret 1938 geus ngarobah ékonomi nagara, sarta saterusna méré kamakmuran anu badag pikeun karajaan ieu.
Institusi pamaréntahan utama di Arab Saudi nyaéta Karajaan Saudi. Undang-undang dasar anu diadopsi dina warsih 1992 nyatakeun Saudi Arabia minangka hiji karajaan anu diparéntah ku anak sarta incu ti raja kahiji, Abdul Aziz Al-Saud, sarta Al Qur'an minangka konstitusi nagara ieu anu dijalankeun dumasar hukum Islam (saréat).
Raja Salman ti Saudi Arabia
Euweuh partéi pulitik atawa pamilihan umum nasional anu diaku, kajaba pamilihan lokal anu diayakeun di warsih 2005. Kakawasaan raja sacara teoritis diwatesan ku saréat Islam sarta talari Saudi séjénna. Manéhna ogé kudu nengetan konsensus para kulawarga karajaan Saudi, pamingpin ageman (ajengan), sarta elemen penting séjénna dina masarakat Saudi. Idéologi nagara nyaéta Salafi. Karajaan nyebarkeun falsafah Islam ieu ngaliwatan pangwangunan masjid sarta madrasah di sakumna dunya. Kulawarga karajaan milih raja ti antara maranéhanana sorangan, saterusna ménta kasapukan ti ajengan.
Lippman, Thomas W. "Inside the Mirage: America's Fragile Partnership with Saudi Arabia" (Westview 2004) ISBN 0-8133-4052-7
Mackey, Sandra, The Saudis: Inside the Desert Kingdom (Houghton Mifflin, 1987) ISBN 0-395-41165-3
Ménoret, Pascal, The Saudi Enigma: A History (Zed Books, 2005) ISBN 1-84277-605-3
al-Rasheed, Madawi, A History of Saudi Arabia (Cambridge University Press, 2002) ISBN 052164335 Citakan:Invalid isbn
Matthew R. Simmons, Twilight in the Desert The Coming Saudi Oil Shock and the World Economy, John Wiley & Sons, 2005, ISBN 0-471-73876-X
Robert Lacey, THE KINGDOM: Arabia & The House of Sa'ud, Harcourt Brace Jovanovich, Inc, 1981 (Hard Cover) and Avon Books, 1981 (Soft Cover. Library of Congress: 81-83741 ISBN 0-380-61762-5