Sayur lebui

Sayur lebui téh mangrupa sayuran kuah has Lombok anu bahan utamana dijieun tina kacang lebui. Sayur lebui boga rasa gurih, kuahna rada haseum, sarta beunghar ku rupa-rupa rempah. Warna sayur lebui hideung, asalna tina warna kacang lebui éta sorangan.[1]
Sacara wangun, kacang lebui sakilas siga kacang kedelé hideung, tapi téksturna leuwih lemes, meh sarua jeung kacang beureum. Dina basa Inggris kacang lebui dipikawanoh ku ngaran Pigeon pea, sedengkeun ngaran ilmiahna nyaéta Cajanus cajan. Di Indonésia, kacang ieu boga rupa-rupa ngaran lokal, di antarana kacang hiris (Sunda), kacang Bali, ritiklias (Sumatra), kacang gude atawa gude jeung kacang kayu (Jawa), kance (Bugis), kacang kaju (Madura), kekace jeung undis (Bali), lebui atawa legui, kacang iris, kacang turis, puwe jai (Halmahera), sarta fou hate (Ternate jeung Tidore).[2]
Sayur lebui mindeng dihidangkeun minangka sayur kuah pangiring pikeun sababaraha kadaharan utama, saperti sambel bebrok, plecing, jeung hayam taliwang. Bumbuna basajan pisan, ngan maké bawang beureum, bawang bodas, tomat, terasi, daun bawang, sarta ditambahan loba daun kemangi sangkan ambu masakanna leuwih seungit.
Ruju'an
[édit | édit sumber]- ↑ "Kelaq Lebui, Kuliner Tradisional Lombok Berempah yang Unik". www.indonesia.travel (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-12-14.
- ↑ admin (2018-06-05). "KACANG GUDE (Cajanus cajan (L) Mill sp) -" (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-12-14.