Seoul

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Seoul
서울시
Kota Istiméwa
Kota Istiméwa Seoul
서울특별시
  transkripsi
 • Hangul 서울
 • Hanja
 • Romanisasi nu Dirévisi Seoul Teukbyeolsi
 • McCune–Reischauer Sŏul T'ŭkpyŏlsi
250px
Official logo of Seoul
Seal of Seoul
Peta Koréa Kidul kalayan Seoul nu disorot
Peta Koréa Kidul kalayan Seoul nu disorot
Koordinat: 37°34′N 126°58′E / 37.567°N 126.967°E / 37.567; 126.967Coordinates: 37°34′N 126°58′E / 37.567°N 126.967°E / 37.567; 126.967
Nagara Bandéra Koréa Kidul Koréa Kidul
Wewengkon Wewengkon Ibukota Nasional Seoul
Distrik
Pamaréntahan
 • Tipe Pamaréntahan Métropolitan Seoul
Déwan-Walikota
 • Walikota Park Won-soon (NPAD)
 • Déwan Déwan Métropolitan Seoul
 • Perwakilan National
 - Majlis Nasional
48 / 300
16.0% (total korsi)
48 / 246
19.5% (constituency seats)
Aréa[1]
 • Kota Istiméwa 605,21 km2 (23,367 sq mi)
Populasi (31 Oktober 2014[2])
 • Kota Istiméwa 10.117.909
 • Dénsitas 0.00.017/km2 (0.00.043/sq mi)
 • Métro 25.620.000
 • Démonim 서울 사람 (Seoul saram). 서울시민 (Seoul-simin). Seoulite
 • Lentong Seoul
Time zone UTC +09:00 (Korean Time)
Manuk Korean Magpie
Kelir Seoul Red[3]
Kembang Forsythia
Aksara Aksara Seoul (Han River jeung Namsan)
Maskot Haéchi
Slogan “함께 만드는 서울, 함께 누리는 서울” (Literally "Seoul We Create Together, Seoul We Enjoy Together")
Lagu "서울의 빛" ("Cahya Seoul")
Tangkal Ginkgo
GDP US$ 845.9 billion [4]
GDP per kapita US$ 34,355 [4]
Website seoul.go.kr

Séoul (; basa Koréa: [sʰʌ.ul] ( dangukeun)) – resmina Kota Istiméwa Séoul  – mangrupa ibu kota tur métropolis panggedéna di Koréa Kidul, nu mangrupa jajantung Wewengkon Ibukota Seoul, kaasup sabudeureun métropolis Incheon jeung propinsi Gyeonggi, wewengkon métropolitan kadua panggedéna sadunya kalayan 25.6 yuta urang pangeusi.[5] mangrupa tempat leuwih ti satengahna pangeusi Koréa Kidul kaasup 678,102 warga internasional.[6] Kalayan pangeusi leuwih ti 10 yuta, ieu kota gedé mangrupa largest city proper di OECD.

Perenahna di Walungan Han, sajarah Séoul ti mangsa ka tukang kacida panjangna leuwih ti dua rébu taun ti saprak diadegkeun taun 18 SM ku Baékjaé, salah sahiji tina Tilu Karajaan di Koréa. Séoul masih tumuluy jadi ibu kota Koréa nalika Dinasti Joseon. Wewengkon Ibu kota Seoul ngawengku lima Loka Warisan Dunya UNESCO: Karato Changdeok, Bénténg Hwaseong, Kuil Jongmyo, Namhansanseong katut Makam Karajaan Dinasti Joseon.[7] Séoul dikurilingan ku pagunungan, nu pangluhurna mah Gunung Bukhan, taman nasional nu panglobana didatangan per suku pasagina.[8] Cicirén modéren di antarana Munara Seoul N, Wangunan 63 kelir emas, Dongdaemun Design Plaza nu neofuturiskik, Lotte World, taman jejeran jero rohangan panggedéna kadua sadunya,[9] Moonlight Rainbow Fountain, cai mancer sasak pangpanjangna sadunya[10] katut Pulo Ngambang Sevit. Minangka tempat lahirna K-pop katut Korean Wave, Séoul narima leuwih ti 12 yuta turis internasional dina taun 2013,[11] ngajadikeun Séoul minangka kota ka-10 panglobana didatangan sadunya katut ka-6 pangngahasilkeunana dina hal pelesir.[12]

Kiwari, Séoul dianggap minangka hiji kota global nu pinunjul tur ngaronjat, nu dihasilkeun tina hasil ekonomi nu disebut Kaahéngan Walungan Han nu ngarobah tina karuksakan Perang Koréa jadi ékonomi métropolitan panggedéna ka-4 kalayan GDP US$774 miliar[13] dina taun 2012 sanggeus Tokyo, Kota New York katut Los Angeles. Puseur téhnologi dunya nu pinunjul di Gangnam katut Kota Média Digital,[14] Wewengkon Ibu kota Séoul bisa ngagulkeun 15[15] pausahaan Fortune Global 500 saperti Samsung, pausahaan téhnologi panggedéna sadunya, katambah ku LG jeung Hyundai-Kia. Dina taun 2013, GDP per kapita (PPP) ieu kota nu $39,448 bisa dibandingken jeung Perancis katut Finlandia. Réngking kagenep dina Indéks Kota Daya Global sarta kagenep dina Indéks Puseur Finansial Global, ieu métropolis ngadorong pangaruh nu gedé dina urusan global minangka salah sahiji tina lima tuan rumah konférénsi global nu pinunjul.[16] Séoul meunang réngking katujuh dina Sustainable Cities Index, pangluhurna di Asia tur réngking kadua sadunya dina kategori sosial. Ogé mangrupa tuan rumah pembukaan seni panglobana sadunya per mil pasagina.[17]

Séoul mangrupa kota pangkahubungkeunana ku kabel sadunya[17] tur réngking kahiji dina kasiapan téhnologi dumasar kana laporan Kota Kasempetan PwC.[18] Infrastruktur transportasi publikna mangrupa nu pangpadetna sadunya[19] tur karéngking minangka nu panghadéna di Beulahan Bumi Kalér dina Sustainable Cities Index.[20] Dirojong ku karéta gancang KTX katut Subway Seoul, jajaring subway panggedé sadunya,[21] nyayagakeun 4G LTE, WiFi katut DMB dina kandaraan handapeun lemah. Séoul kahubung ku AREX ka Bandara Internasional Incheon, nu meunang pangajén minangka bandara panghadéna salila salapan taun patuturut (2005–2013) sadunya ti Airports Council International.[22] Lotte World Tower, pemcakar langit supertall 556m (1,824 ft) kalayan 123 lantéy, diwangun di Séoul nu jadi pangluhurna dina OECD taun 2015 kalayan galadak observasi katut galeri seni pangluhurna sadunya.[23][24] Its Lotte Cinema houses the world's largest cinema screen.[25]COEX Mall Séoul mangrupa mall pangbalanjaan panggedéna di sahandapeun lemah.[26] Emporis nyababkeun skyline Séoul meunang réngking minangka pangaruh visual pangluhurna kaopat sadunya di antara kota-kota gedé.[27]

Séoul jadi tuan rumah Asian Games 1986, Olimpiade Usum Panas 1988, Piala Dunia FIFA 2002 jeung KTT Seoul G-20 2010. Kota Disain UNESCO, Séoul dingaranan Ibu kota Disain Dunia 2010.

Étimologi[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Ngaran Seoul.

Ieu kota geus kasohor ti jaman baheula kalayan ngaran Wiryé-seong (위례성/慰禮城, nalika jaman Baékjé), Hanju (한주/漢州, nalika jaman Silla), Namgyeong (남경/南京, nalika jaman Goryeo), Hanseong (한성/漢城, nalika jaman Baékjé jeung jaman Joseon), Hanyang (한양/漢陽, nalika jaman Joseon), Gyéongséong (경성/京城, nalika jaman penjajahan).[28] Ngaran nu kiwari mah asalna tina kecap basa Koréa nu hartina "ibu kota," nu dipercaya diturunkeun tina kecap Seorabeol (서라벌/徐羅伐), nu asalna nujul kana Gyeongju, ibu kota Silla.[29] Séoul boga loba ngaran tangtu aya alesanana. Nalika dijajah ku Jepang, "Hanseong" (漢城) diganti ngaran ku "Gyeongseong" (京城) sangkan teu patukeur jeung karakter "" sabab nujul ogé ka urang China. Dina kanyataanana mah, ngaran kuna Séoul, Hanséong asalna boga harti "Gedé" atawa "Lega". Pamaréntah Jepang mutuskeun pikeun nganti ieu karakter ti jadi sangkan rahayat henteu saralah nganggap yén Séoul boga hubungan jeung urang China.

Henteu kawas lolobana ngaran tempat di Koréa, "Seoul" mah henteu boga hanja (karakter China nu dipaké dina basa Koréa). Dina tanggal 18 Januari 2005, pamaréntah Séoul sacara resmi ngaganti ngaran basa China resmina ku Shou'er (Tionghoa basajan: 首尔; Tionghoa tradisional : 首爾; pinyin: shǒu'ěr) tina Hancheng (Tionghoa basajan: 汉城; Tionghoa tradisional : 漢城; pinyin: hànchéng), nu tuluy jadi henteu pati ilahar.[30][31][32]

Sajarah[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Sajarah Seoul.
Searchtool.svg
 Tingali ogé: Gurat wanci Seoul.
Donggwoldo, lukisan pemandangan Changdeokgung

Pakampungan di wewengkon Walungan Han, tempat perenahna Séoul kiwari, geus mimiti ditempatan ti kira-kira taun 4000 SM.[33]

Séoul munggaran kacatet minangka Wiryeséong, ibu kota Baékjé (ngadeg taun 18 SM) di béh kalér wétan wewengkon Séoul.[33] Aya sababaraha pinding dayeuh nu nyésa di ieu wewengkon nu nuduhkeun tanggal harita. Pungnaptoseong, pinding béh wétan di saluareun Séoul, dipercaya ku balaréa minangka loka Wiryeéséong utama.[34] Alatan Tilu Karajaan marebutkeun wewengkon nu stratégis ieu, kadali pindah ti Baékjé ka Goguryeo dina abad ka-5, sarta ti Goguryéo ka Silla dina abad ka-6.

Dina abad ka-11 Goryeo, nu ngaganti Silla Ngahiji, ngawangun hiji karaton usum panas di Séoul, nu dianggap "Ibu kota Kidul". Ti saprak harita, Séoul jadi hiji panganjrekan nu beuki leuwih lega.[33] Nalika Joseon ngaganti Goryéo, ieu ibu kota pindah ka Séoul (katelah ogé Hanyang sarta satuluyna Hanséong), nu tumuluy nepi ka runtagna ieu dinasti. Karaton Gyeongbok, nu diwangun dina abad ka-14, dipidangkeun minangka panyicingan karajaan tepi ka taun 1592. Karaton gedé lianna, Changdeokgung, diwangun taun 1405, dipidangkeun minangka karaton karajaan utama ti taun 1611 tepi ka 1872.[33]

Tadina mah ieu kota téh sagemblengna dikurilingan ku pinding batu pikeun ngamankeun wargana tina sato galak, nu maling katut serangan ti luar. Ieu kota tuluy tuwuh ka saluareun éta pinding tur sok sanajan pindingna geus euweuh ogé (kajaba di sapanjang Gunung Bugaksan (북악산), di béh kalér wewengkon puseur dayeuh[35]), gapurana mah nyésa kénéh di deukeuteun tengah kota Séoul, kaasup Sungnyémun (ilaharna kasohor minangka Namdaémun) katut Honginjimun (ilaharna kasohor minangka Dongdaémun).[36] Salila dinasti Joséon, ieu gapura dibuka jeung ditutup unggal poé, dibarengan ku sora loncéng gedé di munara Bosingak .[37] Dina abad ka-19 ahir, sanggeus ratusan taun kaisolasi, Séoul muka gapurana keur urang deungeun tur mimiti dimodérenkeun. Séoul jadi dayeuh munggaran di Asia Wétan nu ngawanohkeun listrik di karaton karajaan, diwangun ku Edison Illuminating Company[38] tur sapuluh taun sanggeusna Séoul nerapkeun ogé lampu jalan.[39]

lolobana kamekaran Séoul nyaéta alatan perdagangan jeung nagara deungeun kayaning Perancis katut Amérika Sarikat. Contona baé, Seoul Electric Company, Séoul Electric Trolley Company, and Séoul Fresh Spring Water Company kabéhanana mangrupa pausahaan nu dipiboga babarengan ku Koréa katut Amérika.[40] Dina taun 1904, salah saurang urang Amérika nu ngaranna Angus Hamilton ngadatangan ieu dayeuh tur nyarita, "Jalan di Seoul mah haradé, lalega, bareresih, pikatajieun tur saluran caina ogé ogé hadé. Lajur nu hareureut jeung kotor geus dilegaan, solokanana geus ditutup, atuh jalan rayana ogé geus dilalegaan. Seoul téh geus kairong bakal jadi dayeuh panghadéna, pangpikatajieun, jeung pangberesihna di wewengkon Wétan."[41]

Sanggeus perjangjian anéksasi dina taun 1910, Kakaisaran Jepang ngajajah Koréa sarta ngaganti ngarang ieu dayeuh jadi Gyeongseong ("Kyongsong" dina basa Cina atawa "Kéijo" dina basa Jepang). Téhnologi Jepang diimpor, pinding dayeuh dipiceun, sababaraha gapura diancurkeun. Jalan diubinan sarta wangunan gaya Kulon diwangun. Ieu dayeuh diliberalisasi dina mangsa ahir Perang Dunya II.[33]

Dina taun 1945 mah ieu dayeuh téh resmi dingarangan Séoul tur diputuskeun minangka kota istiméwa taun 1949.[33]

Salila Perang Koréa, sababaraha kali Séoul pundah-pindah leungeun antara angkatan bersenjata Koréa Kalér nu dibéking ku Rusia/Cina, jeung Koréa Kidul nu dibéking ku Amérika Sarikat, nu nyababkeun ieu dayeuh ruksak parna sanggeusna perang. Ibu kota sawatara waktu mah dipindahkeun heula ka Busan.[33] Ceuk salah sahiji perkiraan ngeunaan kaayaan ruksakna Séoul mah, sahanteuna 191.000 wangunan, 55.000 imah, katut 1.000 pabrik rata jeung taneuh. Katambah deui, banjir pangungsi geus asup ka Seul nalika perang, nyababkeun kamekaran jumlah pangeusi ieu dayeuh katut wewengkon mtropolitanana nepikeun ka kurang leuwih 1.5 yuta jiwa taun 1955.[42]

Sanggeusna perang, Séoul mimiti fokus kana ngarékonstruksi jeung ngamodérnisasi. Alatan ékonomi Koréa mimiti tuwuh kacida rongkahna ti saprak taun 1960-an, urbanisasi ogé beuki gancang sarta para pagawé mimiti narempatan Séoul katut dayeuh gedéliana.[42] Ti taun 1970-an, ukuran wewengkon administratif Séoul beuki ngalegaan pisan alatan nyokot sababaraha kota leutik katut désa ti sababaraha county sabudeureunana.[43]

Dumasar kana data sénsus taun 2012, populasi wewengkon Séoul geus kira-kira 20% tina total populasi Koréa Kidul,[44] Séoul geus ngajadi puseurna ékonomi, pulitik katut budaya di ieu nagara,[33] kalayan sababaraha pausahaan Fortune 500, kaasup Samsung, SK Holdings, Hyundai, POSCO katut LG Group nu kantor puseurna di dinya.[45]

Séoul jadi tuan rumah Asian Games 1986 jeung Olimpiade Usum Panas 1988 sajaba ti mangrupa salah sahiji tempat Piala Dunya Maén Bal 2002.

Géografi[édit | édit sumber]

Séoul perenahna di béh kalér kulon Koréa Kidul. Legana 605,25 km2,[1] kalayan radius kurang leuwih 15 km (9 mi), nu sacara gurat badag kabagi jadi wewengkon kalér jeung kidul nu dipisahkeun ku Walungan Han. Ieu walungan katut wewengkon sabudeureunana boga pancén nu kacida pentingna dina sajarah Koréa. Tilu Karajaan Koréa kacida merjuangkeun pikeun bisa ngadalikeun ieu lemah, sabab ieu walungan mangsa harita mah dipaké keur jalur dagang ka Cina (ngaliwatan Laut Konéng).[46] Ieu walungan kiwari henteu bisa dipaké deui keur balayar alatan muharana aya dina wates antara dua Koréa nu henteu beunang sagawayah jelema sipil bisa larsup. Ieu dayeuh diwatesan ku dalapan gunung, kaasup lemah pangluhurna dina daratan Walungan Han jeung wewengkon béh kulon.

Iklim[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Iklim Seoul.
Seoul
Climate chart (explanation)
J F M A M J J A S O N D
 
 
21
 
2
−6
 
 
25
 
5
−3
 
 
47
 
10
2
 
 
65
 
18
8
 
 
106
 
23
13
 
 
133
 
27
18
 
 
395
 
29
22
 
 
364
 
30
22
 
 
169
 
26
17
 
 
52
 
20
10
 
 
53
 
12
3
 
 
22
 
4
−3
Average max. and min. temperatures in °C
Precipitation totals in mm

Séoul boga iklim transisional buana beueus/subtropis (klasifikasi iklim Köppen Dwa/Cwa), kalayan karakteristik iklim di antara duanana. Salila bulan Nopémber–Méi, iklim Séoul leuwih deukuet kana iklim buana (kontinén) sedengkeun nalika usum panas mah, iklim di ditu kawas iklim subtropis nu ngandung unsur iklim baseuh/garing tropis. Usum panas mah ilaharna panas jeung beueus, dibarung ku angin muson Asia Wétan ti Juni tepi ka Séptémber. Sedengkeun kira-kira bulan Agustus mah, nu mangrupa bulan pangpanasna, boga suhu rata-rata 22.4 to 29.6 °C (72 to 85 °F) malahan mah bisa jadi leuwih ti éta. Dina usum tiis mah mindeng kacida nyecep tepi ka bekuna kalayan suhu rata-rata dina bulan Januari tepikeun ka −5.9 to 1.5 °C (21.4 to 34.7 °F) sarta ilaharna leuwih garing ti batan nalika usum panas, kalayan rata-rata 28 poé saljuan unggal taunna. Kadang-kadang, hawa turun kacida dramatisna tepi ka sahandapeun −10.0 °C (14.0 °F), malah bisa nepikeun ka −15.0 °C (5.0 °F) sanajan arang ogé, nyaéta nalika mangsa tengah usum tiis antara Januari jeung Pébruari.


Data iklim pikeun Seoul (normal 1981–2010, ékstrim 1913–kiwari)
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Catatan tertinggi °C (°F) 14.4
(57.9)
18.7
(65.7)
23.8
(74.8)
29.8
(85.6)
34.4
(93.9)
37.2
(99)
38.4
(101.1)
38.2
(100.8)
35.1
(95.2)
30.1
(86.2)
25.9
(78.6)
17.7
(63.9)
38,4
(101,1)
Rarata pangluhurna °C (°F) 1.5
(34.7)
4.7
(40.5)
10.4
(50.7)
17.8
(64)
23.0
(73.4)
27.1
(80.8)
28.6
(83.5)
29.6
(85.3)
25.8
(78.4)
19.8
(67.6)
11.6
(52.9)
4.3
(39.7)
17,0
(62,6)
Per poé °C (°F) −2.4
(27.7)
0.4
(32.7)
5.7
(42.3)
12.5
(54.5)
17.8
(64)
22.2
(72)
24.9
(76.8)
25.7
(78.3)
21.2
(70.2)
14.8
(58.6)
7.2
(45)
0.4
(32.7)
12,5
(54,5)
Rarata panghandapna °C (°F) −5.9
(21.4)
−3.4
(25.9)
1.6
(34.9)
7.8
(46)
13.2
(55.8)
18.2
(64.8)
21.9
(71.4)
22.4
(72.3)
17.2
(63)
10.3
(50.5)
3.2
(37.8)
−3.2
(26.2)
8,6
(47,5)
Catatan terendah °C (°F) -22.5
(-8.5)
-19.6
(-3.3)
-14.1
(6.6)
-4.3
(24.3)
2.4
(36.3)
8.8
(47.8)
12.9
(55.2)
13.5
(56.3)
3.2
(37.8)
-5.1
(22.8)
-11.9
(10.6)
-23.1
(-9.6)
-23,1
(-9,6)
Curah hujan mm (inches) 20.8
(0.819)
25.0
(0.984)
47.2
(1.858)
64.5
(2.539)
105.9
(4.169)
133.2
(5.244)
394.7
(15.539)
364.2
(14.339)
169.3
(6.665)
51.8
(2.039)
52.5
(2.067)
21.5
(0.846)
1.450,5
(57,106)
Kalembaban 59.8 57.9 57.8 56.2 62.7 68.1 78.3 75.6 69.2 64.0 62.0 60.6 64,4
Rarata poé présipitasi (≥ 0.1 mm) 6.5 5.8 7.4 7.8 9.0 9.9 16.3 14.6 9.1 6.3 8.7 7.4 108,8
Sunshine hours 160.3 163.3 189.0 205.0 213.0 182.0 120.0 152.5 176.2 198.8 153.2 152.6 2.066,0
Sumber: Korea Meteorological Administration[47] [48] [49]


Distrik administratif[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Daptar distrik di Seoul.
Bandéra Seoul (1947–1996)
Distrik Seoul

Séoul kabagi jadi 25 gu (구; ) (distrik).[50] Gu béda-béda legana (ti 10 tepi ka 47 km2) katut populasina (ti leuwih saeutik ti 140,000 tepikeun ka 630,000). Songpa boga jumlah warga nu panglobana, sedengkeun Séocho mah wewengkonna panglegana. Pamaréntahan unggal gu nyekel loba fungsi nu dicekel ogé ku pamaréntahan kota di yurisdiksi lianna. Unggal gu kabagi jadi "dong" (동; ) atawa lingkungan. Sababaraha gu ukur boga saeutik dong sedengkeun lianna saperti Distrik Jongno mah jumlah lingkunganana kacida lobana. Gu di Séoul ngawengku 423 dong administratif (행정동).[50] Dong kabagi deui jadi 13,787 tong (통; ), nu satuluyna kabagi deui jadi 102,796 ban.

Démografi[édit | édit sumber]

Proper Séoul kasohor ku kapadetan populasina, nu ampir dua kalieun New York sarta dalapan kalieun Roma. Wewengkon métropolitanana mangrupa nu pangpadetna di Asia taun 2012 dumasar kana OECD, tur kadua di dunya sanggeus Paris.[51] Ampir sakabéhna warga Séoul nyaéta urang Koréa, kalayan saeutik urang Cina, urang Jepang, katut minoritas ékspatriat. Dina bulan Désémber 2013, populasina 10.14 yuta,[52] taun 2012, populasina 10,442,426.[53] Ahir Juni 2011, 10.29 yuta warga Républik Koréa cicing di ieu kota. Turun .24% dbandingkeun ahir 2010. Populasi Séoul terus turun ti awal 1990-an, sabab cicing di Séoul mah mahal, katambah ku ngolotanana populasi.[52]

Jumlah urang asing nu nganjrek di Séoul nyaéta 255,501 urang dina taun 2010 dumasar kana sumber resmi Séoul.[54] Dina bulan Juni 2011, 281,780 urang deungeun nganjrek di Séoul. Di antara eta, 186,631 urang deungeun (66%) mangrupa warga urang Cina ti karuhun urang Koréa. Naek 8.84% ti ahir 2010 jeung 12.85% ti Juni 2010. Kelompok panggedéna deui nyaéta warga Cina nu lain suku Koréa; 29,901 di antarana cicing di Séoul. Kelompok panggedéna deui nyaéta 9,999 urang warga Amérika Sarikat nu lain turunan Koréa. Satuluyna nyaéta warga Républik Cina (Taiwan), 8,717 urang.[55]

Ageman[édit | édit sumber]






Circle frame.svg

Ageman di Seoul (2005)[56] ██ Teu boga ageman (46.2%)██ Protestan (22.8%)██ Buda (16.8%)██ Katolik (14.2%)

Dua ageman utama di Séoul nyaéta Kristen jeung Buda. Ageman lianna kaasup Muisme (ageman karuhun) katut Konghucu. Séoul mangrupa tempat jama'ah Kristen panggedéna di dunya, Yoido Full Gospel Church, nu boga anggahota kira-kira 830,000 urang.[57]

Dumasar kana sénsus taun 2005, tina sakabéh urang Séoul, 39% ngagem Kristen (22.8% Protéstan jeung 14.2% Katolik) jeung 16.8% ngagem Buda.[56] 46.2% tina ieu populasi lolobanaana henteu boga ageman atawa ngagem Muisme jeung ageman asli lianna.

Ékonomi[édit | édit sumber]

Taman jero wangunan katut mall pangbalanjaan Lotte World
Searchtool.svg
 Tingali ogé: Ékonomi Koréa Kidul.

Séoul mangrupa puseur bisnis katut kauangan di Koréa Kidul. Sanajan legana ukur 0.6 persén tina sakabéh wewengkon daratan nasional, Séoul ngahasilkeun 21 persén tina GDP ieu nagara taun 2006.[58] Taun 2008, indéks Worldwide Centers of Commerce ngaréngking Séoul minangka No.9.[59] Global Financial Centres Index taun 2012 ngadaptar Séoul minangka kota pangkompetitifna ka-6 sadunya sacara finansial.[60] The Economist Intelligence Unit ngaréngking Séoul minangka nu ka-15 dina daptar "Overall 2025 City Competitiveness" ngeunaan daya saing kota ka hareupna.[61]

Pabrik[édit | édit sumber]

Industi pabrik nu tradisional jeung intensif maké karyawan geus sacara tuluy tumuluy diganti ku industri tipeu téhnologi informasi, éléktronis jeung assembly,[62][63] tapi, produksi dahareun jeung inuman mah, kawas percitakan katut penerbitan masih nyésa di antara industri inti.[62] Pabrik nu garedé mah kantor puseurna aya di ieu kota, kayaning Samsung, LG, Hyundai, Kia katut SK. Pausahaan dahareun jeung inuman nu kasohor kaasup Jinro, nu nyieun inuman alkoholan soju nu sumebar ka sakuliah dunya, geus ngéléhkeun vodka Smirnoff;[64] pabrik bir panglobana ngajual Hite (ngahiji jeung Jinro) jeung Oriental Brewery.[65] Ieu kota ogé mangrupa tempatna raksasa dahareun saperti Seoul Dairy Cooperative, Grup Nongshim katut Lotté.

Kauangan[édit | édit sumber]

Konséntrasi gegedéan pausahaan-pausahaan internasional kantor puseurna aya di Séoul.[66] Korea Exchange Bank ogé kantor puseurna aya di ieu kota. lolobana kantor puseur bank katut Korea Exchange perenahna di Yeouido (Pulo Yéoui),[62] nu mindeng disebut "Wall Street Koréa" tur geus midang minangka puseur finansial ieu kota ti taun 1980-an.[67]

Balanja[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Balanja di Seoul.

Pasar grosir katut écéran panggedéna di Koréa Kidul, nyaéta Pasar Dongdaémun, perenahna di Séoul.[68] Myeongdong nyaéta wewengkon pangbalanjaan katut hiburan di puseur dayeuh Séoul kalayan toko kelas panengah tepi ka kelas luhur, butik pakéan katut outlét mérek internasional.[69] Pasar Namdaémun deukeuteunana, nu dingaranan dumasar kana Gapura Namdaémun, mangrupa pasar pangkolotna di Séoul nu kiwari masih dipaké.[70] Sinchon nyaéta wewengkon pangbalanjaan nu disadiakeun keur nonoman katut mahasiswa universitas.[71]

Insadong mah mangrupa pasar seni budaya di Séoul, tempat di mana karya seni Koréa tradisional katut modéren, saperti lukisan, ukiran katut kaligrafi dijual.[72] Pasar loak Hwanghak-dong katut Pasar antik Janganpyéong ogé nawarkeun barang antik.[73][74] Sababaraha toko keur parancang lokal geus dibuka di Samcheong-dong, tempat perenahna sababaraha galeri seni laleutik. Itaéwon utamana sadia keur turis deungeun katut soldadu Amérika nu boga basis di ieu dayeuh.[75] Distrik Gangnam mangrupa wewengkon pangmakmurna di Séoul[75] tur kasohor ku wewengkon Apgujeong-dong katut Cheongdam-dong sarta COEX Mall nu modéren. Pasar grosir di antarana Pasar Grosir Lauk Noryangjin katut Pasar Garak. Pasar Éléktronik Yongsan mangrupa pasar éléktronik panggedéna di Asia.[76]

Times Square mangrupa salah sahiji mall pangbalanjaan panggedéna nu ngagulkeun Starium CGV, layar bioskop permanén panggedéna di dunya, 35 mm.[77]

Arsitéktur[édit | édit sumber]

Searchtool.svg
 Tingali ogé: Arsitéktur Koréa Kidul.
Panorama Seoul ti Namhansanseong

Jajantung tradisional Séoul nyaéta dayeuh kolot Dinasti Joseon, nu kiwari jadi wewengkon puseur karaméan, nu mana di éta wewengkon ngumpul karaton, kantor pamaréntahan, kantor puseur pausahaan, hotél, katut pasar tradisional. Cheonggyécheon, wahangan nu ngamalir ti kulon ka wétan ngaliwatan léngkob saméméh tuluy ngamuhara ka Walungan Han, keur sababaraha taun mah katutupan ku beton, tapi ahirna dibalikkeun deui ngaliwatan proyék kabangkitan kota taun 2005.[78] Jalan Jongno, nu hartina "Jalan Loncéng," geus mangrupa hiji jalan utama tur salah sahiji jalan komérsil pangbiharina di ieu dayeuh,[79][80] nu mana di dinya bisa kapanggih Bosingak, hiji paviliun nu eusina loncéng gedé. Éta loncéng nyirénan wanci nu béda-béda sapanjang poé tur ngaadalikeun opat gapura ka ieu dayeuh. Di béh kaléreun puseur karaméan aya Gunung Bukhan, tur di kiduleunana aya Namsan nu leuwih leutik. Tuluy ka béh kidul aya pipir dayeuh nu geus kolot, nyaéta Distrik Yongsan jeung Distrik Mapo. Sapanjang Walungan Han aya wewengkon nu leuwih anyar jeung makmur nyaéta Distrik Gangnam, Distrik Seocho katut wewengkon sabudeureunana.

Arsitéktur dumasar sajarah[édit | édit sumber]

Changdeokgung, salah sahiji tina lima karaton di Koréa, nya éta hiji Loka Warisan Dunya UNESCO.

Séoul mibanda sababaraha tempat penting sacara sajarah katut budaya. Di Loka Pamukiman Prasajarah Amsa-dong, Distrik Gangdong, sésa-sésa néolitikum kakali jeung teu kahaja katimu alatan banjir taun 1925.[81] Perencanaan urban jeung sipil mangrupa konsép utama nalika Séoul mimiti dirarancang keur ngajadi ibu kota dina ahir abad ka-14. Dinasti Joseon ngawangun "Lima Karaton Agung" di Séoul – Changdeokgung, Changgyeonggung, Deoksugung, Gyeongbokgung katut Gyeonghuigung – sakabéhna aya di Distrik Jongno jeung Distrik Jung. Di antara sakabéh éta, Changdéokgung asup kana Daptar Warisan Dunya UNESCO taun 1997 minangka "conto rarancang arsitéktur karaton katut taman di Wétan Jauh nu pinunjul". Karaton utama mah, nyaéta Gyeongbokgung, keur ngalaman proyék réstorasi gegedéan.[82] Ieu karaton-karaton téh dianggap arsitéktur percontoan tina mangsa Joséon. Di sagédéngeun karaton, Unhyeongung kasohor minangka tempat cicingna Bupati Daéwongun, bapana Kaisar Gojong dina ahir Dinasti Joséon.

Deoksugung nalika usum gugur

Séoul dikurilingan ku pinding nu diwangun keur ngatur singsaha waé nu baris nganjang ti wewengkon séjén sarta pikeun ngajaga dayeuh tina serangan musuh. Pungnap Toseong mangrupa hiji pinding taneuh rata nu diwangun dina juru Walungan Han nu dipercaya ku balaréa minangka mandalana Wiryéseong. Ari Mongchon Toseong (몽촌토성; 蒙村土城) mah nyaéta pinding taneuh liana nu diwangun nalika mangsa Baékjé nu kiwari perenahna di sajeroeun Taman Olimpiade.[34] Bénténg Seoul diwangun dina mangsa Dinasti Joséon munggaran keur ngajaga ieu dayeuh. Sanggeus sababaraha abad ruksak jeung diwangun deui, kiwari nyésa kurang leuwih 2/3-na, kaasup genep tina dalapan gapura nu asli. Gapura-gapura ieu kaasup Sungnyémun jeung Heunginjimun, nu kiwari ilaharna disebut Namdaémun (Gapura Gedé Kidul) jeung Dongdaémun (Gapura Gedé Wétan). Namdaémun mangrupa gapura kai pangkolotna tepikeun ka kajadian aya nu ngaduruk taun 2008, tur kiwari dibuka deui sanggeu réstorasina réngsé taun 2013.[83] Di deukeuteun ieu gapura aya pasar tradisional katut puseur pangbalanjaan panggedéna, Pasar Namdaémun jeung Pasar Dongdaémun.

Aya ogé loba wangunan nu dijieun kalayan gaya mancanagara dina ahir abad ka-19, awal abad ka-20. Gapura Kamerdikaan diwangun taun 1897 keur méré ilham ngeunaan pentingna boga sumanget kamerdikaan. Stasion Seoul dibuka taun 1900 minangka Stasion Gyéongséong.

Arsitektur moderen[édit | édit sumber]

Gambar:Lotte World Tower under construction on January 2015.png
Mall Lotte World dibuka taun 2014 kalayan bioskop panggedéna[25] katut Munara Lotte World superluhur 123 lantéy nu baris dibuka taun 2016 kalayan galadak observasi pangluhurna sadunya.

Mangrupa-rupa wangunan kantor katut wangunan panyicingan nu laluhur, saperti Gangnam Finance Center, Tower Palace, N Seoul Tower katut Jongno Tower, ngadominasi langit ieu dayeuh. Saruntuyan wangunan luhur anyar keur diwangun, kaasup Munara Lotte World, nu direncanakeun baris réngsé taun 2016.[84] Bulan Fébruari 2014 mah, wangunan pangluhurna di ieu kota téh nyaéta Three International Finance Center nu luhurna 279m.[85]

World Trade Center Seoul, nu perenahna di Distrik Gangnam, mangrupa tuan rumah sababaraha paméran katut konférénsi. Di Distrik Gangnam aya ogé COEX Mall, nu mangrupa komplék pangbalanjaan katut hiburan di jero rohangan nu kacida gedéna. Ka hilirkeun ti Distrik Gangnam aya Yeouido, hiji pulo nu jadi tempat Déwan Nasional, studio siaran gedé, katut sajumlah gedé wangunan kantor gedé, kayaning Koréa Finance Building katut Garéja Yoido Full Gospel. Stadion Olompiade, Taman Olimpiade, katut Lotte World perenahna di Distrik Songpa, di sisi béh kidul Walunga Han, naék ti Distrik Gangnam. Dua cicirén modéren Séoul nu anyar nyaéta Dongdaemun Design Plaza & Park, nu dirancang ku Zaha Hadid, katut Balé Kota Seoul, ku Yoo Kerl ti iArc.

Dina taun 2010 Séoul ditunjuk jadi Ibu kota Disain Dunya keur taun harita.[86]

Budaya[édit | édit sumber]

Téhnologi[édit | édit sumber]

Séoul boga infrastruktur nu maju sacara téhnologi.[87][88] Boga pénétrasi pita lega serat kaca pangluhurna sadunya, nu ngahasilkeun konéksi internét panggancangna sadunya tepi ka 1 Gbps.[89][90] Séoul nyadiakeun aksés Wi-Fi gratis di luar rohangan. Proyék 47.7 miliar won ($44 yuta) ieu baris méré aksés keur warga katut nu ngaranjang di 10.430 taman, jalan katut patempatan publik lianna taun 2015.[91]

Musieum[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Daptar musieum di Seoul.

Di Séoul aya 115 musieum,[92] kaasup di antarana tilu musieum nasional katut salapan musieum kota. Musieum Nasional Koréa mangrupa musieum nu henteu ukur ngawakilan Séoul, tapi ogé ngawakilan sakabéh Koréa Kidul. Ti saprak ngadeg taun 1945, ieu musieum geus ngawangun koléksi mangrupa 220,000 artefak.[93] Dina Oktober 2005, ieu musieum pindah ka wangunan anyar di Taman Kulawarga Yongsan. National Folk Museum perenahna di dadasar Karaton Gyeongbokgung di Distrik Jongno District tur maké réplika obyék sajarah pikeun ngilustrasikeun sajarah bangsa Koréa.[94] Bukchon Hanok Village jeung Namsangol Hanok Village mangrupa wewengkon panganjrekan heubeul nu ngandung imah, taman katut musieum tradisional Koréa hanok nu méré kasempetan keur turis pikeun ngarasakeun budaya Koréa tradisional.[95][96]

Tugu Perang, salah sahiji tina salapan musieum kota di Séoul, nawarkeun pangalaman édukasional katut émosional ka nu nganjanganana, ngeunaan rupa-rupa perang nu ngalibetkeun Koréa, kaasup jejer Perang Koréa themes.[97][98] Pangbuian Seodaémun mangrupa hiji urut pangbuian nu diwangun salila penjajahan Jepang, tur kiwari dipaké keur musieum sajarah[99]

Musieum Seni Seoul katut Musieum Seni Ilmin ngajaga rupa wangunan heubeul nu unik sacara visual tina wangunan luhur tur modéren di sabudeureunana. Saméméhna dioperasikeun ku Déwan Kota Séoul tur boga tempat deukeuteun Karaton Gyéonghuigung, karaton karajaan dinasti Joséon. Keur lolobana jalma nu mikaresep pilem Koréa mah, Arsip Pilem Koréa ngayakeun Musieum Pilem Koréa jeung Cinematheque KOFA di puseur utamana di Digital Media City(DMC), Sangam-dong. Tteok & Kitchen Utensil Museum jeung Kimchi Field Museum nyadiakeun informasi nu patali jeung sajarah kulinér Koréa.

Monumén ageman[édit | édit sumber]

Aya ogé wangunan rélijius nu boga pancén penting dina masarakat katut pulitik Koréa. Altar Wongudan mangrupa tempat upacara nalika para pamingpin Koréa ngayakeun ritual kasawargaan ti saprak jaman Tilu Karajaan. Ti saprak Dinasti Joseon maké Konghucu minangka idiologi nasional dina abad ka-14, ieu nagara ngawangun loba kelenténg Konghucu. Katurunan kulawarga karajaan Joséon masih neruskeun tradisi dina ngayakeun sérémoni pikeun miéling para karuhun di Jongmyo. Ieu tempat mangrupa kuil Konghucu karajaan pangkolotna nu jadi cagar tur sérémoni ritualna nuluykeun tradisi nu dijieun dina abad ka-14. Munmyo katut Dongmyo diwangun dina mangsa nu sarua. Sok sanajan Buda didedetkeun ku pamaréntahan Joséon, ieu ageman tetep aya. Jogyésa mangrupa markas gedé Ordo Jogyé Buda Koréa. Hwagyésa katut Bongeunsa ogé mangrupa candi Buda di Seoul nu gedé.

Katedral Myeongdong mangrupa cicirén Myeongdong, Distrik Jung tur mangrupa garéja Katolik panggedéna nu diwangun taun 1883. Ieu garéja mangrupa lambang Katolik di Koréa. Ogé mangrupa fokus béda pamadegan pulitik taun 1980-an. Dina ieu hal, Garéja Katolik Roma kacida boga pangaruhna ka masarakat Koréa.

Loba ogé garéja Protéstan di Séoul. Nu panglobana mah Présbisterian, tapi loba ogé garéja Métodis, Baptis, katut Lutheran. Garéja Yoido Full Gospel mangrupa garéja Pantékosta nu patali jeung Majlis Pangéran di Yeouido di Séoul. Kalayan kurang leuwih 830.000 anggahota (2007), ieu téh mangrupa jamaah Kristen Pantékosta panglobana di dunya, nu geus kacatet dina Guinness Book of World Records.[rujukan?]

Féstival[édit | édit sumber]

Dina bulan Oktober 2012 KBS Hall di Séoul jadi tuan rumah féstival musik internasional rongkah – Féstival Lagu TV katut Radio ABU munggaran dina raraga Majlis Umum Asia-Pacific Broadcasting Union ka-49 General Assembly.[100][101] Hi! Seoul Festival mangrupa hiji féstival budaya uusuman nu diayakeun opat kali sataun nalika usum semi, usum panas, usum gugur, katut usum tiis di Séoul, Koréa Kidul ti taun 2003. Ieu féstival dumasar kana "Poé Warga Seoul" nu diayakeun unggal Oktober ti saprak taun 1994 pikeun miéling sajarah 600 taun Séoul minangka ibu kota nagara. Ieu féstival diayakeun ku Pamaréntah Métropolitan Seoul. Taun 2012, Séoul geus jadi tuan rumah Ultra Music Festival Koréa, nyaéta féstival musik jeung ibing nu diayakeun dina ahir minggu ka-2 bulan Juni.[102]

Taman[édit | édit sumber]

Taman Namsan bisa dipaké keur hiking, rékréasi katut skyline keur ningali pemandangan tengah kota Séoul. Munara Seoul N perenahna di dieu. Taman Olimpiade Seoul perenahna di Distrik Songpa tur diwangung keur tempat Olimpiade Usum Panas taun 1988. Pagoda 10 tingkat Wongaksa perenahna di Taman Tapgol, hiji taman publik nu legana 19,599 m2 (210,962 sq ft). Wewengkon sabudeureun wahangan disadiakeun minangka tempat publik keur rélaksasi jeung rékréasi. Wahangan Tancheon katut wewengkon deukeuteunana dsadiakeun minangka taman nu lega kalayan lajur keur nu laleumpang katut nu sasarapédahan. Cheonggyecheon, hiji wahangan nu panjangna 6 km (4 mi) ngaliwatan tengah kota Séoul, kasohor keur warga Séoul katut turis.

Wewengkon métropolitan Séoul ngawengku genep taman gedé, kaasup Leuweung Seoul, nu dibuka dina panengah taun 2005. Wewengkon Ibu kota Nasional Seoul ogé boga beubeur héjo nu ditujukeun keur nyegah kota tina sprawling kaluar ka Propinsi Gyeonggi deukeuteunana. Ieu wewengkon mindeng ditéangan ku jalma nu hayang lumpat tina kahirupan urban dina ahir minggu jeung nalika peré.

Séoul ogé mangrupa tempat taman hiburan jero rohangan panggedéna sadunya, Lotte World. Puseur pelesir lianna nyaéta stadion Olimpiade jeung Piala Dunya katut alun-alun balé kota.

Olahraga[édit | édit sumber]

Kompetisi internasional[édit | édit sumber]

Séoul jadi tuan rumah Asian Games 1986 jeung 2014, ilaharna katelah Asiad, Olimpiade 1988, jeung Paralympic Games. Jadi tuan rumah ogé keur Piala Dunya FIFA 2002. Stadion Piala Dunya Seoul jadi tempat pembukaan sarta tanding munggaran.

Taékwondo mangrupa olah raga nasional Koréa sarta Séoul mangrupa tempat Kukkiwon, markas besar dunya taékwondo, jeung Federasi Taékwondo Dunya.

Kleub olah raga doméstik[édit | édit sumber]

Maén bal[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Maén bal di Seoul.

Kleub maén bal pangkasohorna di Séoul nyaéta FC Seoul. Ieu kleub mangrupa salah sahiji kleub maén bal panghasilna di Asia.
Recently, FC Séoul jadi runner-up dina Liga Champion AFC 2013.

  • Maén bal lalaki
Tingkat Liga Kleub Stadion Catetan
Pangluhurna K League Classic FC Seoul Seoul World Cup Stadium (Séoul Kalér)
Ka-2 K League Challenge Seoul E-Land FC Seoul Olympic Stadium (Séoul Kidul)
Ka-4 K3 League Seoul United Madeul Stadium
Seoul FC Martyrs Gangbuk Public Stadium
Jungnang Chorus Mustang Jungnang Public Ground
  • Maén bal wanoja
Tingkat Liga Kleub Stadion Catetan
Top WK-League Seoul Metropolitan Government WFC Hyochang Stadium, Seoul Olympic Auxiliary Stadium

Baseball[édit | édit sumber]

Séoul boga tilu kleub baseball profésional dina cekelan KBO: Salah sahiji kleub pangkolotna, Doosan Bears, LG Twins katut Nexen Heroes.

Basketball[édit | édit sumber]

Transportasi[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Transportasi di Seoul.

Séoul mangrupa salah sahiji dayeuh nu infrastruktur transportasina pangmajuna sadunya nu terus kénéh dimekarkeun. Sistemna dimimitian ti mangsa Kamaharajaan Koréa, nalika réngséna jalur trém munggaran katut jalan raya nu ngahubungkeun Séoul jeung Inchéon. Jalur trém pangpentingna di Séoul sapanjang Jongno diganti ku Jalur 1 sistem subway dina awal 1970-an. Jalan penting lianna di puseur karaméan Séoul kaasup Euljiro, Téhéranno, Séjongno, Chungmuro, Yulgongno, katut Toegyéro. Aya salapan jalur subway gedé nu manjang leuwih ti 250 km (155 mi), kalayan sajalur tambahan deui nu geus dirarancang. Taun 2010, 25% populasina boga wanci pulang anting sajam atawa leuwih.

Beus[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Beus Seoul.
Beus Seoul

Sistem beus di Séoul dijalankeun ku Pamaréntah Métropolitan Séoul, kalayan opat konfigurasi beus primér énu sayaga keur ngaladénan lolobana tempat di ieu dayeuh. Séoul boga loba terminal antar kota atawa beus gancang nu galedé. Ieu beus ngahubungkeun Séoul jeung kota-kota di Koréa Kidul. Séoul Express Bus Terminal, Central City Terminal katut Terminal Nambu Séoul perenahna di Distrik Seocho. Minangka tambahan, Terminal Beus Séoul Wétan di Distrik Gwangjin katut Sangbong Terminal Sangbong di Distrik Jungnang dioperasikeun di béh wétan kota. Pikeun ngurangan polusi udara di wewengkon métropolitan, pamaréntah kota boga rencana pikeun ngarobah leuwih ti tujuh rébu beus nu maké mesin disel ka gas alam taun 2010.[103]

Subway[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Subway Métropolitan Seoul.

Séoul boga jajaring subway nu kompréhénsif nu ngahubungkeun unggal distrik di ieu dayeuh katut wewengkon sabudeureunana. Kalayan leuwih ti 8 yuta panumpang unggal poéna, Séoul boga sistem subway pangsibukna sadunya. Subway Métropolitan Séoul sakabéhna boga 19 jalur nu ngaladénan Séoul, Inchéon, propinsi Gyéonggi, propinsi Gangwon béh kulon, katut propinsi Chungnam béh kalér. Minangka tambahan, pikeun nyaluyukeun mangrupa-rupa moda transportasi, pamaréntah métropolitan Séoul ngagawékeun sababaraha urang ahli matématika pikeun ngoordinasikeun subway, beus, katut jadwal lalu lintas jadi tabél wanci. Sababaraha jalur dijalankeun ku Korail, Seoul Metro, Seoul Metropolitan Rapid Transit Corporation, NeoTrans Co. Ltd., AREX, katut Séoul Metro Line 9 Corporation.

Karéta api[édit | édit sumber]

Séoul kasambungkeun ka unggal kota gedé di Koréa ku karéta. Séoul ogé kasambungkeun ka lolobana kota gedé di Koréa ku karéta gancang KTX, nu gancang normalna leuwih ti 300 km/h (186 mph). Stasion karéta gedé di antarana:

Bandara[édit | édit sumber]

Dua bandara internasional aya di Séoul. Bandara Internasional Gimpo, saméméhna aya di Gimpo tapi dicokot ku Séoul taun 1963, geus sababaraha taun (ti saprak konstruksi aslina nalika Perang Koréa) jadi bandara hiji-hijina nu ngaladénan Séoul. Bandara doméstik lianna ogé diwangun nalika ieu perang, kaasup Yeouido.

Nalika dibuka bulan Maret 2001, Bandara Internasional Incheon di pulo Yeongjong di Incheon ngarobah pancén Bandara Gimpo sacara signifikan. Inchéon kiwari boga tanggung jawab keur ampir sakabéh penerbangan internasional katut sababaraha penerbangan doméstik, sedengkeun Gimpo mah ukur ngaladénan penerbangan doméstik kajaba penerbangan ka Bandara Hanéda di Tokyo, Bandara Internasional Kansai Osaka, Bandara Songshan Taipéi di Taipéi, Bandara Hongqiao di Shanghai, katut Bandara Internasional Ibukota Béijing di Béijing. Ku ayana ieu hal, penerbangan ti Bandara Gimpo turun drastis, sok sanajan masih kaasup salah sahiji bandara pangsibukna ogé.

Sedengkeun, Bandara Internasional Inchéon geus jadi puseur transportasi gedé keur Asia Wétan, babarengan jeung Hong Kong.

Inchéon jeung Gimpo kahubungkeun ka Séoul ku jalan raya, tur di antara duanana ku Rél Karéta Bandara Internasinal Incheon, nu nyambung ogé ka Inchéon jalur #1. Gimpo ogé kahubungkeun ku subway (jalur No. 5 jeung #9). Rél Karéta Bandara Internasional Inchéon, nu ngahubungkeun ieu bandara sacara langsung ka Stasion Séoul di puseur Séoul, kakara dibuka. Beus ogé mawa panumpang antara bandara Inchéon jeung Gimpo.

Atikan[édit | édit sumber]

Universitas[édit | édit sumber]

Séoul mangrupa tempat mayoritas universitas préstisius di Koréa Kidul, kaasup di antarana Universitas Nasional Seoul, Universitas Yonséi, Universitas Koréa, Universitas Sogang, Universitas Sungkyunkwan, Universitas Hanyang, Universitas Chung-Ang, Universitas Dongguk, Universitas Wanoja Éwha, Universitas Atikan Deungeun Hankuk, Universitas Hongik, Universitas Kookmin, Universitas Konkuk, Universitas Kyung Héé, Universitas Kwangwoon, Universitas Atikan Nasional Seoul, Universitas Soongsil, Universit Wanoja Sookmyung, katut Universitas Seoul.

Atikan sekundér[édit | édit sumber]

Atikan diwajibkeun ti kelas 1–10. Murid baris ngaréngsékeun genep taun di sakola dasar, tilu taun di sakola panengah, jeung tilu taun deui di sakola luhur. Sakola sekundér ilaharna nyaratkeun yén muridna maraké seragam. Aya ujian kalulusan sangkan bisa lulus ti sakola luhur sarta loba murid nu baris asup ka tingkat universitas dipénta pikeun nyokot College Scholastic Ability Test nu diayakeun unggal Nopémber tapi maranéhanana henteu perlu milu.

Séoul mangrupa tempat sakola kajuruan, kaasup tilu sakola luhur sains (Hansung Science High School, Sejong Science High School jeung Seoul Science High School), katut genep sakola luhur basa deungeun (Daewon Foreign Language High School, Daeil Foreign Language High School, Ewha Girls' Foreign Language High School, Hanyoung Foreign Language High School, Myungduk Foreign Language High School jeung Seoul Foreign Language High School). Kantor Atikan Métropolitan Séoul ngawengku 235 sakola luhur persiapan paguron luhur, 80 sakola magang, 377 sakola panengah, katut 33 sakola atikan husus taun 2009.

Hubungan mancanagara[édit | édit sumber]

Séoul mangrupa anggota Jajaring Kota Gedé 21 di Asia katut Kelompok Kapamingpinan Iklim Dayeuh C40.

Kota kembar – Kota baraya[édit | édit sumber]

Séoul's Kota kembar katut kota baraya Séoul di sakuliah dunya:[104][105]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b "Seoul Statistics (Land Area)". Seoul Metropolitan Government. Diakses tanggal 24 March 2010. 
  2. http://rcps.egov.go.kr:8081/ageStat.do?command=month
  3. "Color". 
  4. a b "Global city GDP 2014". Brookings Institution. Diakses tanggal 18 November 2014. 
  5. http://www.moj.go.kr/HP/COM/bbs_03/ShowData.do?strNbodCd=noti0097&strWrtNo=167&strAnsNo=A&strFilePath=moj/&strRtnURL=MOJ_40402000&strOrgGbnCd=104000
  6. "국가통계포털". Kosis.kr. Diakses tanggal 2013-08-07. [tumbu nonaktif]
  7. "Lists: Republic of Korea". UNESCO. 
  8. "Bukhansan National Park (북한산국립공원)". English.visitkorea.or.kr. Diakses tanggal 2013-08-07. 
  9. "Lotte World – Seoul Attractions". Viator.com. Diakses tanggal 2013-08-07. 
  10. "Longest bridge fountain". Guinnessworldrecords.com. 2008-01-01. Diakses tanggal 2013-08-07. 
  11. Seoul Statistics
  12. MasterCard-Global Destination Cities index
  13. At purchasing power parity, see List of cities by GDP.
  14. "Tech capitals of the world – Technology". Melbourne: theage.com.au. 2009-06-15. http://www.theage.com.au/news/technology/tech-capitals-of-the-world/2007/06/16/1181414598292.html. Diakses pada 2013-08-07 
  15. http://fortune.com/global500/samsung-electronics-13/
  16. http://www.uia.be/sites/uia.be/files/documents/statistics/press/press12.pdf
  17. a b http://travel.cnn.com/seoul/life/50-reasons-why-seoul-worlds-greatest-city-534720
  18. http://www.pwc.com/us/en/cities-of-opportunity/2014/assets/cities-of-opportunity-2014.pdf
  19. http://www.thecrystal.org/assets/download/120724_GCI_SummaryReport_final2.pdf
  20. http://www.sustainablecitiesindex.com/wp-content/uploads/Sustainable-Cities-Index-2015-Press-Release.pdf
  21. "The world's longest metro and subway systems". Railway-technology.com. Diakses tanggal 2014-02-20. 
  22. http://nwww.koreaherald.com/view.php?ud=20140527001084
  23. "Lotte World Premium Tower". CTBUH. Diakses tanggal 10 April 2011. 
  24. http://www.lwt.co.kr/introduce/tour/tour.do
  25. a b http://www.guinnessworldrecords.com/records-4000/largest-permanent-35mm-cinema-screen/
  26. http://www.newsis.com/ar_detail/view.html?ar_id=NISX20141201_0013328698&cID=10402&pID=10400
  27. http://www.emporis.com/statistics/skyline-ranking
  28. "Seoul". Encyclopædia Britannica. 2009. Diakses tanggal 6 September 2009. The city was popularly called Seoul in Korean during both the Chosŏn (Yi) dynasty (1392–1910) and the period of Japanese rule (1910–45), although the official names in those periods were Hansŏng (Hanseong) and Kyŏngsŏng (Gyeongseong), respectively. 
  29. "yahoo". Uk.holidaysguide.yahoo.com. [tumbu nonaktif]
  30. 서울특별시표기 首爾로...중국, 곧 정식 사용키로 :: 네이버 뉴스 (dalam Korean). News.naver.com. 2005-10-23. Diakses tanggal 2012-02-10. 
  31. "'Seoul' morphs into Chinese 'Shouer'". Chinadaily.com.cn. 2005-01-20. Diakses tanggal 2012-02-10. 
  32. "goodcharacters.com". goodcharacters.com. 
  33. a b c d e f g h "Seoul". Encyclopædia Britannica. Diakses tanggal 2014-02-07. 
  34. a b "Pungnap-toseong (Earthen Ramparts)". Seoul Metropolitan Government. Diakses tanggal 2014-02-07. 
  35. "Bugaksan Mountain". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-02-07. 
  36. "Seoul City Wall". UNESCO. Diakses tanggal 2014-02-07. 
  37. "Bosingak Belfry". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-02-07. 
  38. Nam Moon Hyon. "Early History of Electrical Engineering in Korea: Edison and First Electric Lighting in the Kingdom of Corea" (PDF). Promoting the History of EE Jan 23–26, 2000. Institute of Electrical and Electronics Engineers. Diakses tanggal 2014-02-07. 
  39. Kyung Moon Hwang (2010). A History of Korea. Palgrave Macmillan. p. 142. ISBN 9780230364523. 
  40. Young-Iob Chung (2006). Korea under Siege, 1876–1945 : Capital Formation and Economic Transformation. Oxford University Press. p. 70. ISBN 9780198039662. 
  41. Bruce Cumings (2005). Korea's Place in the Sun: A Modern History. W. W. Norton & Company. ISBN 9780393347531. 
  42. a b Stephen Hamnett, Dean Forbes, ed. (2012). Planning Asian Cities: Risks and Resilience. Routledge. p. 159. ISBN 9781136639272. 
  43. "Urban Planning of Seoul" (PDF). Seoul Metropolitan Government. 2009. Diakses tanggal 2014-02-07. 
  44. "Facts about Korea". Korea.net. Diakses tanggal 2014-02-07. 
  45. "GLOBAL 500". CNN Money. 2012-07-23. http://money.cnn.com/magazines/fortune/global500/2012/countries/SouthKorea.html. Diakses pada 2014-02-07 
  46. "Brief History of Hangang (River)". Seoul Metropolitan Government. Diakses tanggal 2014-02-07. 
  47. Climate data in seoul, 1981 ~ 2010(ko), Korea Meteorological Administration.
  48. "기후자료 극값(최대값) 전체년도 일최고기온 (℃) 최고순위, 서울(108)". Korea Meteorological Administration. Diakses tanggal 2013-08-18. 
  49. "기후자료 극값(최대값) 전체년도 일최저기온 (℃) 최고순위, 서울(108)". Korea Meteorological Administration. Diakses tanggal 2013-08-18. 
  50. a b "Administrative Districts". Seoul Metropolitan Government. Diakses tanggal 2014-02-08. 
  51. "Regional population density: Asia and Oceania, 2012: Inhabitants per square kilometre, TL3 regions". OECD Regions at a Glance 2013 (OECD Publishing). 2013. doi:10.1787/reg_glance-2013-graph37-en. http://www.oecd-ilibrary.org/urban-rural-and-regional-development/oecd-regions-at-a-glance-2013/regional-population-density-asia-and-oceania-2012_reg_glance-2013-graph37-en. Diakses pada 2014-02-11. 
  52. a b "Seoul's Population Drops Below 10 Million for First Time in 25 Years". Chosun Ilbo. 2014-02-14. Diakses tanggal 2014-02-16. 
  53. "Seoul Statistics (Population)". Seoul Metropolitan Government. Diakses tanggal 3 March 2013. 
  54. Park, Chung-a. "Foreign population in Seoul continue to dwindle". Korea Times. http://www.koreatimes.co.kr/www/news/nation/2010/07/113_66455.html 
  55. "Korean Chinese account for nearly 70% of foreigners in Seoul". The Korea Times. September 11, 2011. Diakses tanggal 2014-02-11. 
  56. a b 2005 Census – Religion Results
  57. "South Korean mega-churches. For God and country". Economist. 2011-10-15. http://www.economist.com/node/21532340. Diakses pada 2014-02-11 
  58. "Welcome to KTC". Lmg.go.kr. 2006. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2012-05-26. 
  59. "Worldwide Centers of Commerce Index™" (PDF). MasterCard. Diakses tanggal 2014-02-13. 
  60. "The Global Financial Centres Index 12" (PDF). Z/Yen Group. 2012. Diakses tanggal 2014-02-11. 
  61. "Hot Spots 2025: Benchmarking the Future Competitiveness of Cities" (PDF). The Economist Intelligence Unit. 2013. Diakses tanggal 2014-02-13. 
  62. a b c "Seoul: Economy". Encyclopædia Britannica. Diakses tanggal 2014-02-13. 
  63. "The primacy of Seoul and the capital region". United Nations University. Diakses tanggal 2014-02-13. 
  64. "It's official: Jinro soju is the world's best-selling liquor". CNN Travel. 2012-06-12. http://travel.cnn.com/seoul/drink/soju-most-sold-drink-world-930177. Diakses pada 2013-04-29 
  65. "Fiery food, boring beer". The Economist. 2012-11-24. http://www.economist.com/news/business/21567120-dull-duopoly-crushes-microbrewers-fiery-food-boring-beer. Diakses pada 2013-04-24 
  66. "Global : Cities". CNN. http://money.cnn.com/magazines/fortune/global500/2008/cities/ 
  67. "Neon shines brightly during the bustle on Yeouido stock street". Korea JoongAng Daily. 2010-01-05. Diakses tanggal 2014-02-13. 
  68. "Dongdaemun Market". Visit Seoul. Diakses tanggal 2014-02-11. 
  69. "Myeong-dong". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-02-11. 
  70. "Namdaemun Market". Visit Seoul. Diakses tanggal 2014-02-11. 
  71. "Sinchon Street, full of energy". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-02-11. 
  72. "Insa-dong". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-02-11. 
  73. "Hwanghak-dong Flea Market". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-02-12. 
  74. "Antique Markets". Seoul Matropolitan Government. Diakses tanggal 2014-02-12. 
  75. a b "Itaewon: Going Gangnam Style?". The Korea Times. 2013-02-14. Diakses tanggal 2014-02-12. 
  76. "Yongsan Electronics Market, Asia’s largest IT shopping mall". KBS World. 2011-03-01. Diakses tanggal 2014-02-12. 
  77. "Largest Permanent 35mm Cinema Screen". Guinnessworldrecords.com. 2009-08-18. Diakses tanggal 2013-08-07. 
  78. "Seoul’s Cheonggyecheon Stream symbolizes Korea’s past, present and tomorrow". Korea.net. Diakses tanggal 2014-02-12. 
  79. Vinayak Bharne, ed. (2013). The Emerging Asian City: Concomitant Urbanities and Urbanisms. Routledge. p. 59. ISBN 9780415525978. 
  80. Andrei Lankov (2010-06-24). "Jongno walk". The Korea Times. Diakses tanggal 2014-02-12. 
  81. "Amsa-dong Prehistoric Settlement Site". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-02-12. 
  82. "About the Palace". Gyeongbokgung Palace. Diakses tanggal 2014-02-12. 
  83. "Sungnyemun to open to great fanfare after more than five years of renovation". The Korea Herald. Citakan:ISO date/en. http://www.koreaherald.com/view.php?ud=20130430000738. Diakses pada 1 May 2013 
  84. "Seoul Helicopter Crash Raises Fears Over New Skyscraper". The Wall Street Journal. http://blogs.wsj.com/korearealtime/2013/11/18/seoul-helicopter-crash-raises-fears-over-new-skyscraper/. Diakses pada 2014-02-12 
  85. "Seoul's tallest buildings – Top 20". Emporis. Diakses tanggal 2014-02-12. 
  86. "The Seoul of World Design". Bloomberg Businessweek. 2008-02-27. Diakses tanggal 2014-02-12. 
  87. "KOREA: Future is now for Korean info-tech". AsiaMedia (Regents of the University of California). Citakan:ISO date/en. http://www.asiamedia.ucla.edu/article.asp?parentid=25697 
  88. "Tech capitals of the world – Technology". The Age (Melbourne, Australia). Citakan:ISO date/en. http://www.theage.com.au/news/technology/tech-capitals-of-the-world/2007/06/16/1181414598292.html 
  89. "Hi Seoul, SOUL OF ASIA – Seoul Located In the Center of Asian Metropolises". English.seoul.go.kr. Diakses tanggal 2013-08-07. 
  90. McDonald, Mark (2011-02-21). "South Korea Seeks Internet Speed of 1 Gigabit a Second". The New York Times. http://www.nytimes.com/2011/02/22/technology/22iht-broadband22.html 
  91. Wifi in All Public Areas[tumbu nonaktif]
  92. "Status of Museum". Seoul Metropolitan Government. Diakses tanggal 2014-09-18. 
  93. "Seoul's best museums". CNN. 2011-10-27. Diakses tanggal 2013-06-02. 
  94. "National Folk Museum of Korea". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-09-18. 
  95. "Namsangol Hanok Village". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-09-18. 
  96. "Bukchon Hanok Village". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-09-18. 
  97. "Seoul: 10 Things to Do". Time magazine. Diakses tanggal 2014-09-18. 
  98. "The War Memorial of Korea". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-09-18. 
  99. "Seodaemun Prison History Museum". Korea Tourism Organization. Diakses tanggal 2014-09-18. 
  100. "ABU TV and Radio Song Festivals 2012". ESCKAZ.com. Diakses tanggal 17 August 2012. 
  101. "ABU GA Seoul 2012". Asia-Pacific Broadcasting Union. Diakses tanggal 17 August 2012. 
  102. http://www.umfkorea.com/
  103. "Seoul More Enjoyable For a Day". Retrieved 30 July 2008.
  104. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x "Seoul – Sister Cities [via WayBackMachine]". Seoul Metropolitan Government (archived 2012-04-25). Diarsipkan dari versi asli tanggal 2012-03-25. Diakses tanggal 2013-08-23. 
  105. "International Cooperation: Sister Cities". Seoul Metropolitan Government. www.seoul.go.kr. Diarsipkan dari versi asli tanggal 10 December 2007. Diakses tanggal 26 January 2008. [tumbu nonaktif]
  106. New Economic Spaces in Asian Cities: From Industrial Restructuring to the Cultural Turn. Routledge and the Taylor & Francis Group. 2012. Diakses tanggal 2013-10-14. 
  107. "Atlas of Tehran Metropolis". Tehran Municipality. Diakses tanggal 2013-10-14. 
  108. Taipei Sister city list Taipei City Council
  109. "Pesquisa de Legislação Municipal – No 14471" [Research Municipal Legislation – No 14471]. Prefeitura da Cidade de São Paulo [Municipality of the City of São Paulo] (dalam Portuguese). Diarsipkan dari versi asli tanggal 2011-10-18. Diakses tanggal 2013-08-23. 
  110. Lei Municipal de São Paulo 14471 de 2007 WikiSource (Basa Portugis)
  111. International Affairs Division. "Relationship with Sister Cities". International Affairs Division website. International Affairs Division, Bangkok Metropolitan Administration. Diakses tanggal 12 September 2012. 

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Loka resmi[édit | édit sumber]

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Seoul di Wikivoyage

Informasi pelesir katut tempat cicing[édit | édit sumber]

Peta[édit | édit sumber]

Poto[édit | édit sumber]

Saméméhna
Capital of Baekje
18 BC–475 AD
Sanggeusna
Ungjin
Saméméhna
Gaegyeong
Capital of Korea Sanggeusna
Abolished
Saméméhna
New creation
Capital of South Korea
1948–
Sanggeusna
Incumbent