Sirah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Sirah manusa (Gbr. 1194 dina Gray's Anatomy)

Sirah (lemesna : Mastaka) atawa hulu téh nujul ka bagéan rostral (tina posisi anatomis) nu ilaharna ngandung uteuk, panon, ceuli, irung, jeung sungut (masing-masing boga pancén, kayaning nempo, ngadéngé, ngambeu, jeung ngasaan). Aya sawatara sato nu teu boga hulu, tapi bentuk simétri bilateral mah lolobana boga. Sirah dina basa lemesna disebut mastaka.[1]

Anatomi manusa[édit | édit sumber]

bagéan hareup (ventrum) sirah tempat perenahna panon, ceuli, jeung sungut disebut beungeut. Luhureun panon disebutna tarang, handapeun sungut disebutna gado. Normalna, di bagéan luhur jeung tukangeun sirah téh sok aya buuk.

Di lolobana sato kompléks, hulu téh nyambung ka bagéan awak lianna ngaliwatan beuheung.

Sirah dina basa lemesna disebut salaku mastaka. Dina sirah téh aya panon nu dipaké pikeun nempo, aya irung nu dipaké pikeun ngambeu seuseungitan, aya ceuli nu dipaké pikeun ngadéngé sora, aya sungut nu dipaké pikeun nyarita atawa dahar, aya biwir, halis, jeung nu séjénna. Ari bagéan hareup sirah nu aya nu tadi disebutkeun téh ngarana beungeut atawa basa cohagna mah bebenguk. ( http://dewi.staff.ipb.ac.id)

Tulang sirah[édit | édit sumber]

Tangkorék manusa sawawa (Gbr. 190 dina Gray's Anatomy

Tulang sirah manusa sacara koléktif disebut tangkorék atawa tangkorak, nu kabagi kana cranium (sakabéh tulang tangkorak) jeung rahang. Fitur tangkorak pangbéda antara mamalia jeung non-mamalia nyaéta ayana tilu tulang ceuli (disebut osikel):

Osikel ieu mangrupa komponén penting pangrungu mamalia. Sato lianna boga tulang tunggal nu umumna disebut columella.

Cranium bisa dibagi kana tutup tangkorak (atawa calvarium) jeung basa. Cranium ngawengku sawatara tulang nu ngahiji dina sambungan nu disebut sutures; sawatara sutures ngahiji jadi pterion. Prosés ngahijina tulang ieu lumangsung in utero pikeun ngabungkus organ pangpentingna: uteuk. Najan ngagabungna tulang-tulang ieu téh geus lengkep méméh borojol, aya bagéan jaringan serat (disebut fontanelle) nu kakara ngahiji kalawan sampurna dina mangsa puber.

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Head, Wikipédia édisi basa Inggris (6 Juli 2006)
  • Mike Hunt, Human Evolution: An Introduction to Man's Adaptations (4th edition), ISBN 0-202-02042-8

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg
  1. Lemesna sirah