Lompat ke isi

Situ Gedé

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Situ Gedé nyaéta tempat pelesir nu aya di Kecamatan Mangkubumi, Kota Tasikmalaya, Jawa Barat.[1] Ieu obyék wisata téh mangrupa situ jeung nusa (pulo leutik di tengah-tengah situ) anu pinuh ku liuhna tatangkalan.[1]  Lian ti éta, dina nusa téh aya Makam Eyang Prabu Adilaya salasahiji raja ti Sumedang. Lega situ sakurilingna téh kira-kira 42 héktar, ari nusana kira-kira sahéktar.[1] Jerona cai situ lamun usum katiga jeung nyijih kira-kira 1,5 méter nepi ka 6 méter.[1] Ieu tempat téh kaasup stratégis, ku sabab ti pusat Kota Tasikmalaya gé ukur 30 menit perjalanan.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Sajarah Situ Gedé diluluguan ku lalampahan ku Salah sahiji Raja Sumedang nyaéta Prabu Adilaya. Raja anu dianggap can jangkep kakuatan jeung kamampuhna pikeun ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh dibéré kamandang ku guruna sangkan miang ka Mataram nepungan Kyai syékh Jiwa Raga anu bisa ngaping, ngajaring nepi ka pantes jadi Raja di Karajaan Sumedang.  Najan ngarempod mundut ijin ka tuang ibuna nyaéta Sunan Ambu, tekad Prabu Adilaya milu nguatan. Ahirna, Prabu Adilaya dijurungkeun miang ka mataram pikeun nyuprih élmu ngala pangabisa. Keur maturan, Sunan Ambu nitah garwana, Nyai Raden Dewi Kondang Hapa jeung sapasang nu ngawal nyaéta Sagolong jeung Silihwati. Ari nu nyuluranana mingpin karajaan téh adina.

Prabu Adilaya sumanget naker. Reyem-reyem kénéh geus sayaga ngajugjug mataram, waktu silih ganti teu karasa lilana, pasir, gunung, leuweung geus sababaraha hiji anu kaliwatan. Ahirna, Prabu Adilaya saparakanca nepi ka Mataram padumukan Kyai Syéh Jiwa Raga. Kacida atohna, Prabu Adilaya dipapag disugemakeun, ditempatkeun istiméwa pantesna raja. Sabada ditampa, Prabu nyaritakeun pamaksudanana yén hayang diajar élmu agama Islam. Kyai narima Prabu Adilaya jadi muridna, salila diajar téh anjeunna jadi murid calakan jeung salawasna panasaran kana matotoskeun hiji pasualan ku jalan saréat Islam. Ngarasa can sugema, Kyai Jiwa Raga nitah Prabu Adilaya miang deui ka Sukapura, nyuprih élmu kaislaman anu leuwih luhung jeung jembar. Tapi, satengahing jalan ka Sukapura Syékh nitipkeun anakna Déwi Cahya Karémbong. Ku sabab jadi murid pangpunjulna, aya kereteg nikahkeun antara anak jeung Prabu Adilaya , Syékh balaka jeung ditarima kalayan bungah amarwatasuta ku Prabu.  Anggapan Prabu Adilaya téh kudu tuhu ka guruna. Najan jadi garwa ka-2, Déwi Cahya Karémbong ridho milu lalampahan nyuprih élmu jeung Prabu ka Sukapura.

Sapanjang jalan nyorang Sukapura, Prabu Adilaya jeung dua garwana suka bungah keur ngaleungitkeun karudet. Prabu Adilaya teu weléh medar carita-carita kaislaman nepi ka dua garwana kulem. Hiji waktu, Déwi Cahya Karémbong teu kuat nahan angen-angen anu ngaganjel dina haténa, asana diapilainkeun ku sabab teu jiga garwa sawajarna. Ngarasa can sampurna, Déwi Cahya Karémbong betus ka Nyai Raden Dewi Kondang Hapa. Kilangbara meunang pangbeberah, Nyai Raden Dewi Kondang Hapa oé ngalaman siga kitu. Sajeroning obrolan, éta dua garwa téh aya kasieun. Lamun Prabu Adilaya di Sukapura jadi murid pinunjul deui, tangtu bakal meunang deui garwa anyar, nasib dua istri anu tos ditikah bakal sangsara leuwih lila deui. Alatan éta pikiran, Déwi Cahya Karémbong jeung Nyai Raden Dewi Kondang Hapa nelasan pati Prabu Adilaya nalika keur saré tibra maké keris masing-masing warisan ti kolotna. Getihna ngabayabah pinuh dina bajuna, ieu kajadian ngalantarankeun aya ngaran Cibeureum (getih warnana beureum). Layon Prabu Adilaya dibawa rerencepan sangkan teu kanyahoan ku Silihwati jeung sagolong utusan Sumedang.

Layon Prabu terus digotong mapay leuwi, di tengah jalan awi anu dipaké ngagotong téh potong tuluy ku Déwi Cahya Karémbong disambung deui, ayeuna tempat anu dipaké nyambung gogotongna dingaranana lembur Sambong (sambung). Sapanjang jalan éta gogotong téh potong waé potong najan geus diganti ogé, ahirna Nyai Raden Dewi Kondang Hapa nyambungkeun éta gogotong téh ku taneuh. Éta tempatna ayeuna disebut Mangkubumi (Mangku taneuh). Can Manggih wé tempat, dua istri téh tujul ka pasir anu deukeut jeung ranca. Ngarasa bisa dipaké ngubur, Silihwati jeung sagolong dititah ngagali taneuh sajero jangkung maranéhanana. Sangkan iber maotna Prabu Adilaya teu nepi ka Sumedang, keur ngagali sagolong jeung silihwati ditelasan pati. Ahirna Silihwati, Sagolong, Prabu Adilaya dikurebkeun babarengan. Keur ngajaga karahasiaan ieu kajadian, Nyai Raden Dewi Kondang Hapa teu balik deui ka Sumedang cicing di tempat éta ngajaga Makam Prabu Adilaya, ari Déwi Cahya Karémbong cicing di Gunung Goong dugi ka maotna.

Ieu kajadian ngabalukarkeun pangrasa anu béda ka Sunan Ambu di Sumedang, aya masalah nepi ka Prabu Adilaya teu balik waé ka Sumedang. Adina nyusul ka Mataram, hanjakalna Prabu Adilaya geus indit ka Pasundan. Di satengahing jalan adi Prabu Adilaya miluan saémbara keur meunangkeun Putri anu geulis. Saratna kudu ngéléhkeun Singa, adi Prabu Adilaya bisa ngéléhkeun Singa. Ayeuna éta tempat saémbara dingaranan Singaparna (Singa Éléh Parah). Sabada ditikahkan, adina Prabu cicing di hiji tempat anu sarua jeung puseur dayeuh di sumedang, ku kituna disebut Mangureja.

Ngarasa duanana teu balik waé Sunan Ambu nyusul ka Mataram teu kapanggih, tuluy anjeunna ngadu’a sangkan ditémbongkeun makam anakna lamun enya geus maot. Atuh teu lila aya cahya moncorong  ka luhur, dianggap ilapat Sunan Ambu gagancangan nyampeurkeun éta cahya. Najan teu maké tetengger, éta makam Prabu Adilaya kanyahoan ku Sunan Ambu. Teu karasa cimata terus nyurucud tina soca kedaling kanyaah Sunan Ambu nepi ka ngeuyeumbeu dina taneuh beureum anu ayeuna jadi lobana cai di dinya. Sunan Ambu nancebkeun tongkat keur ciri anu satuluyna jadi tatangkalan anu liuh di éta nusa, keur ngajaga makam Prabu Adilaya, Sunan Ambu melak lauk anu dingaranan si Gendam, si Kohkol, Si Genjreng dan Si Layung. Sabada rék balik ka Mataram, Sunan Ambu papanggih jeung dua masarakat tuluy nitipkeun sangkan ngurus éta makam putrana. Sunan Ambu nyarita yén anu ménta hayang boga jabatan, hayang naék pangkat bisa ziarah ka Makom Prabu Adilaya. Saréatna Makom Prabu Adilaya, hakékatna Alloh Swt.

  • Di jero Situ Gedé téh aya lauk gedé anu ngajagaan Makam Prabu Adilaya nyaéta si Gendam, si Kohkol, Si Genjreng dan Si Layung.[2][3]
  • Ngala lauk di Situ Gedé ulah dijaring, lamun direumpak bakal keuna ku musibah.[2]
  • Anu ngahaja datang ménta jabatan, hayang naék pangkat bisa ziarah ka Makom Prabu Adilaya. Saréatna Makom Prabu Adilaya, hakékatna Alloh Swt.[2]
  • Lamun cai geus kaciri geuneuk, ulah lalayaran ka tengah situ bisi maot atawa meuang musibah titeuleum di cai.[2]
  • Lamun aya anu mandi di situ, awakna bakal hawuk.[2]
  • Nalika usum katiga, cai bakal saat terus nusa anu aya di tengah situ bakal turun/reundeut.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e "Situ Gede Kota Tasikmalaya-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2018-02-07.  Archived 2017-07-04 di Wayback Machine
  2. a b c d e f sorasoca. "Situ Gede dan Mitosnya - Qubicle" (dalam bahasa en). https://qubicle.id/story/situ-gedé-dan-mitosnya. Diakses pada 2018-02-07 [tumbu nonaktif]
  3. "Si Kohkol dan Mitos Lain Situ Gede – initasik.com". initasik.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2018-02-07. [tumbu nonaktif]