Lompat ke isi

Soemitro Djojohadikoesoemo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Soemitro Djojohadikoesoemo
Sumitro Djojohadikusumo c. 1973
Menteri Negara Riset Indonesia ka-ke-3
Masa jabatan
28 Maret 1973  28 Maret 1978
Présidén Soeharto
Saméméhna Suhadi Reksowardojo (1966)[lower-alpha 1]
Sanggeusna B. J. Habibie[lower-alpha 2]
Menteri Keuangan Indonesia ka-ke-8
Masa jabatan
12 Agustus 1955  24 Maret 1956
Présidén Soekarno
Perdana Mentri Burhanuddin Harahap
Saméméhna Ong Eng Die
Sanggeusna Jusuf Wibisono
Masa jabatan
3 April 1952  30 Juli 1953
Présidén Soekarno
Perdana Mentri Wilopo
Saméméhna Jusuf Wibisono
Sanggeusna Ong Eng Die
Menteri Perdagangan Indonesia ka-ke-7
Masa jabatan
6 Juni 1968  28 Maret 1973
Présidén Soeharto
Saméméhna M. Jusuf
Sanggeusna Radius Prawiro
Masa jabatan
6 September 1950  27 April 1951[lower-alpha 3]
Présidén Soekarno
Perdana Mentri Mohammad Natsir
Saméméhna Tandiono Manu
Sanggeusna Sujono Hadinoto
Katerangan lian
Gumelar 29 Méi 1917
Gombong, Hindia Belanda
Pupus 9 Maret 2001 (yuswa 83)
Jakarta, Indonesia
Pasaréan Taman Pemakaman Umum Karet Bivak
Partéy pulitik Partai Sosialis Indonesia (1955–1960)
Pameget/istri Dora Marie Sigar (m. 1947)
Rélasi Soeharto (besan)
Titiek Soeharto (menantu)
Sudrajad Djiwandono (menantu)
Murangkalih 4, termasuk Prabowo Subianto dan Hashim Djojohadikusumo
Alma mater
Pagawéan
  • Politikus
  • ekonom
Tanda tangan Tanda tangan Sumitro Djojohadikusumo

Soemitro Djojohadikoesoemo (EYD: Sumitro Joyohadikusumo; gumelar di Gombong, Kebumen, 29 Mei 1917  tilar dunya di Jakarta, 9 Maret 2001 dina umur 83 taun) mangrupikeun salah sawios ékonom sareng politikus Indonésia. Salaku salah sahiji ékonom Indonésia anu paling kawentar dina mangsana, Soemitro kantos ngajabat salaku Menteri Perdagangan dan Industri, Menteri Keuangan, jeung Menteri Riset boh dina mangsa Orde Lama atawa Orde Baru. Anjeunna ogé kantos janten Dékan Fakultas Ekonomi Universitas Indonesia taun 1951 dugi ka 1957. Putrana, Prabowo Subianto, ngajabat salaku Presidén Indonésia ka-8. Soemitro asalna ti kulawarga ningrat Jawa, sarta mangrupikeun putra cikal ti Margono Djojohadikusumo. Anjeunna nyuprih atikan widang ékonomi di Sakola Luhur Ékonomi Walanda di Rotterdam. Saatos Perang Dunya Kadua, Soemitro mulang ka Indonésia sarta ngiringan dina délégasi Indonésia pikeun Perserikatan Bangsa-Bangsa di Amérika Serikat. Dina misi diplomatik ieu, Soemitro ngagaduhan peran dina ngumpulkeun dana sarta dukungan internasional pikeun kamerdikaan Indonésia. Anjeunna ogé ngiringan dina Konférénsi Méja Bundar, sarta sabada éta ngagabung ka Partai Sosialis Indonésia sateuacan ngajabat Menteri Perdagangan sareng Industri dina Kabinét Natsir. Soemitro mangrupikeun nu ngusulkeun program Benteng, sarta ngaluarkeun sababaraha kawijakan ékonomi anu nyorong Indonésia kana prosés industrialisasi. Anjeunna salajengna ogé ngajabat Menteri Kauangan dina Kabinet Wilopo sareng Kabinet Burhanuddin Harahap, bari sakaligus ngembangkeun Fakultas Ekonomi Universitas Indonesia salaku dekanna anu kadua. Salami mangsa Orde Lama, Soemitro mangrupikeun salah sawios menteri anu ngadukung asupna modal sareng investor asing ka Indonésia. Lantaran hal ieu, manéhna diteken ku Soekarno jeung pulitikus-pulitikus Partai Komunis Indonesia salila éra Djuanda, nu ngabalukarkeun Soemitro ngagabung ka Pemerintah Revolusioner Republik Indonesia (PRRI) di Sumatra. Soemitro dina PRRI dilaksanakeun ti luar Indonésia ngaliwatan kagiatanana ngumpulkeun dana jeung pangrojong ti luar nagri. Sanggeus PRRI ditumpas, Soemitro teu balik nepi ka taun 1967, sanggeus Soeharto jadi présidén. Soeharto ngondang manéhna balik ka Indonésia sarta ngangkat Soemitro jadi Menteri Perdagangan dan Industri, jeung pandeurina salaku Menteri Riset. Loba urut muridna di Universitas Indonesia ogé kalibet dina pamaréntahan Soeharto, sarta leuwih dipikawanoh salaku mafia Berkeley. Soemitro tetep aktip dina widang ékonomi sanggeus teu jadi menteri, sarta mindeng nyawad kawijakan ékonomi pamaréntah méméh krisis monéter nyerang Indonésia.

Mangsa ngora

[édit | édit sumber]
Soemitro "Soemitro (nangtung, katilu ti kenca) dina tim mengbal mahasiswa Indonésia di Walanda.

"

Soemitro lahir di Gombong, Kabupatén Karanganyar (ayeuna wilayah Kabupatén Kebumen), Keresidenan Kedu dina tanggal 29 Mei 1917. Soemitro lahir nalika bapana Margono Djojohadikusumo jadi pajabat koperasi dina pamaréntahan Kabupatén Karanganyar (Kebumen).[1][2]Anjeunna téh Prof. Dr. Soemitro Djojohadikusumo. Salaku putra cikal ti pasangan Raden Mas Margono Djojohadikusumo sareng Siti Katoemi Wirodihardjo, anjeunna kagungan peran anu kacida ageungna pikeun nagara Kulawarga Djojohadikusumo sorangan disebutkeun mangrupa turunan ti Raden Tumenggung Kertanegara atawa Pangeran Banyakwide ti Karanganyar (Kebumen), hiji jalma anu kungsi jadi Bupati Karanganyar (ayeuna Kebumen) sakaligus panglima laskar Pangeran Diponegoro di wilayah Kedu; sarta Adipati Mrapat atanapi Raden Joko Kaiman, bupati Banyumas anu munggaran.[3] Ramana téh mangrupikeun pagawé tingkat menengah dina pamaréntahan kolonial Hindia Belanda anu ka payunna janten pangadeg Bank Negara Indonesia [4][5] Anjeunna ngamimitian atikan di sakola Europeesche Lagere School (satingkat sekolah dasar) sarta ka payunna di Opleiding School Voor Inlandsche Ambtenaren di Banyumas.[6] Dina taun 1935, saatos ngaréngsékeun atikan di Hindia Belanda, Soemitro neraskeun pangajaranna ka Sekolah Tinggi Ekonomi (Nederlandsche Economische Hogeschool) di Rotterdam, Belanda.[5] Dina mangsa éta, ku sabab ayana depresi pohara gedé, teu seueur putra Indonésia sanajan turunan ménak ogé anu tiasa kuliah di luar nagri.[7]

Anjeunna ogé kantos ngiringan kursus filosofi sareng sajarah di Universitas Paris salami sataun, antawis taun 1937 dugi ka 1938 saatos anjeunna kenging gelar sarjana ti Rotterdam.[5][8] Dina autobiografina, Soemitro nyerat yén anjeunna aya minat pikeun tumpur dina Perang Saudara Spanyol salaku anggota satuan Brigade Internasional, nanging anjeunna ditolak margi yuswana anom kénéh pisan.[9] Soemitro ogé nyerat yén anjeunna tetep ngarojong pihak Republikan salaku pangumpul dana.[10]

Salami nuju sakola, anjeunna ogé ngiringan ngagabung dina organisasi mahasiswa Indonésia anu tujuanna pikeun ngamajukeun seni budaya Indonésia.[11] nalika Soemitro nuju ngaréngsékeun disertasina di Rotterdam, dina sasih Méi 1940, Jerman Nazi nyerbu Walanda sarta Soemitro ampir-ampiran (tiwas) dina kajadian pengeboman kota Rotterdam; témbok kamar kosna rugrug katarajang bom.Luftwaffe.[12] Anjeunna tetep suksés ngaréngsékeun disertasina dina taun 1943, anu judulna Het Volkscredietwezen in de Depressie ("Kiridit Rakyat dina Mangsa Depresi"), sarta anjeunna kenging gelar doktor ékonomi.[5][7]

Antara kalulusanana dugi ka perang dunya réngsé, Soemitro ogé milu mantuan sajumlah palaut Indonésia anu kapiuhan (terdampar) di Rotterdam, nalika sajumlah anggota Perhimpunan Indonesia (PI) milu aub dina lalawanan pasif dina wengkuan gerakan bawah tanah Belanda.[13].[14] Soemitro nyalira henteu ngagabung kana PI ku sabab ayana sajumlah tokoh komunis sapertos Abdulmadjid Djojoadiningrat dina organisasi kasebat.[15][8] Ku sabab kaayaan perang teu mungkinkeun Soemitro pikeun mulang, anjeunna ngeusi waktuna ku cara neuleuman ékonomi Indonésia.[16]

Karir munggaran

[édit | édit sumber]

Awal révolusi =

[édit | édit sumber]

Sabada perang réngsé, Soemitro kungsi jadi anggota delegasi Walanda dina pasamoan Déwan Kaamanan PBB di London dina bulan Januari 1946 saacan mulang ka Indonésia dina bulan Maret 1946. Nurutkeun laporan pamaréntah Britania Raya, pihak Walanda ngahaja ngajak Soemitro sangkan méré kesan positif ka nagara-nagara séjén, tapi Soemitro ngarasa kuciwa nepi ka anjeunna milih mulang ka Indonésia.[17][18] [19]

Soemitro mulang ka Indonésia dina taun 1946 sarta diangkat jadi staf ku Perdana Menteri Sutan Sjahrir, sarta mimiti aktip di Kamenterian Kauangan.[20] Anjeunna kungsi diculik;iwat ku kelompok Persatuan Perjuangan dina peristiwa 3 Juli 1946 bareng jeung Sjahrir sarta Menteri Kamakmuran Darmawan Mangunkusumo.[21] Lila-lila, anjeunna ditugaskeun ka Amérika Sarikat salaku wakil ketua delegasi sarta duta berkuasa pinuh urusan ékonomi Indonésia di PBB. Jabatan-jabatan ieu dicekel ku manéhna nepi ka taun 1950.[5][22] Manéhna ogé kungsi nyekel jabatan kapala kadutaan badag Indonésia di AS (lain salaku duta badag).[23]

Salila mangsa révolusi, Angkatan Laut Karajaan Walanda ngalakukeun blokade kana perdagangan internasional ka palabuan-palabuan di Indonésia. Soemitro dipasihan pancén pikeun milari tarékah sangkan tiasa ngaliwat tina éta blokade. Salah sahiji tindakan Soemitro téh nyaéta ngintunkeun kapal kargo anu nganggo bandéra Amérika Serikat, SS Martin Behrman. Saatos éta kapal balabuh sarta ngisikeun muatan di Cirebon, Angkatan Laut Walanda nyita éta kapal. Ieu tindakan téh ngahudang amarah Serikat Maritim Nasional Amerika Serikat [Citakan:Separated entries] sarta Kongres Amerika Serikat dugi ka nimbang-nimbang badé ngayakeun panalungtikan (penyidikan), sahingga Walanda kadesek sarta kapaksa ngaleupaskeun deui éta kapal. Ieu kajadian saluyu sareng harepan Soemitro sarta kanca-kanca, anu langkung ngahargaan kana perhatian média luar tinimbang ajén kargo éta sorangan. Numutkeun Soemitro, Sjahrir méré koméntar yén "urang kaleungitan kargo 3 juta dolar, tapi urang moal bisa meuli perhatian rahayat [Amérika Serikat].[24] Soemitro ogé ngayakeun gawé bareng jeung Matthew Fox, saurang pangusaha Amérika Serikat, sarta nanda tangan kontrak pikeun ngawangun pausahaan dagang. Soemitro sapuk pikeun méré éta pausahaan hak monopoli kana sabagian padagangan Indonésia–AS salila sapuluh taun.[25][26]

Diplomasi

[édit | édit sumber]
Delegasi Indonésia dina Konferensi Meja Bundar. Katémbong Soemitro calik di sisi kénca.

Saatos Agresi Militer Belanda II diluncurkeun, Soemitro sarta anggota delegasi Indonésia sanésna miboga peran penting dina ngululur perhatian sarta simpati dunya.[22] Delegasi Indonésia di AS anu tadina teu dianggap, ujug-ujug janten puseur perhatian, sarta Soemitro diondang pikeun patepang sareng Wakil Menteri Luar Negeri Amérika Serikat Robert A. Lovett. Saatos éta pasamoan, Soemitro ngayakeun konferénsi pers anu diliput ku rupa-rupa média AS — surat kabar The New York Times dina tanggal 21 Désémber 1948 nyétak sakabéh eusi pernyataan Soemitro anu nungtut AS sangkan ngeureunkeun bantuan Rencana Marshall kanggo Walanda.[27][28]

Soemitro ogé miboga peran penting dina Konferensi Meja Bundar, salaku ketua panitia ékonomi jeung kauangan. Mimitina, pihak Walanda nungtut Indonésia sangkan nyokot alih hutang pamaréntah Hindia Walanda gedéna 6 miliar gulden, tapi Soemitro nepikeun pandangan sabalikna.{ndash}}Yén pihak Walanda boga hutang sagedé 500 juta gulden ka Indonésia. Nurutkeun argumén Soemitro, sabagian gedé éta hutang dipaké pikeun mayar kaperluan militer Walanda salila perang kamerdékaan, sarta teu asup akal lamun pihak Indonésia kudu ngabiayaan perang ngalawan dirina sorangan. Sanggeus prosés negosiasi, disatujuan yén pihak Indonésia bakal nyokot alih hutang sagedé 4,3 miliar gulden,[29] Anu kedah dilunasan dugi ka sasih Juli 1964.[30] Soemitro sabenerna teu satuju kana hal ieu sarta hayang nuluykeun rundayan (perundingan), tapi Wakil Présidén Mohammad Hatta ngabolaykeun (menganulir) kaputusan Soemitro sarta nyatujuan éta angka.

Orde Lama

[édit | édit sumber]

Mendag jeung UI

[édit | édit sumber]

Sanggeus pangakuan kadaulatan, Soemitro ditunjuk jadi Menteri Perdagangan jeung Industri dina Kabinet Natsir, salaku anggota Partai Sosialis Indonesia (PSI) anu dipingpin ku Sjahrir.[31][32] Kawijakan ékonomi Soemitro museur kana program industrialisasi, lalawanan jeung arah Menteri Kauangan harita, Syafruddin Prawiranegara, anu leuwih condong kana pamekaran tatanén. Soemitro nyusun Rencana Urgensi Perekonomian (alias "Sumitro Plan") anu diterbitkeun dina bulan April 1951 (sanggeus runtagna Kabinét Natsir). Rencana ieu ngawengku pamakéan duit nagara pikeun ngawangun sajumlah fasilitas industri di pulo Jawa jeung Sumatra dina dua taun, kaasup pangwangunan deui sajumlah pabrik anu ruksak alatan perang.[33] Dina implementasina, taya hiji ogé pabrik anu geus rencanakeun nangtung sanggeus dua taun éta, nepi ka jangka rencana éta diperpanjang jadi tilu taun.[34][35]

Salila mangsa Kabinét Natsir, Soemitro ogé kuriling Éropa, utamana di Walanda, pikeun narik investasi asing dina ngadegkeun pabrik di Indonésia.[36] Salah sahiji program Soemitro séjénna nyaéta Program Bénténg, nyaéta hiji program anu ngatur lisénsi impor barang tinangtu anu kudu dipimiboga ku pangusaha "pribumi", sanajan Soemitro sorangan saenyana leuwih resep kana mékanisme pasar bébas.[37] Sanggeus runtagna Kabinét Natsir, Soemitro jadi dekan kadua Fakultas Ekonomi Universitas Indonesia (UI), sanggeus dekan saméméhna Soenarjo Kolopaking ngundurkeun diri.[38][39] Anjeunna ngajabat salaku dekan antara 1951 nepi ka 1957. Salila mangsa jabatanna, Soemitro ngondang sajumlah akademisi ti Walanda alatan kurangna staf pangajar di UI. Soemitro ogé ngadegkeun Lembaga Pendidikan Ekonomi dan Masyarakat (ayeuna LPEM FEUI) anu pandeurieunana mindeng diberdayakeun pikeun ngarumuskeun kawijakan ékonomi. Program afiliasi antara FE UI jeung fakultas ékonomi Universitas California, Berkeley ogé dicetuskeun ku Soemitro.[38] Ku sokongan dana Ford Foundation, Soemitro ngirimkeun sajumlah mahasiswa Indonésia ka Amérika Sarikat dina program silih tujul (mahasiswa Indonésia ka AS jeung dosén AS ka Indonésia) pikeun ngalegaan wawasan pamikiran ékonomi di Indonésia, anu saméméhna didominasi ku pamandangan-pamandangan ékonomis ti Éropa.[40] Mimitina Soemitro ogé nyoba ngjalin hubungan silih tujul jeung Sekolah Ekonomi dan Ilmu Politik London, tapi alatan British Council nolak méré béasiswa, rencana ieu dibatalkeun.[41]

Dina pertengahan taun 1951, Soemitro ngondang urut Menteri Kauangan Jérman Nazi Hjalmar Schacht ka Indonésia pikeun nalungtik situasi ékonomi nasional sarta méré rékoméndasi.[42] Soemitro ogé milu aub dina prosés nasionalisasi De Javasche Bank, urut bank séntral Hindia Walanda.[43] Salian ti éta, dina période ieu Soemitro ogé mindeng paséa sacara tinulis jeung Syafruddin ngeunaan pamandangan-pamandangan ékonomi maranéhna — bari kadua pihak ogé ngritik kawijakan ékonomi pamaréntah.[44] Nurutkeun Soemitro, standar kahirupan dina struktur ekonomi agraria anu dirojong ku Syafruddin condong rendah, sarta Soemitro ogé teu satuju kana kawijakan panghématan anggaran Syafruddin.[45] Sanajan kitu, kadua tokoh ieu sapuk yén investasi asing diperlukeun pikeun pamekaran ékonomi Indonésia, sanajan loba tokoh nasionalis dina mangsa harita nolak investor luar nagri.[46] Soemitro ogé ngarojong program transmigrasi pamaréntah, kalawan catetan diperlukeunana pamekaran industri di kawasan-kawasan anyar.[47]

Menteri Kauangan

[édit | édit sumber]
Soemitro salaku Menteri Kauangan, 1954.

Soemitro ditunjuk salaku Menteri Kauangan dina Kabinét Wilopo.[31][48] Kamenterian Kauangan dina mangsa harita masih ngawengku sajumlah gedé pagawé kabangsaan Walanda, sarta nurutkeun Soemitro, para pagawé ieu ahli dina administrasi tapi teu paham kana élmu ékonomi.[49] Salila mangsa Wilopo, prosés nasionalisasi Bank Indonesia réngsé, sarta Soemitro ngawajibkeun sakumna anggota déwan diréksi BI kabangsaan Indonésia.[50] Anjeunna ogé ngalegaan cakupan program Bénténg ti sakitar 10 persén produk impor jadi leuwih ti 50 persén.[51] Ieu dilakukeun sanajan Soemitro sorangan terang yén palaksanaan program Bénténg bermasalah, sarta Soemitro sorangan méré koméntar yén sabagéan gedé pangusaha anu diuntungkeun ku program Bénténg bisa waé ukur 'parasit'[52]

Kabinét Wilopo runtag dina taun 1953, sarta sababaraha tokoh gagal ngabentuk kabinét sanggeusna. Soemitro ditunjuk salaku Menteri Kauangan dina kabinét anu diajukeun ku Burhanuddin Harahap, tapi panunjukan Soemitro ditentang ku Partai Nasional Indonesia nepi ka Burhanuddin mulangkeun mandatna. Ahirna, Soemitro digantikeun ku Ong Eng Die dina Kabinét Ali Sastroamidjojo I.[53] Salila mangsa Ali, Soemitro jadi pangritik pamaréntah sarta nuduh yén kawijakan kabinét kasebut boga tujuan pikeun ngaluarkeun modal asing ti Indonésia — hususna pausahaan Walanda.[54] Anjeunna deui jadi Menteri Kauangan dina Kabinét Burhanuddin Harahap dina taun 1955.[55][56] Alatan inflasi Anu mahabu dina mangsa harita, Soemitro mutuskeun pikeun mungkas program Bénténg demi stabilitas ékonomi.[57]

"Program Soemitro salila mangsa kabinét Burhanuddin ngawengku pangurangan balanja pamaréntah anu ngurangan défisit anggaran, sarta lalaunan inflasi mimiti kakandali.[58] Kusabab runtagna kakuatan PSI sanggeus pemilu 1955, Soemitro mempertanyakeun kapamingpinan Sjahrir kana éta partéy.[59] Soemitro dikirim ka Jenewa dina ahir taun 1955 pikeun ngayakeun rundayan ngeunaan urusan Irian Barat, sarta sanajan prosés négosiasi lalaunan mimiti lalingkah, tekanan pulitik jero nagri ngeureunkeun éta prosés dina bulan Januari 1956. Kuciwa kana tindakan pamaréntah, para delegasi Indonésia di Jenewa — Soemitro, Menteri Kaséhatan Johannes Leimena, sarta Menteri Luar Negeri Ide Anak Agung Gde Agung — sempet boga niat pikeun ngundurkeun diri tina jabatanana.[60] Sababaraha bulan méméh runtagna kabinét Burhanuddin, Soemitro nginjeumkeun dana pamaréntah ka sajumlah pausahaan-pausahaan anu patali jeung partéy-partéy pulitik. Tindakan ieu micu partéy-partéy oposisi pikeun nungtut pangbubaran kabinét Burhanuddin leuwih gancang ti batan anu dijadwalkeun.[61] Para menteri dina kabinét Burhanuddin, kaasup Soemitro, teu diabuskeun kana Kabinét Ali Sastroamidjojo II.[62]

Soemitro dianggap salaku menteri anu gedé pangaruhna ti PSI salila éra Démokrasi Liberal.[63] Dina makalah anu diterbitkeun taun 1952, Soemitro ngajabarkeun tujuan kawijakanana, nyaéta ningkatkeun konsumsi sarta invéstasi jero nagri bari ngalereskeun neraca dagang nagara. Sanajan kitu, anjeunna nambahan yén pamaréntah Indonésia mangsa harita teu cukup kiat sacara administratif pikeun ngaluncurkeun program intérvénsi langsung dina ékonomi.[64] Soemitro ogé ngarojong invéstasi asing — sanggeus disumpah salaku menteri dina kabinét Wilopo, anjeunna méré koméntar yén ngaluarkeun invéstor asing téh sarua waé jeung 'ngali kubur sorangan'.[65] Soemitro ogé ngalobi para invéstor asing kasebut pikeun ngamekarkeun sumber daya manusa Indonésia ku iming-iming karinganan pajeg.[66]

Pangbarontakan PRRI

[édit | édit sumber]

"Salila mangsa Kabinét Djuanda, Présidén Soekarno sacara terang-terangan papalingpang jeung ékonom-ékonom anu sakola di institusi 'kulon', kaasup Soemitro. Soekarno dina hal ieu dirojong ku Partai Komunis Indonesia anu dipingpin ku D.N. Aidit. Aidit nuduh yén Soemitro mihak ka 'imperialisme jeung féodalisme', bari miboga sawangan yén kawijakan ékonomi pro-invéstor Soemitro téh teu luyu jeung masarakat Indonésia anu harita kalolobaanana masarakat désa. Aidit nyalahkeun kamiskinan di Indonésia ka pihak asing, kapitalis, sarta tuan tanah anu moro rénte, lain alatan leutikna invéstasi doméstik sakumaha pamadegan Soemitro.[67] Soemitro sorangan disalahkeun lantaran ngantep pihak-pihak kapitalis asing asup ka Indonésia [68] Sepanjang bulan Mei 1957, Soemitro dicalukan dua kali ku pulisi lantaran dituduh korupsi (nu pakait jeung ngumpulkeun dana PSI keur Pemilu 1955)[69] Sapanjang bulan Méi 1957, Soemitro dicalukan dua kali ku pulisi lantaran dituduh korupsi (nu pakait jeung ngumpulkeun dana PSI keur Pemilu 1955),[70] Tapi manéhna mutuskeun moal datang sarta kalah nyumput. Mimiti, Soemitro nyumput di imah baturna di Tanah Abang, méméh pindah ka Pulo Sumatra kalayan bantuan Sjahrir. [71]

Silaing Soemitro di Sumatra, manéhna didatangan ku sajumlah pulitikus PSI anu nyobaan ngolo sangkan manéhna teu milu gabung ka gerakan anti-pamerintah di ditu, nepi ka ahirna Soemitro mutuskeun moal nemui deui éta utusan-utusan PSI téh.[71] Pada tanggal 13 Mei 1957,[70] Soemitro nepi di Sumatra Tengah sarta mimiti ngjalin hubungan jeung Dewan Banteng. Dina bulan-bulan saterusna, hubungan antara pamingpin-pamingpin Dewan Banteng jeung pamaréntah pusat beuki panas, sarta tawaran kompromi anu ngawengku balikna sajumlah tokoh "moderat" saperti Hatta ka pamaréntah ditolak.[72] Sajumlah tokoh partéy Masyumi, saperti Syafruddin Prawiranegara jeung Mohammad Natsir, pandeurina mah milu gabung jeung Soemitro di Sumatra.[73] Soemitro mimiti indit-inditan ka luar negri pikeun ngumpulkeun dukungan bari ngjalin hubungan jeung wartawan sarta pamaréntah asing, kaasup jeung pihak Badan Intelijen Pusat Amérika Serikat (CIA) di Singapura.[70] Dina bulan Séptémber 1957, saenggeus pasamoan jeung sajumlah kolonél-kolonél anti-pamaréntah, Soemitro ngirimkeun tungtutanana ka pamaréntah pusat: desentralisasi, dicopotna Kepala Staf TNI Angkatan Darat Abdul Haris Nasution, balikna Hatta kana struktur pamaréntahan, sarta dilarangna "komunisme internasional".[74] Saenggeus pasamoan saterusna di Padang, Soemitro ngirimkeun laporan hasil éta pasamoan ka pihak Amérika Serikat anu ngagambarkeun Dewan Banteng salaku barisan anti-komunisme. Soemitro boga rencana pikeun ngabiayaan éta gerakan tina panghasilan ékspor hasil bumi ti Sumatra.[75]

Jatuhnya PRRI

[édit | édit sumber]

Soemitro geus ngjalin hubungan jeung pihak pamaréntah AS, Britania Raya, Malaya Britania, Filipina, jeung Thailand di tungtung taun 1957, ditambahan deui ku pausahaan-pausahaan Walanda sarta Taiwan.[76] Pihak Dewan Banteng geus meunang mangrébu-rébu pucuk pakarang, tina dana hasil jualan sumber daya alam sarta bantuan tunai asing anu ditambahan deui ku pangiriman pakarang langsung ti Amérika Serikat.[77] Dina pasamoan di Sungai Dareh, para tokoh Masyumi bareng jeung Soemitro panggih jeung para perwira, tapi pemberontakan can dimimitian lantaran Panglima Kodam IV/Sriwijaya, Kolonél Barlian, wegah milu aub.[78] Saenggeus pasamoan di Sungai Dareh, Soemitro mangkat ka Éropa pikeun terus ngumpulkeun dana sarta ngawangkong jeung média asing.[78]

Dina wawancara-wawancarana, Soemitro nepikeun tungtutan-tungtutan ti Dewan Banteng.[78] Beuki lila tungtutan jeung ancaman Soemitro ka pamaréntah pusat beuki tarik, sarta dina tanggal 2 Pébruari 1958 Soemitro di Jenéwa ngancam ngeunaan kamungkinan pecahna perang baraya.[79] Nu numutkeun manéhna mah bakal ngagulingkeun Soekarno dina jero sapuluh poé wungkul.[80] Pemerintahan Revolusioner Republik Indonesia (PRRI) dideklarasikeun di Padang dina tanggal 15 Pébruari 1958, di sahandapeun lulugu Syafruddin Prawiranegara salaku perdana menteri, sarta Soemitro dijadikeun Menteri Perdagangan jeung Komunikasi dina kabinétna.[81] Poé isukna, dina tanggal 16 Pébruari, Soekarno maréntahkeun sangkan tokoh-tokoh PRRI kaasup Soemitro ditéwak.[82]

Teu lila saenggeus PRRI dideklarasikeun, pamaréntah pusat geus hasil ngarebut deui kota-kota gedé saperti Padang jeung Pekanbaru. Sanggeus Bukittinggi ragrag, Syafruddin nunjuk Soemitro jadi Pelaksana Tugas Menteri Luar Negeri, sarta nempatkeun Soemitro di Manado bareng jeung kelompok Permesta.[83] Soemitro teu sapuk jeung deklarasi "Republik Persatuan Indonesia" ku pihak PRRI di Sumatra dina bulan Pébruari 1960, lantaran manéhna teu mikaresep bentuk nagara féderal sarta wegah gawé bareng jeung kelompok pemberontakan Negara Islam Indonesia.[84][85] Saenggeus PRRI ditumpes, Soemitro mutuskeun pikeun tetep cicing di luar negri.[86] Kalibetna Soemitro dina PRRI ngabalukarkeun tilas murid-muridna di UI dijarauhan, kaasup loba mahasiswa anu geus diajar ka luar negri.[87] Salila cicing di luar negri, Soemitro lolobana digawé salaku konsultan di Singapura.[88] Manéhna ogé sababaraha kali indit-inditan ka Éropa, sarta panggih jeung Sjahrir di Swiss nalika Sjahrir keur dirawat di ditu.[89] Soemitro ogé kungsi cicing di Malaysia sarta di Bangkok, Thailand.[90] Bari di Malaysia, Soemitro nulis ngeunaan sajarah ékonomi éta nagara pikeun néangan napakah,[91] Bari ngajalin hubungan jeung sajumlah perwira militer anti-komunis salila Konfrontasi Indonesia–Malaysia.[92]

Orde Baru

[édit | édit sumber]
Soemitro nalika ngajabat Menteri Risét, 1973

Sanggeus Soekarno ragrag sarta diganti ku Soeharto, sajumlah urut murid Soemitro saperti Widjojo Nitisastro, Mohammad Sadli, jeung Emil Salim ditunjuk jadi menteri atawa panaséhat dina pamaréntahan.[93][94] Soeharto nugaskeun Ali Murtopo pikeun mulangkeun Soemitro ka Indonésia, sarta Ali patepang sareng Soemitro pikeun ngabujukna mulang di Bangkok dina sasih Maret 1967. Soemitro sapuk pikeun mulang, sarta anjeunna mulang sacara rusiah dina pertengahan taun 1967 alatan kahariwang pamaréntah kana simpatisan Orde Lama.[95] Soemitro diangkat janten Menteri Padagangan sareng Industri dina Kabinét Pembangunan I dina ping 10 Juni 1968.[96]

Salaku Ménpérindag di éra Orde Baru, Soemitro ngalaksanakeun sajumlah kawijakan dagang anu boga tujuan pikeun ngadorong ékspor atawa neken impor produk nu tangtu.[96] Salaku conto, Soemitro ngadegkeun sababaraha badan anu ngatur kualitas sarta ékspor komoditas kopi jeung kopra,[97] Sembari nyaram ékspor karét alam anu kualitasna handap pikeun ngadorong hilirisasi industri karét.[98] Soemitro ogé ngadorong pangurangan impor barang konsumsi sarta ningkatkeun impor barang modal, sarta béa asup ditaékeun salaku pamasukan pamaréntah.[99] Kabinét Pembangunan I ieu ogé ngawengku Mafia Berkeley, sakumpulan ékonom anu sakola di universitas-universitas kulon sarta sawaréh kantos janten murid Soemitro.[96][100] Salian ti janten Menperindag, Soemitro ogé janten salah sahiji panaséhat ékonomi Soeharto.[101]

Taun 1973, Soemitro dijantenkeun Menteri Riset dina Kabinet Pembangunan II.[102] Aya sajumlah pihak anu nganggap yén parombakan ieu disababkeun ku ayana kateupanuju antara Soemitro sareng Soeharto dina kawijakan ékonomi.[103] Dina kapasitásna salaku Menteri Riset, Soemitro ngamimitian program panalungtikan nasional dina widang ékonomi anu ngalibatkeun fakultas-fakultas ékonomi ti rupa-rupa universitas di Indonésia, kalayan tujuan pikeun mantuan nyusun program ékonomi pamaréntah. Hal ieu dilakukeun ku Soemitro lantaran hariwangna yén Rencana Pangwangunan Lima Taun Soeharto kirang ngitung trén-trén sarta kaayaan ékonomi jangka panjang di Indonésia. Sanajan program ieu mangpaat pikeun pamaréntah, Soemitro diganti ku B. J. Habibie dina Kabinet Pembangunan III nepi ka éta program dieureunkeun.[102]

Di luar kariérna dina struktur pamaréntah, Soemitro ogé kalibet dina dunya usaha. Bareng jeung Mochtar Lubis, anjeunna ngadegkeun Indoconsult Associates dina taun 1967. Indoconsult Associates mangrupakeun salah sahiji firma konsultan bisnis munggaran di Indonésia.[104] Soemitro ogé kalibet dina naékna Grup Astra saprak taun 1968, nalika Soemitro mantuan éta grup meunangkeun lisénsi importir tunggal mobil Toyota. Kulawarga Tjia nu ngadegkeun Astra geus ngajalin hubungan jeung Soemitro saprak jaman Orde Lama.[105] Soemitro kantos ngajabat présidén komisaris Astra dina taun 1992.[106] Dina kariér akademisna, Soemitro janten salah sahiji nu ngadegkeun organisasi akademis East Asian Economic Association (Asosiasi Ekonomi Asia Timur) dina taun 1984, sarta ditunjuk sacara aklamasi janten ketua umum munggaran éta organisasi.[107]

Soemitro mindeng dianggap salaku ékonom Indonésia anu pangpangaruhna, boh salila période Orde Lama mupun Orde Baru.[7] Putra munggaranana, Biantiningsih Miderawati, janten sarjana pendidikan ti Universitas Harvard. Putra kadua, Mariani Ekowati, janten ahli mikrobiologi. Putra katilu, Prabowo Subianto mangrupakeun Présidén Indonésia ka-8, sarta kantos nikah ka Titiek Soeharto, putri Soeharto. Putra bungsu, Hashim Djojohadikusumo, janten pangusaha grup Arsari.[7]

Soemitro kasohor salaku anu resep pisan ngaroko (perokok berat). Salila taun 1942-1994, Soemitro nulis saloba 130 buku jeung makalah, hususna ngeunaan urusan ékonomi.[108]

Sawangan

[édit | édit sumber]

Salila di Rotterdam, Soemitro seueur maca tulisan pamikir ékonomi sapertos Karl Marx, Joseph Schumpeter, Eugen von Böhm-Bawerk, Irving Fisher, sarta nu sanésna.".[109] Anjeunna ogé kapangaruhan ku para pamikir ti Fabian Society.[110] Sanajan sacara idéologis Soemitro teu mikaresep kana pangwatesan padagangan, anjeunna ogé nganggap yén kaayaan pulitik jero nagri teu mungkinkan ayana padagangan bébas. Kawijakan Soemitro salila ngajabat menteri di éra Orde Lama nurutkeun anjeunna boga tujuan pikeun ngurangan pangaruh Walanda dina ékonomi Indonésia.[111] Soemitro ngaku yén papalingpangna jeung Syafruddin Prawiranegara lumangsung alatan Soemitro ningali kawijakan Syafruddin salaku tuluyan tina pamaréntah kolonial.[112] Dina sawangan Soemitro, ékonomi kolonial Indonésia kabagi jadi dua: ékonomi agraris anu saaya-aya, jeung ékonomi kapitalis anu kabeungkeut kana sistem padagangan internasional. Pikeun mekarkeun ékonomi, Soemitro nuturkeun téori ékonomi William Arthur Lewis anu nyebutkeun yén pamaréntah kudu ngarojong industrialisasi demi ningkatkeun produktivitas tanaga gawé.[113] Demi industrialisasi ieu, Soemitro janten pangrojong invéstasi asing, asalkan éta invéstasi dibarengan ku partisipasi modal jero nagri, ningkatkeun sumber daya manusa, sarta nginvéstasikeun deui sawaréh bati (laba) kana ékonomi Indonésia.[114]

Lantaran Soemitro ngudag industrialisasi sarta mikaresep téknokrasi, anjeunna leuwih condong ka Blok Kulon dina Perang Dingin sarta ogé jadi anti-komunis. Sanajan sacara pulitik Soemitro aya di sahandapeun naungan Partéy Sosialis, anjeunna teu sapuk jeung paham sosialisme démokratis anu umum di kalangan tokoh partéy kasebut [110] Soemitro ogé ngarojong wangun usaha koperasi pikeun majukeun ékonomi padésaan.[115] Ngeunaan kawijakan pamaréntah, Soemitro ngarojong anggaran anu saimbang lantaran hariwangna yén anggaran tiasa béak ku pulitikus tanpa disiplin fiskal. Sanajan kitu, anggaran pangwangunan dianggap penting ku anjeunna sarta anjeunna nolak pamangkasan éta anggaran.[116] Lantaran kaayaan ékonomi sarta birokrasi Indonésia anu masih kénéh anom dina mangsana, Soemitro nyindekkeun yén cara panghadéna pikeun maratakeun ékonomi téh nyaéta ngaliwatan sarikat pagawé anu kuat, lain ngaliwatan pajak.[117]

Pupusna

[édit | édit sumber]

Soemitro pupus di Rumah Sakit Dharma Nugraha, Rawamangun, Jakarta Timur dina 9 Maret 2001 dina yuswa 84 taun. Anjeunna tos lami nandangan panyawat jantung sarta panyempitan pembuluh darah.[108] Luyu jeung wasiatna sangkan dimakamkeun ku cara sarta di tempat anu basajan, Soemitro dikurebkeun di Taman Pemakaman Umum Karet Bivak..[118]

Panghargaan

[édit | édit sumber]

Anjeunna nampi panghargaan boh ti jero nagri boh ti luar nagri.[119]

Jero Nagri

[édit | édit sumber]

Jero Nagri

[édit | édit sumber]

Catetan

[édit | édit sumber]
  1. Sebagai Menteri Lembaga Research Nasional
  2. Sebagai Menteri Negara Riset dan Teknologi
  3. Sebagai Menteri Perdagangan dan Perindustrian

Referensi

[édit | édit sumber]

Catatan kaki

[édit | édit sumber]
  1. Djojohadikusumo, Margono (1970). Reminiscences from Three Historical Eras. Jakarta: Indira. ISBN 978-979-8063-01-2. Diaksés tanggal 2026-01-01.
  2. Adryamarthino, Verelladevanka (2022-02-10). "Margono Djojohadikusumo: Pendiri BNI dan Kakek Prabowo Subianto". Kompas.com. Diaksés tanggal 2026-01-01.
  3. Attar, Mahmuda (2023-11-16). "Prabowo Subianto diam-diam punya trah ningrat Kerajaan Mataram sampai tembus ke Majapahit, ini silsilahnya". www.hops.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2024-04-10.
  4. Kementerian Keuangan 1991, p. 55.
  5. 1 2 3 4 5 Thee Kian Wie 2001, p. 173.
  6. Katoppo 2000, p. 3.
  7. 1 2 3 4 "Kisah Sumitro Djojohadikusumo dalam Menghadapi Para Penguasa". tirto.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-22. Salah ngutip: Parameter "" tidak sah pada tanda <<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name.
  8. 1 2 Niwandhono 2021, p. 167.
  9. Katoppo 2000, p. 15.
  10. Djojohadikusumo 1986, p. 29.
  11. Poeze, Dijk & van der Meulen 2008, p. 275.
  12. Katoppo 2000, p. 21.
  13. Djojohadikusumo, Soemitro. (2000). Jejak Perlawanan Begawan Ekonomi. Jakarta: Pustaka Sinar Harapan. ISBN 9794166345. Tiasa dipaluruh dina Google Books, diaksés kaping 30 Désémber 2025.
  14. Poeze, Dijk & van der Meulen 2008, p. 317.
  15. Djojohadikusumo, Soemitro. (2000). Jejak Perlawanan Begawan Ekonomi. Jakarta: Pustaka Sinar Harapan. hlm. 52. ISBN 9794166345. Tiasa dipaluruh dina Google Books, diaksés kaping 30 Désémber 2025.
  16. Niwandhono 2021, p. 168.
  17. Katoppo 2000, p. 38.
  18. "Sumitro Dies at 84 of Heart Failure". The Jakarta Post. 10 March 2001. Diarsipkeun ti asli tanggal 20 May 2014. Diaksés tanggal 12 December 2021. Archived 20 Méi 2014 di Wayback Machine
  19. British Documents 2008, p. 323.
  20. Schrikker & Touwen 2015, p. 214.
  21. Toer, Toer & Kamil 2005, p. 286.
  22. 1 2 Kahin 2003, p. 339.
  23. Gardner 2019, p. 98.
  24. Gardner 2019, pp. 30-31.
  25. Thuỷ 2019, p. 110.
  26. Niwandhono 2021, p. 170.
  27. Gardner 2019, p. 84.
  28. "INDONESIANS URGE U.S. HALT DUTCH AID; Envoy Calls for Political and Economic Help to Republic in Talk With Lovett". The New York Times (Dina basa Inggris). 21 Desember 1948. Diaksés tanggal 11 Mei 2022.
  29. Kahin 2003, pp. 439-443.
  30. Thee Kian Wie 2012, p. 39.
  31. 1 2 Lindblad 2008, p. 44.
  32. Thuỷ 2019, p. 122.
  33. Thee Kian Wie 2012, p. 143.
  34. Lindblad 2008, pp. 80-81.
  35. Thuỷ 2019, pp. 141-144.
  36. Thuỷ 2019, p. 137.
  37. Thee Kian Wie 2012, p. 29.
  38. 1 2 Thee Kian Wie 2001, pp. 174 – 176.
  39. Thuỷ 2019, p. 124.
  40. Gardner 2019, pp. 193 – 194.
  41. Niwandhono 2021, p. 185.
  42. Thuỷ 2019, p. 138.
  43. Lindblad 2008, p. 108.
  44. Thee Kian Wie 2012, p. 46.
  45. Thee Kian Wie 2012, pp. 51 – 56.
  46. Thee Kian Wie 2012, p. 62.
  47. Thee Kian Wie 2012, pp. 60 – 61.
  48. Feith 2006, p. 229.
  49. Thee Kian Wie 2012, p. 8.
  50. Lindblad 2008, p. 111.
  51. Lindblad 2008, p. 129.
  52. Thee Kian Wie 2012, p. 33.
  53. Feith 2006, pp. 331 – 339.
  54. Lindblad 2008, p. 179.
  55. Feith 2006, pp. 419 – 420.
  56. Thuỷ 2019, p. 126.
  57. Thuỷ 2019, p. 147.
  58. Setiono 2008, p. 758.
  59. Feith 2006, p. 479.
  60. Feith 2006, pp. 450-455.
  61. Feith 2006, p. 458.
  62. Feith 2006, p. 467.
  63. Mrázek 2018, p. 406.
  64. Schrikker & Touwen 2015, p. 206.
  65. Lindblad 2008, p. 171.
  66. Lindblad 2008, pp. 172 – 173.
  67. Schrikker & Touwen 2015, pp. 218-220.
  68. Schrikker & Touwen 2015, p. 224.
  69. "Dugaan Korupsi Menteri Sumitro". Historia (Dina basa Indonesia). 17 November 2017. Diaksés tanggal 13 Desember 2021. Archived 15 April 2023 di Wayback Machine
  70. 1 2 3 Kahin & Kahin 1997, pp. 70-71.
  71. 1 2 Mrázek 2018, p. 450.
  72. Kahin 1999, pp. 196-197.
  73. Gardner 2019, p. 142.
  74. Kahin & Kahin 1997, pp. 72-73.
  75. Kahin & Kahin 1997, p. 103.
  76. Kahin & Kahin 1997, pp. 105-106.
  77. Kahin & Kahin 1997, p. 120.
  78. 1 2 3 Kahin 1999, pp. 206-207.
  79. Kahin 1999, pp. 208-209.
  80. Kahin & Kahin 1997, p. 137.
  81. Kahin & Kahin 1997, p. 140.
  82. Kahin & Kahin 1997, p. 145.
  83. Kahin & Kahin 1997, p. 197.
  84. Kahin & Kahin 1997, p. 202.
  85. Kahin 1999, p. 224.
  86. Gardner 2019, p. 162.
  87. Thuỷ 2019, p. 168.
  88. Garrett & Barkley 1971, p. 134.
  89. Mrázek 2018, p. 490.
  90. Katoppo 2000, p. 252.
  91. Djojohadikusumo 1986, p. 32.
  92. Niwandhono 2021, p. 194.
  93. Gardner 2019, p. 250.
  94. Ichimura 2016, p. 442.
  95. Tempo 2020, pp. 36-39.
  96. 1 2 3 Rice 1969, pp. 183-187.
  97. Rice 1969, pp. 188-192.
  98. Rice 1969, p. 193.
  99. Rice 1969, pp. 199-200.
  100. Hill 2011, p. 118.
  101. Kementerian Keuangan 1991, p. 62.
  102. 1 2 Thee Kian Wie 2001, pp. 178-179.
  103. Hill 2011, p. 226.
  104. Hill 2011, p. 122.
  105. Setiono 2008, p. 1032.
  106. Katoppo 2000, pp. 308-316.
  107. Ichimura 2016, p. 443.
  108. 1 2 "Sumitro Djojohadikusumo Meninggal Dunia". Liputan6.com (Dina basa Indonesia). 9 Maret 2001. Diaksés tanggal 12 Mei 2022.
  109. Djojohadikusumo.
  110. 1 2 Niwandhono 2021, pp. 165-166.
  111. Djojohadikusumo 1986, pp. 35-36.
  112. Niwandhono 2021, p. 177.
  113. Niwandhono 2021, pp. 173-176.
  114. Rice 1983, p. 68.
  115. Rice 1983, p. 64.
  116. Djojohadikusumo 1986, p. 36.
  117. Rice 1983, p. 79.
  118. "Sumitro Minta Dimakamkan Secara Sederhana". Tempo.co (Dina basa Indonesia). 29 Oktober 2003. Diaksés tanggal 16 Desember 2018.
  119. "Detail Kabinet Menteri - Situs Web Kepustakaan Presiden-Presiden Republik Indonesia". kepustakaan-presiden.perpusnas.go.id. Diaksés tanggal 2022-12-24. Archived 2022-08-10 di Wayback Machine
  120. Daftar WNI yang Mendapat Tanda Kehormatan Bintang Mahaputera tahun 1959 s.d. 2003 (PDF). Diaksés tanggal 4 Oktober 2021.
  121. "Senarai Penuh Penerima Darjah Kebesaran, Bintang dan Pingat Persekutuan Tahun 1977" (PDF).
  122. Administrator (1992-09-05). "Mendapat anugerah". Tempo (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2023-04-25.

Tunbu ka luar

[édit | édit sumber]
Jabatan pulitik
Saméméhna
Suhadi Reksowardojo (1966)
salaku Menteri Lembaga Research Nasional
Menteri Negara Riset Indonesia
1973–1978
Sanggeusna
B. J. Habibie
salaku Menteri Negara Riset dan Teknologi
Saméméhna
M. Jusuf
Menteri Perdagangan Indonesia
1968–1973
Sanggeusna
Radius Prawiro
Saméméhna
Ong Eng Die
Menteri Keuangan Indonesia
1955–1956
Sanggeusna
Jusuf Wibisono
Saméméhna
Jusuf Wibisono
Menteri Keuangan Indonesia
1952–1953
Sanggeusna
Ong Eng Die
Saméméhna
Tandiono Manu
Menteri Perdagangan dan Perindustrian Indonesia
1950–1951
Sanggeusna
Sujono Hadinoto
Saméméhna
Soenarjo Kolopaking
Dekan Fakultas Ekonomi Universitas Indonesia
1951–1957
Sanggeusna
Djokosoetono