Sokratés

Sokratés (Yunani: Σωκράτης, Sǒkratēs) (kira-kira taun 470 SM–399 SM) nyaéta salah sahiji ahli filsafat asal Yunani.[1] Anjeunna kaasup kana golongan pamikir antroposéntrisme anu hirup dina mangsa Yunani Klasik.[2] Tujuan utama pamikiran filsafat Sokratés nyaéta pikeun mikawanoh manusa ku jalan ngarti kana jagat raya ngaliwatan téori.[3] Fokus utama pamikiranna museur kana hakékat kahirupan manusa, sarta anjeunna dianggap ngarobah arah filsafat ti nu tadina museur kana alam jadi museur kana manusa.
Dina pendekatanna, Sokratés migunakeun rasionalisme, nyaéta cara mikir anu ngandelkeun akal sehat. Anjeunna nalungtik rupa-rupa widang pamikiran salila widang éta bisa dipaluruh ku akal. Unggal pamikiran filsafat ku Sokratés sok dimimitian ku rasa panasaran, anu saterusna dianggap salaku awal tina kawijaksanaan. Dina masanana, anjeunna jadi salah sahiji tokoh Yunani anu henteu deui ngandelkeun mitos.[4]
Sokratés hirup dina jaman ngembangna pamikiran sofisme. Kamampuhna dina migunakeun métode dialog ngajadikeun anjeunna dipikaresep ku para nonoman. Sanajan kitu, anjeunna ogé loba meunang panyalindungan ti golongan anu percaya kana déwa, lantaran dianggap ngarusak moral nonoman sarta dituduh nolak ayana déwa anu diakui nagara.[5]
Sokratés ogé dipikawanoh minangka salah sahiji tokoh anu mimiti ngenalkeun istilah “filsafat” dina widang atikan. Anjeunna ngagunakeun hiji cara mikir filsafat anu kasohor minangka métode kebidanan (maieutika), anu tuluy jadi dasar pikeun ngembangkeun métode induktif sacara de facto. Pamikiranna mangaruhan pisan ka muridna, nyaéta Plato, sarta teras mangaruhan deui ka Aristoteles, murid ti Plato. Pangaruh pamikiran Sokratés sumebar ti Athéna ka sakuliah dunya Kulon. Salah sahiji pokok pamikiranna anu paling penting nyaéta ngeunaan filsafat moral atawa étika.
Riwayat hirup
[édit | édit sumber]Sokratés lahir kira-kira taun 470 SM ti pasangan Sophroniskos salaku bapana jeung Phairnarete minangka indungna. Bapana gawé minangka tukang pahat, sedengkeun indungna nyaéta saurang bidan. Sokratés nikah jeung Xantipe. Kulawargana kaasup kulawarga beunghar, ku kituna anjeunna meunang kasempetan pikeun narima atikan anu cukup.[6]
Sokratés kungsi damel minangka prajurit Athena, sanajan dina kanyataanana anjeunna leuwih museur kana widang filsafat tibatan kana urusan pulitik. Karepna anu jero kana filsafat ieu engkéna ngajadikeun anjeunna hirup dina kaayaan prihatin. Pamikiranna anu kritis sarta sok nanya kana rupa-rupa kapercayaan sosial ngajadikeun anjeunna ditangkep, dipenjara, sarta dihukum pati. Hukuman pati anu ditetepkeun ka anjeunna asalna tina tuduhan kaum Sofis.[6]
Dina taun 399 SM, Sokrates dihukum pati ku cara nginum racun, lantaran dituduh geus menyesatkan pamikiran para nonoman Athena. Anjeunna pupus dina yuswa kurang leuwih 70 taun.[6]
Pangajaran filsafat
[édit | édit sumber]Sokratés ngajarkeun filsafat ku cara mantuan jalma pikeun manggihan pangaweruh anu sabenerna geus aya dina pamahaman dirina sorangan. Cara ngajarna ieu ku Sokratés disebut metode kabidanan. Anjeunna ngibaratkeun kagiatan mikir filsafat kawas bidan anu mantuan awéwé waktu ngalahirkeun orokna. Dina prakna, Sokratés ngalakukeun dialog minangka cara utama pikeun neuleuman filsafat. Perhatian utama filsafatna museur kana hal-hal anu aya patalina jeung diri pribadi manusa.[7]
Sokratés ngalihkeun puseur perhatian filsafat tina alam kana manusa. Anjeunna ngagunakeun cara mikir anu kritis, utamana dina widang étika. Sokratés yakin yén loba pangaweruh jeung pamadegan manusa anu sabenerna ukur saolah-olah bener, tapi tetep dipaké pikeun nyanghareupan masalah kahirupan. Numutkeun anjeunna, pamahaman manusa kana pasualan hirup téh can écés sarta leuwih loba dumasar kana perkiraan. Ku sabab kitu, Sokratés nalungtik dua perkara penting dina kahirupan, nya éta ngeunaan kabagjaan jeung kabajikan.[8]
Dina ngamimitian kajian filsafatna, Sokratés sok maké dialog anu dumasar kana kasapukan heula ngeunaan topik anu baris dibahas. Unggal rumusan sok dibarengan ku katerangan atawa conto anu nyata. Sanggeus rumusan ditangtukeun, Sokratés ngalakukeun bantahan ku cara ngabandingkeun atawa nanya deui sacara kritis. Jawaban anu muncul mindeng béda atawa malah nentang rumusan jeung conto anu geus aya. Béda pamadegan ieu tuluy diréngsékeun ku prosés induksi, nya éta ngajéntrékeun unggal pernyataan sarta netepkeun harti tina unggal istilah anu dipaké. Dina sababaraha kaayaan, Sokratés ogé ngagunakeun analogi. Tina hasil induksi ieu, kapanggih pamahaman umum anu ngawengku pangaweruh anu mangpaat sarta miceunan pangaweruh anu teu perlu.[9]
Pamikiran kritis
[édit | édit sumber]Pangatikan
[édit | édit sumber]Pamikiran filsafat Sokratés miboga pangaruh anu kacida gedéna kana praktek jeung téori pendidikan di dunya Kulon, hususna dina widang pangajaran jeung prosés diajar. Sokratés ngamekarkeun cara ngajar anu katelah metode dialéktika, nyaéta metode anu dumasar kana dialog kritis ngaliwatan runtuyan patalékan anu dirancang pikeun ngagugah pamikiran murid. Ngaliwatan metode ieu, murid teu diposisikeun salaku pihak anu pasif narima pangaweruh, tapi minangka subjek anu aktip dina prosés mikir jeung neangan bebeneran.[10]
Tujuan utama tina pangajaran ala Sokratés nyaéta pikeun ngalatih kamampuhan individu dina mikir sacara taliti jeung rasional, nganalisis diri sorangan, sarta nalungtik deui pangaweruh anu geus dipiboga saméméhna. Dina widang pendidikan, metode Sokratés dipaké pikeun mantuan murid supaya bisa ngamekarkeun pangaweruhna sacara mandiri, boga sikap kritis kana informasi anu ditarima, sarta henteu saukur gumantung kana pamikiran atawa pamadegan guruna, tapi sanggup ngahontal pamahaman anu leuwih jero ngaliwatan prosés refleksi jeung dialog intelektual.[10]
Hukum
[édit | édit sumber]Dina abad ka-4 saméméh Maséhi, Sokratés kaasup salah sahiji filsuf Yunani anu nekenkeun pentingna peran para panegak hukum dina ngautamakeun prinsip kaadilan tibatan saukur nurut kana panilaian manusa anu sifatna subjektif. Numutkeun Sokratés, hukum lain ngan ukur sakumpulan aturan formal, tapi mangrupa bagian tina tatanan kabijakan umum anu boga tujuan pikeun ngahontal kaadilan sacara umum jeung objéktif. Ku kituna, hukum kudu dijalankeun dumasar kana nilai moral anu luhung, lain saukur nurut kana kapentingan pribadi atawa golongan.[11]
Dasar pamikiran hukum nurutkeun Sokratés henteu deui dumasar kana kahayang para Déwa sakumaha kapercayaan tradisional dina masarakat Yunani baheula, tapi geus ditangtukeun ku kakawasaan jeung rasionalitas manusa, kalayan pedoman hirup anu adil pikeun sakumna warga. Pamadegan ieu miboga kasarnaan jeung pandangan sofisme anu nyebutkeun yén kaadilan jeung moral mangrupa inti tina hukum sarta jadi pituduh dina kahirupan sosial. Gagasan Sokratés ngeunaan hukum ieu saterusna méré pangaruh anu kuat kana pamikiran Plato, anu ogé nganggap hukum minangka sarana penting pikeun ngahontal kaadilan sarta ngajaga tatanan masarakat anu harmonis.[11]
Masarakat
[édit | édit sumber]Sokratés mangrupa salah sahiji pamikir anu boga pamadegan yén masarakat kabentuk sacara alami salaku hasil tina interaksi jeung dinamika kahirupan manusa. Numutkeun pamikiranna, masarakat dijieun ku individu-individu anu miboga kamampuh pikeun mikir, nyaluyukeun diri, sarta ngamekarkeun poténsi, sahingga hiji masarakat bisa ngalaman kamajuan, tapi ogé miboga kamungkinan pikeun ngalaman kamunduran.[12]
Prosés kamekaran hiji masarakat lumangsung sacara alami ngaliwatan waktu, dipangaruhan ku parobahan moral, intelektual, jeung sosial anu aya dina diri wargana. Ku kituna, kamekaran atawa kamunduran masarakat henteu bisa dicegah sapinuhna, sabab éta mangrupa bagian tina hukum alam jeung akibat tina lampah manusa sorangan dina ngatur kahirupan sosialna.[12]
Pangaruh pamikiran
[édit | édit sumber]Salila hirupna, Sokratés miboga murid anu kawentar, nyaéta Plato, anu engké jadi pelopor pamikiran idéalisme.[13] Gagasan-gagasan Sokratés méré pangaruh gedé kana pamikiran Plato, hususna dina widang filsafat moral atawa étika. Pangaruh ieu katingali dina pamadegan yén manusa merlukeun tujuan hirup salila aya di dunya. Hal éta écés tina pamikiran Plato ngeunaan konsép “anu hadé”, anu jadi dasar pikeun ayana gagasan-gagasan séjén.[14]
Salian Plato, Sokrateés ogé miboga sababaraha pangikut séjén anu engkéna ngadegkeun aliran pamikiran masing-masing. Di antarana nyaéta Eukleides ti Megara, Phaidon ti Elis, Antisthenes, jeung Aristippos. Eukleides ti Megara ngusahakeun ngahijikeun pamadegan Sokratés ngeunaan “anu hadé” jeung pamikiran ti mazhab Elea. Tina ngahijikeun éta pamikiran, lahirlah anu disebut mazhab Megara. Phaidon ti Elis ngadegkeun mazhab Elis anu ajaranna museur kana pasualan dialéktika. Pamadegan Phaidon diteruskeun ku muridna, Menedemos ti Eretria, anu saterusna ngadegkeun mazhab Eretria jeung tetep ngabahas dialéktika. Antisthenes ngadegkeun mazhab Sinis, anu nolak nilai-nilai étika tina adat tradisional sarta yakin yén manusa miboga kaunggulan moral anu tangtu. Ari Aristippos jadi pangadeg mazhab Hedonis, anu ngajarkeun yén kasenangan mangrupa hal anu hadé. Numutkeun ajaran ieu, kasenangan kudu dihontal sacara maksimal kalayan kasusah anu minimal, sarta akal boga peran penting dina nangtukeun tingkat kasenangan jeung kasusah éta.[15]
Sumber rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Aprita, S; Adhitya, R (2020). Filsafat Hukum. Depok: Rajawali Pers. ISBN 978-623-231-448-1.
- ↑ Pengantar Filsafat Ilmu. Bogor: PT Penerbit IPB Press. 2016. ISBN 978-979-493-888-1.
- ↑ Soelaiman, Darwis A. (2019). Filsafat Ilmu Pengetahuan: Perspektif Barat dan Islam. Banda Aceh: Penerbit Bandar Publishing. ISBN 978-623-7499-37-4.
- ↑ Wahana, Paul (2016). Filsafat Ilmu Pengetahuan. Yogyakarta: Pustaka Diamond. ISBN 978-979-195-391-7.
- ↑ Adnan, Gunawan (2020). Filsafat Umum. Banda Aceh: PT. Naskah Aceh Nusantara. ISBN 978-623-7410-33-1.
- 1 2 3 "Socrates". Britannica.
- ↑ Sudiantara, Yosephus (2020). Filsafat Ilmu Pengetahuan: Bagian pertama, Inti Filsafat Ilmu Pengetahuan. Semarang: Universitas Katolik Soegijapranata. ISBN 978-623-7635-46-8.
- ↑ Sumanto, Edi (2019). Filsafat Jilid I. Bengkulu: Penerbit Vanda. ISBN 978-602-6784-91-9.
- ↑ Lubis, Nur A. Fadhil (2015). Pengantar Filsafat Umum. Medan: Perdana Publishing. ISBN 978-602-6970-02-2.
- 1 2 Amka (2019). Filsafat Pendidikan. Sidoarjo: Nizamia Learning Center. ISBN 978-623-7169-27-7.
- 1 2 Atmadja, I., D., G.; Budiartha, I. N. P. Teori-Teori Hukum. Malang: Setara Press. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
- 1 2 Murdiyanto, Eko (2008). Sosiologi Perdesaan. Yogyakarta: Wimaya Press. ISBN 978-979-8918-88-9.
- ↑ Waris (2014). Pengantar Filsafat. Ponorogo: STAIN Po Press.
- ↑ Ibrahim, Duski. FIlsafat Ilmu: Dari Penumpang Asing untuk Para Tamu. Palembang: NoerFikri. ISBN 978-602-6318-97-8.
- ↑ Nawawi, Nurnaningsih (2017). Tokoh Filsuf dan Era Keemasan Filsafat Edisi Revisi. Makassar: Pusaka Almaida. ISBN 978-602-6253-53-8.