Soto sasak

Soto Sasak téh mangrupa salasahiji kuliner has urang Sasak di Lombok, Nusa Tenggara Barat. Soto Sasak boga ciri has kuah bening atawa hideung jeung rasa gurih lantaran diracik jeung rupa-rupa rempah has Nusantara. Rempah anu mindeng dipaké di antarana konéng, laja, jahé, serai, lada, jeung sajabana. Eusian soto ieu biasana diwangun ku hayam, taoge, bihun atawa soun, lontong, bawang goréng, jeung endog pindang.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Teu kacatet écés ti iraha mimiti ayana soto Sasak. Tapi, nu ngajual soto ieu geus dipikawanoh ti mimiti abad ka-20. Contona, soto nu dijual di wewengkon Ampenan geus aya ti taun 1950-an, dijieun ku padagang Tionghoa. Sajaba ti éta, aya ogé sababaraha tempat dahar nu kasohor di jalur ka Senggigi jeung Mataram anu ngajual ieu kadaharan.[2]
Bahan-bahan
[édit | édit sumber]Bahan jeung racikan soto Sasak bisa rada béda-béda unggal tempat, tapi kalolobaanana miboga kamiripan. Bahan utama anu dipaké biasana hayam jeung rupa-rupa rempah. Rempahna di antarana serai, daun salam, daun jeruk, laja, penyedap, uyah, gula, jeung cai. Aya ogé bumbu halus, saperti bawang beureum, bawang bodas, lada, konéng, jahe, minyak goréng, jeung tambahan pala.
Pikeun pelengkap, soto Sasak biasana ditambahan eusian saperti hayam suwir, bihun, endog pindang, taoge, daun bawang, daun seledri, bawang beureum goréng, kalapa parut, lontong (atawa pesor dina basa Sasak), jeung jeruk limau.[3]
Répérénsi
[édit | édit sumber]- ↑ Tour, First Lombok. "Menikmati Soto Sasak Tulen Khas Lombok". First Lombok Tour (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-12-18.
- ↑ Nurmantika, Mega Putri (2025-10-30). "Soto Sasak: Kuliner Khas Lombok yang Penuh Rempah". Diaksés tanggal 2025-12-17.
- ↑ "Berikut Resep Soto Sasak Khas Lombok untuk Menu Buka Puasa - INSIDELOMBOK". insidelombok.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-18.