Sri Maharaja Tarusbawa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Sri Maharaja Tarusbawa nyaéta Raja munggaran di Karajaan Sunda. Anjeunna jadi Raja di Karajaan Sunda ti taun 669 nepi ka 723 Masehi.[1]

Biografi[édit | édit sumber]

Dina taun 669 M, Sang Maharaja Linggawarman, Raja Tarumanagara kaduawelas pupus. Anjeunna salajéngna digantikeun ku minantuna, Sang Tarusbawa, kalawan ngaran istrénan Sri Maharaja Tarusbawa Darmawaskita Manumanggalajaya Sundasembawa. Istrénanna lumangsung tanggal 9 bagéan terang bulan Jesta taun 591 Saka (18 Mei 669 Masehi).[2]
Nalika Tarumanagara dipingpin ku mitohana, pamor karajaan geus pareum pisan. Sang Tarusbawa ngupayakeun malikkeun deui kadigjayaan Tarumanagara saperti nalika pamaréntahan dipingpin ku Sri Maharaja Purnawarman (395-434 Masehi). Sang Tarusbawa lahir jeung digedékeun di Sundapura (dayeuh Sunda) tilas puseur dayeuh Tarumanagara.[1]
Nu munggaran, Sang Tarusbawa ngarobah ngaran Tarumanagara jadi Karajaan Sunda, ti ngaran dayeuh lahirna nu dina waktu harita alih fungsi ti sebutan Sundapura jadi Sunda Sembawa (lemah kabuyutan). Ku kituna di tukangeun ngaran istrénanna ogé ngagunakeun gelar Sundasembawa. Kaayaan éta dimangpaatkeun ku Sang Wretikadayun pikeun ngamerdikakeun Karajaan Galuh ti kakawasaan Karajaan Sunda (gaganti ngaran Tarumanagara.[1]
Sanajan karajaan geus dibagi kakawasaanna jeung Sang Wretikadayun, Sang Tarusbawa masih sempet ngawartakeun istrénanna salaku panerus tahta Tarumanagara, ka sababaraha nagara tatangga. Ku kituna, dina sumber warta China anu pamungkas, nyebutkeun yén aya utusan ti Tarumanagara di taun 669 Masehi. Sang Tarusbawa mibanda pribadi anu damai. Anjeunna teu hayang aya sengketa jeung Sang Wretikadayun, sanajan Karajaan Sunda can tangtu éléh nalika perang ngalawan Karajaan Galuh. Prinsipna leuwih hadé mingpin sabeulah nagara namung tanggeuh ti batan dipaksakeun mingpin sanagara dina kaayaan teu tangtu.[1]
Iwal ti éta, Sang Tarusbawa salajéngna nyaéta mindahkeun puseur dayeuh karajaan ti Sundapura (Bekasi) ka Pakuan (Bogor). Di salah sahiji lemah duwur, Sang Tarusbawa ngadegkeun lima karaton, nu wangun sarta gedéna sarua, jeung posisina ngajajar. Karaton éta sewang-sewangan dibéré ngaran: Bima, Punta, Narayana, Madura jeung Suradipati. Naskah Carita Parahiyangan nyebutkeun Sri Kadatwan Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati.[3]
Sanggeus karaton réngsé diwangun, salajéngna diberkahan (diprebokta) ku Bujangga Sedamanah, di handapeun Sang Maharaja Tarusbawa. Jumlah 5 karaton éta, dina sastra klasik sering disebut panca persada. Prameswari Sang Maharaja Tarusbawa nyaéta Manasih putrina Sang Linggawarman, raja kaduawelas (pamungkas) Tarumanagara. Rayina Manasih, Sobakancana, jadi istri Sri Jayanasa nu ngadegkeun Karajaan Sriwijaya, nu sarua naék tahta di taun 669 Masehi.[1]


Catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Iskandar, Yoseph.1997.Sejarah Jawa Barat (Yuganing Rajakawasa.Bandung:Geger Sunten
  2. Danasasmita, S. 1983. Sejarah Bogor. Bogor:Paguyuban Pasundan Cabang Kodya Bogor.
  3. Atja & Ekajati, E.S.1989.Carita Parahiyangan “karya tim pimpinan pangeran wangsakerta”.Bandung:Yayasan Pembangunan Jawa Barat.


Nulis.jpg