Stik bawang

Stik bawang atawa cucuk gigi téh nyaéta camilan anu dijieun tina bawang. Stik bawang biasana disayogikeun bareng jeung kue séjén waktu Lebaran, atawa didahar dina waktu luang, misalna bari lalajo tipi. Salian ti éta, kadaharan ieu ilaharna jadi camilan sapopoé, boh pikeun didahar sorangan boh pikeun suguhan tamu, sarta mindeng aya dina rupa-rupa acara kulawarga atawa hajatan.
Stik bawang has Jambi miboga rasa gurih jeung seungit bawang anu kuat, sarta téksturna garing jeung renyah. Sok aya ogé nu nyebutkeun yén camilan ieu asalna ti Palembang lantaran wilayahna padeukeut. Bentukna panjang jeung leutik siga cucuk gigi, ku kituna ku masarakat sok disebut cucuk gigi. Bahan-bahan pikeun nyieunna basajan jeung gampang kapanggih, sangkan jajanan ieu loba dijieun sorangan di imah.[1]
Bahan-bahan
[édit | édit sumber]Bahan utama stik bawang nyaéta tipung tarigu anu dicampur jeung tipung tapioka atawa kanji sangkan hasilna garing jeung renyah. Pikeun nambahan rasa jeung seungit, dipaké bawang beureum, mentega, salédri, jeung uyah. Cai haneut ditambahan pikeun ngahijikeun adonan, ari bumbu panyedap bisa ditambahan nurutkeun kahayang.[1]
Cara nyieun
[édit | édit sumber]Nyieun stik bawang dimimitian ku nyampur tipung tarigu, tipung tapioka, uyah, jeung bumbu panyedap dina hiji wadah. Bawang beureum dihaluskeun, tuluy ditumis bareng jeung sabagian mentega nepi ka seungit. Sanggeus éta, sésa mentega diasupkeun nepi ka lebur, tuluy didinginkan saméméh dicampurkeun kana adonan tipung.[2]
Adonan tuluy diuleni bari ditambahan irisan salédri jeung cai haneut saeutik-saeutik nepi ka kalis jeung bisa dibentuk. Sanggeus éta, adonan digiling nepi ka ipis, tuluy dipotong-potong panjang kira-kira 10 sentimeter. Sangkan teu silih napel, potongan adonan biasana ditaburan tipung tarigu saeutik. Tahap pamungkas nyaéta ngagoréng. Adonan digoréng dina minyak panas maké seuneu leutik nepi ka warnana konéng emas. Sanggeus asak, stik bawang diangkat jeung ditiriskeun tina minyak.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 "Resep Stik Bawang/Kue Bawang/Cucuk Gigi oleh Sarwita Lestari". Cookpad (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-01-12.
- ↑ "Resep Stik Bawang/Kue Bawang/Cucuk Gigi oleh Sarwita Lestari". Cookpad (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-01-13.
- ↑ paltv.co.id. "Mengenal Cucuk Gigi Khas Palembang, Camilan Renyah yang Bikin Nagih". paltv.co.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-01-13.