Sungkal

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Sungkal ditapelkeun dina wuluku

Sungkal disebut ogé burujul (mata bajak)[1] nyaéta pakakas tatanén tina beusi perenahkeun ditapelkeun dina wuluku[2] paranti nyungkalkeun taneuh sawah, kebon, atawa huma sangkan henteu ngeumpeut jeung taneuh leuwih subur mangsa dipelakan ku lantaran taneuh subur anu aya dihandap disungkal jadi pindah ka dibeulah luhur [3]. Baheula nyungkal taneuh maké bantuan tanaga munding, sapi, atawa kuda, kiwari dinagara maju nyungkal taneuh pikeun tatanén geus maké tanaga mesin anu mana hasilna leuwih gancang jeung hadé.[4] .

Pedaran[édit | édit sumber]

Nyieun sungkal[édit | édit sumber]

Sungkal mangrupa seuseuket tina beusi anu dipasangkeun dina wuluku pikeun nyuluduk tur nyungkalkeun taneuh, sungkal kudu kuat sangkan henteu miley komo neupika potong mangsana dipaké[1], sungkal dijieun di gosali [5] tina bahan beusi waja meunang nyipuh sangkan leuwih kuat, ukuran jeung wangunna bisa waé henteu sarua gumantung kana pésenan.[6]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Sungkal gedé pisan mangpaatna dina widang ngolah taneuh maké cara tradisional, utamana gancang jeung hasilna leuwih rata. Taneuh anu subur dihandap kasungkal kaluhur, tangtu bakan meré nutrisi anu dipikabutuh pikeun pepelakan leuwih loba. Sungkal ngahaja ditapelkeun dina wuluku sangkan wuluku leuwih seukeut dina norobos taneuh, ogé ngurangan akibat ruksak alatan dipaké dina taneuh anu buntar atawa garing[7]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

Tempo Ogé[édit | édit sumber]

  1. Sawah
  2. Paré
  3. Huma
  4. Wuluku

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg