Surat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Surat dicap ku patugas pos saméméh diiangkeun ka tempat tujuan

Surat nyaéta alat komunikasi anu ngagunakeun basa, sangkan informasi atawa warta bisa katarima ku nu maca.[1] Ti jaman baheula nepi ka ayeuna jalma teu bisa leupas tina kapentingan jeung jalma lian boh nu aya di sabudeureunana, boh nu aya di jauhna.[1] Ngaliwatan surat, sagala béwara, pernyatan, katerangan, pamérédih, laporan, jeung pamondah bisa gampang kaharti maksudna.jaman baheula mah wangun surat kacida basajanna, boh cara nulisna, boh cara ngirimkeunana.[1] Sok sanajan ayeuna alat komunikasi geus sakitu majuna saluyu jeung kamajuan téknologi, peranan surat angger dipikabutuh.[1]

Jenis-jenis Surat[édit | édit sumber]

  1. Surat kulawarga: sipatna kakulawargaan dina hirup kumbuh sapopoé saperti antara sobat jeung sobat, anak jeung kolot, lanceuk jeung adi.[1]
  2. Surat Niaga: ditulis ku jalma anu bagerak dina lapangan buniaga jeung pausahaan, eusina ngeunaan buniaga.[1]
  3. Surat Dines,ditulis ku lembaga/ instansi pamaréntah/ swasta, eusina ngeunaan kadinesan jeung sagala formalitasna.[1]
  4. Surat Organisasi, ditulis ku organisasi anu sipatna merjuangkeun gagasan organisasi.[1]

Kauntungan Surat[édit | édit sumber]

  1. Surat kaitung praktis.[2]
  2. Surat leuwih irit[2]
  3. Surat leuwih éféktif[2]

Babagian Surat[édit | édit sumber]

  1. Puhu Surat,nuduhkeun idéntitas lembaga/ organisasi, biasana biasana dikaluarkeun ku lembaga, pausahaan, organisasi/ instansi.[2]
  2. Tempat jeung Titimangsa, tempat nuduhkeun lokasi nalika nulis surat, titimangsa nuduhkeun tanggal nalika nulis surat.[2]
  3. Nomer Surat, dicantumkeun sangkan gampang nalika sawaktu-waktu dibutuhkeun.[2]
  4. Lampiran, nuduhkeun dokumén anu dihijikeun kana surat.[2]
  5. Hal, poko eusi surat[2]
  6. Alamat, dimimitian ku kecap kahatur.[2]
  7. Salam bubuka, kalimah bubuka minangka panghormat di awal surat.[2]
  8. Paragraf bubuka, saméméh asup kana inti pasualan, minangka panganteur kana inti.[2]
  9. Eusi Surat, masalah poko dina surat.[2]
  10. Panutup, ahir surat anu sipatna harepan, paneges tur aya hubunganana jeung sopan santun.[2]
  11. Salam Panutup[2]
  12. Tanda tangan[2]
  13. Tembusan, pikeun ngagampangkeun pamariksaan lamun aya pihak séjén anu aya patalina jeung éta surat.[2]

Catetan

  1. a b c d e f g h Fajar M.N. 2009. Terampil Menulis Surat. Bandung: Puri Delco.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p Warsidi, Edi. 2009. Kecil-kecil Berani Berkirim Surat. Bandung: Karsa Mandiri Persada.