Lompat ke isi

Tasyrik

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Poé Tasyrik

Jamaah haji nuju malénggor jumrah dina poé Tasyrik.
Basa Arab أيّام التشريق
Transliterasi Ayyām at-Tasyrīq
Katitén ku Umat Islam
Titimangsa 11, 12, 13 Dzulhijjah
Signifikansi Dinten raya, waktos tuang leueut, sarta seueur dzikir.
Amalan Malénggor jumrah, kurban, takbiran.
Watesan Diharamkeun puasa
Patali sareng Idul Adha, Ibadah Haji

Poé Tasyrik (basa Arab: أيّام التشريق, ayyām at-tasyrīq). Nyaéta dinten raya umat Islam anu ragrag saatosna Idul Adha, nyaéta titimangsa ka-11, 12, sarta 13 dina bulan Dzulhijjah dumasar kana kalénder Hijriah. Dina poéan éta, jamaah haji nuju aya di Mina pikeun ngalaksanakeun ritual haji mangrupi malénggor jumrah.

Poé Tasyrik mangrupikeun salah sahiji dinten dimana umat Islam dilarang puasa, jalaran dina poéan ieu mah waktosna pikeun dahar sarta nginum (HR. Thabrani). Nurutkeun ajaran Islam, Poé Tasyrik téh dipaké pikeun dzikir ka Gusti Allah.[1][2] Poé Tasyrik téh mangrupikeun waktos dimana urang dianjurkeun pikeun dahar sarta nginum kalayan haté anu gumbira.

Luyu sareng ayat Al-Qur'an Surat Al-Baqarah ayat 203, urang sadaya diparéntahkeun pikeun seueur dzikir ka Gusti Allah.[3]

Aya sababaraha amalan dzikir anu dianjurkeun dina Poé Tasyrik:

  • Maca takbir saatos nunaikeun solat wajib (disaréatkeun dugi ka ahir Poé Tasyrik).
  • Maca tasmiyah (bismillah بسم الله) sarta takbir nalika meuncit sato kurban.
  • Dzikir sarta muji ka Allah nalika dahar sarta nginum (maca basmalah sarta dipungkas ku hamdalah الحمد لله).
  • Maca takbir nalika malénggor jumrah pikeun anu nuju ibadah haji.

Sumber hukum

[édit | édit sumber]
  • Al-Qur'an (Surat Al-Baqarah: 203)

الآية: وَاذْكُرُوا اللَّهَ فِي أَيَّامٍ مَعْدُودَاتٍ المصدر: سورة البقرة، الآية ٢٠٣

Tarjamah: "Sarta kudu maraneh nyebut jenengan Allah (dzikir) dina poe-poe anu geus ditangtukeun (Poé Tasrek)."

  • Hadits Riwayat Muslim

الحديث: أَيَّامُ التَّشْرِيقِ أَيَّامُ أَكْلٍ وَشُرْبٍ وَذِكْرٍ لِلَّهِ المصدر: صحيح مسلم، رقم الحديث ١١٤١

Tarjamah: "Poe-poe Tasrek teh nyaeta poe pikeun dahar, nginum, sarta dzikir ka Allah."

  • Hadits Riwayat Abu Daud (Ngeunaan Puasa)

الحديث: نَهَى رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَنْ صِيَامِ هَذَيْنِ الْيَوْمَيْنِ: يَوْمِ الْفِطْرِ وَيَوْمِ الْأَضْحَى، وَأَيَّامِ التَّشْرِيقِ المصدر: سنن أبي داود (بإسناد صحيح)

Tarjamah: "Rasulullah SAW nyarek puasa dina dua poe: poe Idul Fitri jeung Idul Adha, sarta poe-poe Tasrek."

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Mustafi, M. (2015). Rahasia Dahsyat Energi Sapu Jagat (Dina basa Indonesia). Penerbit Safirah. hlm. 55.
  2. Syahdan, M. (2015). Puasa Wajib dan Sunah yang Paling Dianjurkan (Dina basa Indonesia). Kunci Iman. hlm. 172. Diaksés tanggal 13 Maret 2026.
  3. Mustafi, M. (2015). Rahasia Dahsyat Energi Sapu Jagat (Dina basa Indonesia). Penerbit Safirah. hlm. 55.