Tepus
| Tepus (harigu bodas) | |
|---|---|
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | S. grammiceps |
| Ngaran binomial | |
| Stachyris grammiceps | |
Tepus (Stachyris grammiceps) nyaéta spesies manuk nu asalna tina kulawarga Timaliidae, genus Stachyris.[2] Pituin/éndemik ti daérah Jawa Barat, awakna leutik panjangna ngan 15 cm, hirup di pigunungan, tara katempo hirup di tempat nu perenahna sahandapeun ti 800 mdpl.[3]Hirupna ngabubuhan (kelompok) tapi henteu loba, dina satangkal ngan aya sababaraha sayang manuk tepus baé.[4]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Ciri mandiri manuk tepus ditempo tina buluna, palebah harigu/dada bodas, bulu luhureun pamatukna hideung, palebah pipi jeung sisi beuteungna hawuk.[4] Kumisna totol-totol hideung, jangjang sarta buntutna coklat herang kawas tambaga, beuheung, gado, harigu, jeung beuteung tengahna bodas.[4] Hihideung panon (iris) dikuliringan ku kelir beureum, pamatuk sarta cékérna hideung.[4] Karesepna dina tantangkalan nu teupati luhur, bari aclog-aclogan nyiar hakaneun.[3]Ieu manuk sok ngahakan gegeremet, simeut, jeung sajabana, hirupna di leuweung, pasir, jeung gawir.[3] Nyebar di daérah nu perenahna 900 m luhureun beungeut cai laut (dpl).[3] Manuk tepus baheula loba kapanggih hirup di Gunung Halimun, Jawa Barat.[4] Kiwari mah ieu manuk geus arang langka kapanggih hiber malahan kawasna méh tumpur.[4]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ BirdLife International (2012). "Stachyris grammiceps". IUCN Red List of Threatened Species. Version 2012.1. International Union for Conservation of Nature. Diaksés tanggal 16 July 2012.
- ↑ B. Kurniawan, Bayu Pratama, Eric (2002). Terrestrial Ecoregions of the Indo-Pacific: A Conservation Assessment. Washington: Island Press. ISBN 9781559639231. Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda
<<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name. - 1 2 3 4 Kordinasi Survey dan Pemetaan Nasional, Badan (2001). Atlas flora dan fauna Indonesia. Jakarta: Grasindo. ISBN 9789796953738.
- 1 2 3 4 5 6 B. Kurniawan, Bayu Pratama, M. (2010). Mengenal Hewan & Tumbuhan Asli Indonesia. Jakarta: Cikal Aksara. ISBN 9786028526173.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- IUCN Red List near threatened species
- Artikel anu maké mikropormat 'spésiés'
- Artikel taxobox leungit taxonbar
- Galat CS1: parameter tidak didukung
- Pranala Commons ditentukan secara lokal
- Manuk
- Aves
- Sasatoan
- Sasatoan Sunda
- Manuk Asia Tenggara
- Manuk Indonésia
- Sasatoan Indonésia
- Passeriformes
- Halaman dengan kesalahan referensi