Lompat ke isi

Titik Bulao Puseur

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Titik Biru Pucat)
Titik Biru Pucat

Titik Bulao Puseur (Pale Blue Dot) nyaéta poto planét Bumi anu dicokot tanggal 14 Pébruari 1990 ku wahana antariksa Voyager I ti jarak kira-kira 6 milyar kilométer (3,7 milyar mil, atanapi 40 SA), salaku bagian tina runtuyan potrét kulawarga Tata Surya.

Dina éta poto, ukuran Bumi ngan sakitar satengah piksel (0,12 piksel); Bumi katempo salaku titik leutik pisan di tengah rubakna ruang angkasa, di antara garis cahaya panonpoé anu bias ku optik kaméra.[1] Voyager I, nu kakara rengsé misi utamana sarta rék ninggalkeun tata surya, diparéntahkeun ku NASA pikeun muterkeun kamérana sarta nyokot poto Bumi ti kajauhan, numutkeun paménta ti astronom jeung panulis Carl Sagan.[2]

Kasang tukang

[édit | édit sumber]
Wahana luar angkasa Voyager 1

Dina bulan Séptémber 1977, NASA ngaluncurkeun Voyager 1, hiji wahana antariksa robotik beuratna 722 kilogram pikeun nalungtik bagian luar Tata Surya sarta tuluy neruskeun ka ruang antarbintang. Sanggeus ngaliwatan sistem Jupiter taun 1979 jeung sistem Saturnus taun 1980, misi utamana diumumkeun réngsé dina bulan Nopémber taun anu sarua. Voyager 1 jadi wahana kahiji anu nyadiakeun gambar-gambar jéntré tina dua planét panggedéna jeung satelit-satelit utamana.[3][4]

Wahana ieu terus ngalaju dina kecepatan kurang leuwih 64.000 km/jam, ngajadikeun éta benda buatan manusa nu pangjauhna ti Bumi sarta nu pangheulana kaluar ti Tata Surya.[5] Misinya dipanjangkeun sarta masih lumangsung nepi ka ayeuna, kalayan tujuan nalungtik wates Tata Surya, kaasup sabuk Kuiper, heliosfer, jeung ruang antarbintang. Sanggeus jalan 48 taun, 2 bulan, jeung 6 poé (per 13 Nopémber 2025), Voyager 1 masih narima parentah jeung ngirimkeun data ka Deep Space Network.[6]

Voyager 1 ti awalna diperkirakeun bakal jalan nepi ka papasan jeung Saturnus wungkul. Nalika ngaliwatan planét éta dina 1980, Carl Sagan ngusulkeun supaya wahana éta nyokot hiji poto terakhir Bumi. Anjeunna nyaho yén fotona moal miboga nilai ilmiah gedé sabab Bumi bakal kacida leutikna, tapi éta gambar bisa masihan sudut pandang anu penting ngeunaan tempat urang di jagat raya.

Sanajan loba anggota tim Voyager satuju kana usulan éta, aya kasieun yén nyokot poto Bumi nu deukeut ka Panonpoé bisa ngaruksak sistem kaméra nu teu bisa dibenerkeun. Usulan Sagan kakara dilaksanakeun dina taun 1989, tapi kalibrasi instrumen nyababkeun tunda deui, sarta sababaraha pagawé nu biasa ngirimkeun parentah radio ka Voyager 1 geus dialihkeun atawa dileupaskeun. Tungtungna, Administrator NASA Richard Truly turun tangan pikeun mastikeun yén poto éta ahirna dicokot.[7][8]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "A Pale Blue Dot". The Planetary Society (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-11-23.
  2. "FETTSS:". fettss.arc.nasa.gov (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-11-23. Archived 2014-12-18 di Wayback Machine
  3. "PDS Mission Profile". starbrite.jpl.nasa.gov. Diaksés tanggal 2025-11-23. Archived 2011-07-21 di Wayback Machine
  4. "WebCite query result". www.webcitation.org. Diaksés tanggal 2025-11-23.
  5. "The Prescott Courier - Google News Archive Search". news.google.com. Diaksés tanggal 2025-11-23.
  6. published, Dale Anderson. "An Earthly View of Mars". Space (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-11-23.
  7. "The Prescott Courier - Google News Archive Search". news.google.com. Diaksés tanggal 2025-11-23.
  8. Greenfieldboyce, Nell (2010-02-12). "An Alien View Of Earth". NPR (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-11-23.