Tjilik Riwut
| Tjilik Riwut | |
|---|---|
| Potret resmi, c. 1950/1960-an. | |
| Gubernur Kalimantan Tengah ka-2 | |
| Masa jabatan 30 Juni 1958 – Februari 1967 | |
| Présidén | Soekarno |
| Wakil Gubernur | Reinout Sylvanus (1961–1967) |
| Saméméhna | R.T.A. Milono |
| Sanggeusna | Reinout Sylvanus |
| Bupati Kotawaringin Wétan ka-1 | |
| Masa jabatan 1950–1957 | |
| Présidén | Soekarno |
| Saméméhna | Teu aya saméméhna |
| Sanggeusna | Muchran Ali |
| Katerangan lian | |
| Gumelar | 2 Februari 1918 Kasongan, Afdeeling Dajaklandeen, Zuider en Oosterafdeeling van Borneo, Hindia Belanda |
| Pupus | 17 Agustus 1987 (yuswa 69) Banjarmasin, Kalimantan Selatan, Indonesia |
| Kabangsaan | Indonesia |
| Pameget/istri | Clementine Suparti |
| Murangkalih | 5 |
| Alma mater | Akademi Angkatan Udara (1945) |
Anakletus Tjilik Riwut (EYD: Cilik Riwut) (2 Pébruari 1918 – 17 Agustus 1987) nyaéta salah saurang Pahlawan Nasional Indonésia jeung Gubernur Kalimantan Tengah kadua ti taun 1958 nepi 1967.[1] Anjeunna ogé ngagaduhan pangkat terakhir Marsekal Pertama TNI.[2]
Tjilik Riwut nyaéta salah saurang putra Dayak ti Suku Dayak Ngaju nu jadi anggota Komite Nasional Indonesia Pusat (KNIP). Lalampahan jeng parjoanganana ngaleuwihan watas-watas kasukuan sangkan jadi salah saurang pajoang bangsa. Manéhna ditetapkeun jadi Pahlawan Nasional dumasar SK Presiden RI No. 108/TK/Taun 1998 dina tanggal 6 Nopémber 1998. Panetapan éta mangrupakeun wujud panghargaan jeung parjoangan dina masa kamerdékaan jeung pangabdianana dina ngawangun wilayah Kalimantan Tengah.[3]
Kahirupan awal
[édit | édit sumber]Tjilik Riwut sakola SD di Sekolah Rakyat (Volkschool) nu dikokolakeun ku zending di Kasongan. Saatos lulus taun 1930, anjeunna dicandak ku Pendéta Sehrel ka Pulo Jawa jeung ngalanjutkeun sakola di Sekolah Perawat Taman Dewasa di Yogyakarta. Anjeunna ngaréngsékeun sakola taun 1933.
Dina taun 1933-1936, anjeunna ngiluan sakola (kursus) perawat di Purwakarta jeung Bandung. Mulai ti taun 1936, anjeunna ogé ngilu aub di dunia jurnalistik nepi jadi Redaktur Majalah Soeara Pakat (Suara Rakyat) taun 1940-1941. Majalah Soeara Pakat diterbitkeun ku Pakat Dajak, nyaéta organisasi kaum muda Dayak di parantauan nu basisna daérah. Salian éta, Tjilik Riwut ogé jadi réspondén Harian Pembangunan di bawah pimpinan Sanusi Pane. Anjeunna ogé jadi koréspondén Harian Pemandangan.[4]
Lalampahan di bidang jurnalisme éta disalurkan ku cara nulis sababaraha buku ngeunaan Kalimantan Tengah, di antarana nyaéta Makanan Dayak (1948), Sejarah Kalimantan (1952), Kalimantan Memanggil (1958), Memperkenalkan Kalimantan Tengah dan Pembangunan Kota Palangka Raya (1962), Manaser Panatau Tatu Hiang (1965), jeung Kalimantan Membangun (1979).[2]
Parjoangan
[édit | édit sumber]Dina akhir taun 1945 atawa saatos Proklamasi Kemerdekaan Republik Indonesia, Tjilik Riwut salaku anggota TNI ogé ngilu aub barjoang ngalawan panjajah. Dina pas éta, tentara Sekutu anu tugasna ngalepas tentara Jepang secara bertahap nyerahkeun kakuasaanana atas ngaran Indonésia ka NICA.
Gubernur Kalimantan pas waktu éta, Ir Pangeran Muhammad Noor anu keur di Yogyakarta, ngumpulkeun nonoman Kalimantan nu aya di Jawa sangkan ngabentuk badan parjuangan. Pembentukan ieu miboga tujuan keur ngarebut Kalimantan ti leungeun NICA. Tjilik Riwut dina waktu éta atos ngagaduhan pangkat mayor kapilih jadi salah saurang komandan pasukan nu ngaranna Pasukan MN 1001. Pasukan ieu miboga arti Pasukan Muhammad Noor nu ngagaduhan sarébu hiji akal atawa jalan kanggo ngaacapai kemerdekaan Pulo Kalimantan.
Pasukan MN 1001 ngalaksanakeun ékspédisi ka wilayah Kalimantan keur ngagalang simpati masarakat sangkan ngalawan tantara NICA. Pas balik ka Kalimantan, Pasukan MN 1001 dibagi jadi dua rombongan anu dipimpin ku Tjilik Riwut dan Husin Hamzah. Rombongan Tjilik Riwut nyasar ke jero daérah Kalimantan Tengah jeng rombongan Husin Hamzah ka wilayah Kalimantan Kidul.[2]
Dina tanggal 17 Désémber 1946, Tjilik Riwut ngalakukeun Sumpah Setia sareung genep nonoman Dayak nu ngawakilan 142 Suku Dayak ka Pamaréntah Républik Indonésia di Gedung Agung Yogyakarta. Sumpah éta dilalajoan ku Présiden jeung Wakil Présiden Républik Indonésia, para menteri, jeung gubernur. Pada 17 Oktober 1947, Tjilik Riwut ngilu aub dina Operasi Penerjunan Pasukan Payung Pertama dina sejarah Angkatan Bersenjata Republik Indonesia. Pasukan Payung ti MN 1001/AURI ieu dipimpin ku Letnan Muda Iskandar, Letnan Muda M. Dachlan, jeung Letnan J. Bitak.
Sanajan teu ngilu aub, Tjilik Riwut miboga peran salaku panunjuk jalan dina operasi nu ngalibatkeun 14 jelema itu. Aranjeunna indit ka Kotawaringin, ngajak warga satempat kanggo ngilu gerilya. Momen éta diperingati salaku Hari Lahir Pasukan Khusus TNI-AU.
Dina poé Senén tanggal 17 Agustus 1987, Tjilik Riwut tilar dunya dina yuswa 69 tahun saatos dirawat di Rumah Sakit Suaka Insan lantaran panyakit liver atawa hépatitis. Anjeunna dimakamkeun di Makam Pahlawan Sanaman Lampang, Palangka Raya, Kalimantan Tengah. Anjeunna menang gelar "Anak Nyaru Hapatar Batu Antang Liang Habalau Kilat Mangkalewu Bukit Baru." Ngaran Tjilik Riwut ayena diabadikeun jadi ngaran hiji bandara nyaéta Bandar Udara Tjilik Riwut jeung jalan utama di Palangka Raya.[5]
Karya
[édit | édit sumber]Tjilik Riwut aktip nulis, karya-karyana antara lain nyaéta:[5]
- Makanan Dayak (1948)
- Sejarah Kalimantan (1952)
- Kalimantan Memanggil (1958)
- Memperkenalkan Kalimantan Tengah dan Pembangunan Kota Palangka Raya (1962)
- Manaser Panatau Tatu Hiang (1965)
- Kalimantan Membangun (1979)
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Heryansyah, Tedy Rizkha; Team, Ruangguru Tech. "5 Fakta Tjilik Riwut, Tokoh Dayak yang Membangun Kalimantan Tengah". Belajar Gratis di Rumah Kapan Pun! | Blog Ruangguru (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-11-09.
- 1 2 3 Liputan6.com. "2 Februari 1918: Lahirnya Tjilik Riwut, Eks Gubernur Kalteng Sekaligus Pahlawan Nasional Indonesia". liputan6.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09. Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)
- ↑ https://rri.co.id/wawancara/1459809/mengenal-tjilik-riwut-pahlawan-nasional-dari-kalimantan
- ↑ Tetalogi. "7 Fakta Tjilik Riwut, Pahlawan Nasional dari Dayak yang Menjadi Sosok di Balik Bergabungnya Kalimantan dengan Indonesia". Boombastis (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-11-09.
- 1 2 Media, Kompas Cyber (2022-03-14). "Biografi dan Perjuangan Tjilik Riwut, Pahlawan Nasional dan Gubernur Pertama Kalteng Halaman all - Kompas.com". KOMPAS.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-11-09.
- CS1 sumber berbahasa Inggris Amerika (en-us)
- Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list
- CS1 sumber berbahasa Indonesia (id)
- CS1 sumber berbahasa Inggris (en)
- Pages using flagicon template with unknown parameters
- Pahlawan nasional Indonésia
- Nu babar taun 1918
- Nu pupus taun 1987
- Inohong Indonésia
- Inohong Dayak